Wilujeng sumping disitus Suara Pengharapan

Situs SP didamel sareng diusahakeun ku jalmi jalmi anu percanten tujuannana supados nulungan sareng ngarojong unggal jalmi anu maos sareng neuleuman Alkitab.

Kanggo nyumponan perkawis ieu, redaksi nawiskeun literature, carita Alkitab, acara radio sareng musik rohani.

Layanan ieu sanes wae dina bahasa ingris, oge dina bahasa Arab, Prancis, bahasa Indonesia sareng bahasa Jawa. Kapayunna Kami bade nambihan materi materi anu enggal dina bahasa lain..

Kami nawiskeun rupi rupi pelajaran anu aya patula patalina dina lebet kaimanan sareng Alkitab.

Situs ieu di damel kanggo singsahawae anu milarian pangajaran saleres leresna teu ngabentenkeun yuswa, agami, budaya, istri atanapi pameget, upami anjeun aya anu ditaroskeun atanapi aya saran, redaksi nampi kalayan bingah serat anjeun nganggo e-mail atanapi pos.

Kami neneda supados Gusti Pangeran nganggo situs ieu supados tiasa ngawaler rupi rupi patarosan nu aya, sareng supados anjeun lungkung ngartos saha Kangjeng Isa teh.

Tim Suara Pengharapan