Back to the item overview
GUNUNG PAMUNGGAHAN

GUNUNG PAMUNGGAHAN

Gunung-Gunung Penting di Lebet Kitab Suci: Jilid 9

Dora Beck


Table of Contents

GUNUNG PAMUNGGAHAN

GUNUNG PAMUNGGAHAN

Kami teh anu ngahundangkeun jeung anu ngahirupkeun. Anu percaya ka Kami tangtu bakal hirup sanajan geus maot; jeung sing saha anu hirup sarta percaya ka Kami, salalaswasna moal paeh. Kumaha, maneh percaya kana hal ieu?(John 11:25,26)

(Yohanes 11:25,26)

Mangga talungtik ayat apalan di luhur, catet dina manah, teras seratkeun dina kertas tilu kali.

Panginten saderek gaduh baraya atanapi rerencangan anu hoyong kenging buku alit sarupi kieu. Wartosan aranjeunna kangge nyerat serat langsung ka simkuring. Simkuring bade ngintunan salah sahiji buku alit tina untuyan buku-buku alit perkawis gunung-gunung parenting di lebet Alkitab.

Murid-murid Al-Masih aruningaeun yen Gustina leres parantos maot di kai palang sareng parantos nyalamaetkeun umat manusa tina bebendon Allah. Pangiring Al-Masih oge patepang sareng Al-Masih sababaraha kali saparantos gugah-Na tinu maot. Nalika murid-murid karempel kalayan panto dikaroncian lantaran sieun ku tantara pamarentah anu milarian murid Al-Masih dumadakan Al-Masih ngadeg di tengah-tengah aranjeunna. Lajeng Al-Masih ngiatkeun murid-murid-Na supados percanten yen mantenna teh jumeneng sareng leres-leres aya di tengah-tengah aranjeunna.

Naon anu karandapan ku murid-murid?

Murid-murid ngaraos bagja sawaktos aranjeunna ningal sareng ngartos yen Gusti aranjeunna jumeneng. Aranjeunna miharep sangkan Al-Masih tiasa ngadegkeun karajaan Allah di dunya. Aranjeunna teu ngartos yen Gustina teu nyiapkeun karajaan di dunya ieu tapi ngadegkeun karajaan rohani di sawarga. Tapi sateuacan karajaan ieu tiasa ngadeg, Al-Masih marentahkeun murid-murid-Na kangge ngawula ka Gusti kangge ngabewarakeun kasalametan ka tatanggi-tatanggina sareng ka manusa sakuliah dunya.

Karajaan naon anu bade diadegkeun ku Al-Masih kangge murid-murid-Na?

Murid-murid ngiring Al-Masih salami tilu taun. Aranjeunna parantos seueur ningal mujijat sareng waktos Gusti ngadamangkeun seueur jalmi tina rupi-rupi panyawat. Aranjeunna parantos uninga waktos Mantenna dipalang sareng gugah deui tinu maot.

Ku karana alesan ieu, Al-Masih ngadawuh ka aranjeunna: “Maraneh kudu jadi saksi Kami.” Aranjeunna gaduh hak istimewa kangge ngawartosan sadaya jalmi naon anu parantos ditingal sareng diangu ku aranjeunna ti Gusti Kumanten.

Kunaon murid-murid tiasa janten saksi Gusti?

Al-Masih uninga kasieun anu karandapan ku murid-murid-Na. Ku karana kitu Mantenna ngajangjikeun ngintunan panglipur sareng pangaping anu ngiatkeun nyaeta Roh Suci, Roh Allah anu bakal tumetep sareng ngiatkeun aranjeunna kangge ngawawarkeun bewara kasukkan perkawis kasalametan ka unggal jalmi.

Al-Masih miharep sadaya murid-Na dikiatkeun ku Roh Suci kangge nyumponan rarancang-Na kualesan ieu Mantenna ngadawuh, “Sakabeh kawasa di sawarga jeung di bumi geus dipasrahkeun ka Kami. Ku sabab eta maraneh kudu iang, kabeh bangsa kudu dijadikeun murid Kami sarta kudu dipermandikeun kalawan jenengan Rama, Putra, jeung Roh Suci. Jaba ti eta, maranehna teh kudu diwurukkan sina ngalampahkeun sagala rupa hal anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh.”

Al-Masih masihan tanggel waler anu ageung ka murid-murid-Na. Aranjeunna teu tiasa nyumponan hal-hal eta ku kakiatan nyalira. Tapi aranjeunna diyakinkeun upami Roh Suci dongkap, Roh Suci sanes sakadar nyarengan wungkul tapi oge aya dilebet manah. Sarta Al-Masih jangji, “Kami teh terus ngareujeungan ka maranehna, tepi ka ahir jaman.”

Naon jangji Al-Masih kangge ka murid-murid-Na?

Saparantos ngedalkeun jangji-Na, Al-Masih nyandak murid-murid-Na ti Yerusalem ka Kidron, ngalangkungan Getsemani. Teras rombongan teh ngajugjug ka gunung Jaitun anu dipinuhan ku tangkal-tangkal Jaitun.

Murid-murid apal pisan kana jalan nu dilangkungan teh, da Guruna sering pisan nyandak ka patempatan eta. Tapi murid-murid can sadar yen ayeuna teh mangrupikeun panuntungan leleumpangan ka jalan eta jeung Guruna?

Naon nami gunung anu dijugjug ku murid-murid sareng Al-Masih?

Sawaktos aranjeunna dugi ka luhur gunung Jaitun Al-Masih nyarioskeun ucapan paturaytineung ka murid-murid-Na, kumargi Mantenna bade munggah ka sawarga. Mantenna ngabentangkeun panangan-Na ka murid-murid-Na ku berkah Putra Allah. Teras aya kajantenan anu aheng, Al-Masih lalaunan munggah kasawarga dipayuneun murid-murid-Na teras raib di awan-awan, murid-murid-Na teu tiasa ningal Mantenna deui.

Dimana Al-Masih munggah ka sawarga?

Murid-murid ngarandeg teras neuteup ka tempat di mana Al-Masih munggah, aranjeunna teu ngartos sadayana naon anu kajantenan teh, tapi ieu mangrupikeun panyumponan tina naon anu kantos ku Al-Masih dicarioskeun, “Saestuna, Kami teh ti Rama, datang ka dunya, sarta ayeuna rek ninggalkeun ieu dunya, mulang deui ka Rama.” (Yahya 16:28).

Murid-murid sakedik-sakedik ngartos yen Al-Masih mulih ka sawarga sareng linggih di tengeneun Allah.

Di mana linggih Al-Masih di sawarga teh?

Nalika rasul-rasul nareuteup ka langit, jol jleg aya nu nantung duaan deukeut ka aranjeunna anggoanana barodas, tuluy ngalahir, “Keur naraon narangtung diieu taranggah ka langit, urang Galilea? Al-Masih anu dicandak ka sawarga teh angke bakal sumping deui, sakumaha anu bieu katarenjo ku mataneh keur munggahna ka sawarga.”

Saha anu nyarios sareng murid-murid saparantos Al-Masih munggah?”

Al-Masih tangtos bade sumping deui kangge urang. Panginten saderek naros iraha Mantenna bade sumping deui? Teu aya anu terang iraha saleresna. Panginten Mantenna bade sumping deui ayeuna, enjing atanapi taun-taun kapayun. Mung Allah anu terang iraha Putra-Na sumping deui.

Tapi sawaktos Mantenna sumping sadaya umat manusa bakal ningal Mantenna. Saha bae nu nyaah sareng percanten ka Mantenna bakal ngaraos bagja. Tapi saha bae anu teu percanten ka Mantenna bakal ngalaman kasieun kumargi terang yen pangadilan teh sakedap dieu. Dina dinten eta moal aya pangampura kangge jalmi anu nampik kasalametan ti Al-Masih anu tos disayogikeun kangge aranjeunna

Iraha Al-Masih sumping ka dunya ieu?

Murid-murid kacida atohna sawaktos aranjeunna ngadangu kecap-kecap sae anu dicarioskeun ku dua malaikat, aranjeunna muji ka Allah dilebet manahna. Aranjeunna ngartos yen Al-Masih teh jumeneng, linggih ditengeneun Rama-Na, sareng ngadoakeun aranjeunna. Mantenna moal ngantep murid-murid-Na. Aranjeunna lungsur ti gunung jaitun pinuh ku kasukaan uih deui ka Yerusalem. Naha saderek pinuh ku kabungahan kumargi Al-Masih jumeneng, sareng Mantenna uninga nami saderek sareng merhatoskeun saderek?

Pangartos naon anu ditampi ku murid-murid dugi ka aranjeunna ngaraos bungah?

Murid-murid kempel di Yerusalem ngantosan Al-Masih kangge nyumponan jangji sareng ngintun kawasa Roh Suci ka aranjeunna. Aranjeunna unggal dinten lebet ka bait Suci ngamulyakeun Allah anu Maha Kawasa kangge sagala rupi anu tos dipintonkeun ku mantenna ka aranjeunna kujalaran kahirupan Al-Masih.

Di mana murid-murid ngantosan Roh Suci?

Patarosan

Simkuring bade masihan sababaraha patarosan anu tiasa diwaler

  1. Naon anu karandapan ku murid-murid?

  2. Karajaan naon anu bade diadegkeun ku Al-Masih kangge murid-murid-Na?

  3. Kunaon murid-murid tiasa janten saksi Al-Masih?

  4. Naon jangji Al-Masih kangge ka murid-murid-Na?

  5. Naon nami gunung anu dijugjug ku murid-murid sareng Al-Masih?

  6. Dimana Al-Masih munggah ka sawarga?

  7. Di mana Al-Masih linggih di sawarga teh?

  8. Saha anu nyarios sareng murid-murid saparantos Al-Masih munggah?”

  9. Iraha Al-Masih bade sumpingna deui teh?

  10. Pangartos naon anu ditampi ku murid-murid dugi ka aranjeunna ngaraos bagja?

  11. Di mana murid-murid ngantosan Roh Suci?

Mangga kintunkeun waleran saderek ka alamat simkuring. Emut kangge nyerat alamat kalawan jentre.


Call of Hope,
P.O.Box 100827,
D-70007,
Stuttgart,
Germany