Back to the item overview
GUNUNG KASALAMETAN

GUNUNG KASALAMETAN

Gunung-Gunung Penting di Lebet Kitab Suci: Jilid 8

Dora Beck


Table of Contents

Gunung Kasalametan

Gunung Kasalametan

Dua rebu taun kapengker, Pilatus, gupenur bangsa Rum di Palestina sareng Yerusalem; satuju kana kahayang ulama sareng pingpinan agama Yahudi kangge ngahukum pati ka Al-Masih. Pilatus nyalira teu mendakan kalepatan Al-Masih. Pilatus nyalira teu mendakan kalepatan Al-Masih. Pilatus ngumbah panangan di payuneun umat Israel kangge nganyatakeun yen anjeunna teu tanggel waler kana hukuman ieu. Pilatus sieun pisan ka masyarakat nu kacida arambeukna, komo ari ku pamingpin agama anu paranatik mah. Pilatus pasrah kana kahayang aranjeunna, ngaragrag keun hukuman ka Al-Masih.

Naon anu ku Al-Masih tos dilakonan dugi ka hukuman pati?

Mantenna parantos nyageurkeun nu teu damang, ngabeuntakeun nu lolong, ngaleumpangkeun nu lumpuh, ngagugahkeun nu maot, ngawawarkeun kaasih Gusti ka unggal jami. Al-Masih midamel sadayana tara miharep pamulangtarima, tapi mung ku krana kakawasan rohani sareng kaasih anu katampi ku Mantenna ti Rama-Na di sawarga. Mantenna nampi pujian sareng ditampi ku masyarakat, tapi pamingpin agama di nagri eta kacida ambek sareng sirik pidik ka Mantenna.

Kumargi sadaya jamaahnya nuturkeun Al-Masih! Para pamingpin agama hayang maehan Al-Masih saenggalna, dugi aranjeunna ting gorowok, “Salibkeun, Salibkeun!”

Kahayang pamingpin agama diturutkeun. Tantara-tantara Rum manggulkeun kai palang nu beurat dina pundah Al-Masih nu geutihan saparantos dipecutan ku aranjeunna. Al-Masih digiring ngaliwatan jalan leutik ka Golgota. Seueur jalmi anu nuturkeun Anjeunna sapanjang jalan. Gunung Golgota ayana di luar tempbok anu ngurilingan Yerusalem, tempat di mana biasana nu jahat jadug dihukum pati.

Seueur istri anu nuturkeun kana iring-iringan ieu, kacida sarediheunna, manglebarkeun jalmi anu sakitu bageurna. Al-Masih ngalieuk ka eta istri-istri teras nyarios,”Ulah careurik, istri-istri Yerusalem! Ulah nyeungceurikan kami, anggur kudu nyeungceurikan diri sorangan jeung anak maraneh.”

Kalimah eta teh sanes kangge istri nu narangis wungkul tapi oge kangge urang sadaya, sabab upami urang nampik Al-Masih, bebendon Allah bakal tumiba ka urang.

Manggul kai palang beurat karaos bangbaluh anu abot kangge Al-Masih nu parantos seepeun tanaga, Hiji jalmi urang Kirena ngaranna Simon anu tos ti tegalan rek ka kota, ku serdadu-serdadu dicerek, tuluy dipaksa kudu manggul palang pungkureun Al-Masih.

Saparantos iring-iringan eta dugi ka hiji tempat anu disebat “Bukit Tangkorak,” serdadu-serdadu teh ngasongan anggur haseum anu dicampur ku hamperu anu maksadna teh kangge ngirangan kanyeri Al-Masih, tapi ditampik ku Al-Masih. Mantenna hoyong nyampurnakeun pangersa Allah kalayan kasadaran pinuh sareng masihkeun hirup-na kangge nyalametkeun umat manusa.

Saparantos kitu serdadu-serdadu eta teh makukeun Al-Masih dina kai palang. Dua panjahat sami-sami disalibkeun sareng Al-Masih, anu hiji dipalih katuhu Al-Masih anu saurang deui dipalih kencaeun Al-Masih. Janten nubuatan teh parantos kacumponan: “Anjeunna geus ihlas ngurbankeun nyawa nalangan hukuman jalma doraka.” (Yesaya 53:12)

Serdadu-serdadu anu nyalibkeun Al-Masih ngabagikeun anggoan Al-Masih kangge dilotrekeun. Jubah Al-Masih diamelna tina salambar lawon tinun, ampir sami sareng jubah imam kapala. Pok aranjeunna teh nyarios, “Urang teu kudu nyoekeun bajuna, meningan ge ngalotre saha nu boga milik keur baju ieu.”

Nubuatan tina Zabur parantos kacumponan; “Papakean abdi ku maranehna dibagikeun; jubah abdi dilotrekeun.” (Zabur 22:19)

Jelema-jelema anu laliwat ka dinya garogodeg tuluy ngahina ka Anjeunna, “Wah, anu rek ngaruag Bait Allah jeung rk ngadegkeunana deui di jero tilu poe! Coba turun tina eta kai palang nyalametkeun maneh!” Imam-imam kapala jeung guru-guru agama oge maroyok ka Anjeunna, pokna ka pada batur, “Ka batur sok nyalametkeun, ari nalametkeun diri-Na sorangan teu bisa.”

Tiasa wae kangge Al-Masih lungsur tina kai palang kangge ngabuktoskeun yen mantenna teh leres-leres Putra Allah. Mung kaasih-Na nu kacida ageungna ka urang netepkeun Mantenna di kai palang. Mantenna kacida nalangsarana nadangan hinaan, poyokan ti jalmi-jalmi anu dipikaasih-Na. mantenna ngalaman katalangsaraan siksaan ku karna pangersa-Na kangge nyalametkeun urang sareng kangge ngawangun jambatan di antawis Allah sareng manungsa anu midamel dosa.

Mantenna parantos ngabewarakeun ka murid-muridNa anu ayeunna parantos dicumponan, anu kieu saur-Na, “Kami teh jalan, kayaktian jeung kahirupan; moal aya saurang oge anu bisa ka Rama lamun teu ngaliwatan kami.” Ku alesan ieu, Mantenna teu lungsur tina kai palang; sabalikna Mantenna neneda ka Rama-na nu di sawarga, “Duh Ama, mugi dihapunten ieu jalmi-jalmi, margi kieuna teh lantaran maranehna teu terang.” Saleresna Al-Masih parantos ngaraketkeun hubungan umat manusa sareng ku jalaran panebusan dina pupus-Na.

Salah saurang panjahat anu dihukum sasarengan sareng Mantenna oge moyok ka Isa, pokna, “Maneh teh Al-Masih? Tulungan atuh diri teh, jeung dewek atuh sakalian!”

Tapi disentak ku baturna, pokna, “Ari maneh teu sieun ka Allah? Lain sarua dihukum? Urang dihukum oge pantes satimpal jeung kalakuan; ari Anjeunna mah euweuh dosana!” Geus kitu ngalengis ka Al-Masih, “Nun Al-Masih, sing emut ka abdi upami parantos jumeneng Raja!”

Nu dihukum kai palang teh, panjahat anu tobat tos ngartos tina dawuhan Al-Masih di kai palang nyaeta sadaya umat manusa teh bakal binasa sareng pinuhku dosa. Teu aya hiji-hiji acan anu bener, mung Allah. Teu aya saurang oge anu tiasa nyalametkeun jalmi dosa, mung Al-Masih, kumargi Mantenna anu nampi bebendon Allah anu saleresna kangge umat manusa sareng ngagentoskeun urang pupus dina kai palang.

Panjahat ieu ngaraos kana kawasa Al-Masih anu kacida ageungna, dugi kekecapanana ka Al-Masih tiasa dihartoskeun mangrupikeun pangangkenan sagala rupi kajahatanana.

Ku jalaran kitu, Al-Masih ngabenerkeun anjeunna teras ngaweler, “Sing percaya! Poe ieu maneh bakal reureujeungan jeung kami di Pirdus.”

Maryam, Ibu Al-Masih, sareng sababaraha istri anu diamangkeun ku Al-Masih ngarandeg caket kai palang. Di dinya oge aya Yayha, murid panganomna anu dipikaasih ku Al-Masih. Al-Masih ningali ka Maryam jeung Yayha, tuluy ngalahir ka Maryam, “Ibu, eta teh putra Ibu!” supados Maryam dilipur tina kasedihna. Ngalahir deui ka eta murid “Eta teh indung hidep!” Ti harita ibuna Al-Masih ku eta murid diangken indung, dibawa ka imahna.

Panonpoe ujug-ujug reup poek sakurilingna nepi ka tabuh tilu sore. Jelema-jelema alundur sarieuneun, ngarasa aya hal aneh nu kajadian. Kawasa tinu poek keur ngawasaan dunya.

Sawaktos Al-Masih dibabarkeun, wengi eta aya caang sapertos beurang, tapi sawaktos Mantenna pupus, wanci caang robih janten poek mongkleng lir peuting.

Teras Al-Masih ngagero bedas, “Geus cacap!” teras ngalahir, “Nun Ama, ka panangan Ama, Abdi masrahkeun nyawa Abdi!”

Les Anjeunna pupus, muputkeun sukma.

Bareng jeung pupus-Na, reregan Bait Allah bedah dua ti luhur ka handap. Bumi ngariyeg, batu-batu karang bareulah, kuburan-kuburan maruka, umat Allah anu geus paraeh harudang deui, kalaluar tina kuburanana. Kapala pasukan jeung serdadu-serdadu jaga, ngarasakeun lini kitu deui kajadian-kajadian sejenna, kacida sarieuneunana, sarta ngaromong kieu, “Saestuna eta jelema teh Putra Allah!” Kapala pasukan ieu sadar saha Al-Masih saestuna. Urang oge kedah ngartos sareng percanten supados ngalaman kasalametan kangge urang nyalira nu disayogikeun kangge urang ku Al-Masih di kai palang.

Naha saderek terang yen aya jurang lega anu misahkeun urang sareng Nu Maha Suci nya eta maot anu langgeng. Moal aya jalmi anu tiasa ditampi ku Allah ku jalaran amal manusa. Eta jurang moal bisa dipeuntasan ku jalan nyeueurken kurban, puasa salami-lami, minuhan parentah Allah sareng nyanggakeun seueur paneda. Sadayana teu cekap.

Noan atuh jambatan anu tiasa ngahubungkeun pamisah antawis Allah sareng umat manusa teh?

Dina ngawangun jambatan anu biasa dianggo meuntasan walungan oge peryogi seueur biaya. Biayana gumantung kana panjang jeung luhurna jambatan sarta lebarna jurang.

Jambatan Allah kacida hargaanana kumargi meuntasan jurang anu lega. Sanes ku perak atanapi emas, tapi Allah ngersakeun kangge ngalaman maot anu nimpah Putra Tunggal-Na. Tapi ayeuna, sahabae anu ngangken dosa-dosana sareng neneda pangampura, bakal dibenerkeun ku Al-Masih, anu nyababkeun urang tiasa sumping ka payuneun Rama.

Partarosan

Simkuring bade masihan sababaraha patarosan anu tiasa diwaler, kintunkeun waleranana ka alamat simkuring, tangtos saderek bade dikintun buku alit anu sanesna.

  1. Kunaon imam kapala sareng ahli-ahli agama bet keukeuh rek nyalibkeun Al-Masih?

  2. Naha margina Pilatus nyebatkeun Al-Masih teu lepat sawaktos anjeunna ngaragragkeun hukum pati?

  3. Kunaon Al-Masih ngantep jelema-jelema anu moyokan Mantenna?

  4. Naha leres Al-Masih maot?

  5. Saha nu janten jambatan antawis Allah sareng manusa?

Simkiring kacida bingahna upami saderek tiasa ngintunkeun ka simkuring alamat saderek kalawan jentre.


Call of Hope
P.O.Box 100827
D-70007
Stuttgart
Germany