Back to the item overview
GUNUNG KAMULYAAN

GUNUNG KAMULYAAN

Gunung-Gunung Penting di Lebet Kitab Suci: Jilid 7

Dora Beck


Table of Contents

Gunung Kamulyaan

Gunung Kamulyaan

Upami saderek resep kana buku alit ieu, saderek tiasa masihkeun ka rerencangan saderek supados anjeunna oge tiasa maos perkawis kajantenan anu aheng ieu.

Ayeuna simkuring bade nyeratkeun ayat konci dina cariosan ieu kangge diapalkeun. Seratkeun ayat eta tilu kali supados gampil kangge saderek ngapalkeunana.

“Tah ieu teh Putra Kami, kaasih Kami, anu kamanah ku Kami. Masing ngagugu ka Anjeunna.”

(Mateus 17:5)

Ka dua belas murid ngiring Al-Masih siang wengi ngadangu piwulang-Na. Namung aranjeunna teu ngartos kana kaayaan nu saestu Al-Masih, sareng maksad kasumpingana-Na.

Ku sabab eta Al-Masih ngabeberkeun ka aranjeunna yen Anjeunna kedah nandangan katalangsaraan, Imam kapala sareng bala tangtara Rum bakal nyiksa Anjeunna dugi ka maotna, tapi Anjeunna bakal gugah tinu maraot saparantos tilu dinten. Murid-murid-Na kacida reuwasna sawaktos ngadangu cariosan Al-Masih, kumargi dina emutan aranjeunna Al-Masih mangrupikeun Raja anu bakal ngadegkeun Karajaan Allah diunya.

Naon anu teu tiasa dipikahartos ku murid-murid perkawis Al-Masih?

Genep dinten saparantosna, Al-Masih milih tilu urang ti antawis murid-murid-Na nyaeta Petrus, Yakub, sareng Yahya teras ngajak aranjeunna ka luhur gunung kangge nyanggakeun paneda sasarengan.

Sawaktos aranjeunna dugi ka luhur gunung, murid-murid Al-Masih ngaraos cape dugi ka les kasarean. Mung Al-Masih nyarios sareng Rama di sawarga di lebet paneda.

Aya maksad naon Al-Masih munggah ka gunung?

Sawaktos Al-Masih neneda ka Allah, Anjeunna robih wujud. Raray-Na cahayaan sapertos panon poe, anggoana-Na sabodas cahya. Anggoana-Na langkung bodas tibatan salju, langkung mencrang tibatan kain bodas beunang ngalantang.

Kamulyaana-Na, anu saleresna parantos aya di lebet dirina sateuacan jenten manusa, sawaktos Anjeunna sasarengan Allah disawarga, katingal deui.

Kunaon robihna wujud Al-Masih sanes mangrupikeun hal anu aneh kangge Anjeunna?

Breh dua nabi, Musa sareng Elias, ngadeg digigireun Al-Masih, cumarios sareng Anjeunna, sami pinuh ku cahaya moncorong. Naon bae anu dicarioskeun ku nu tiluan teh kacida mani pentingna.

Injil netelakeun yen nu dicarioskeun teh perkawis katalangsaraan sareng dinten maotna Al-Masih. Hal anu teu tiasa kahartos ku pamikiran manusa.

Al-Masih, bebeneran anu sajati, kedah maot kangge dosa urang supados urang janten bener dipayuneun Allah sareng kangge ngabebaskeun urang tina pangadilan nu langgeng. Nabi Musa sareng Nabi Elias nyarios sareng Al-Masih perkawis hal digantung-Na Al-Masih. Anjeunna mangrupikeun cukang lantaran damayna Allah sareng manusa.

Kunaon Allah ngintun Nabi Musa sareng Nabi Elias nyumpingan Al-Masih?.



“Disangka ku urang mah sangsarana teh
lantaran dihukum ku Allah.
Sihoreng keur nalangan urang!
Da saenyana mah urang anu kuduna
nandang lara jeungnnyeri teh.
Pang anjeunna taratu teh, ku karana dosa urang.
Anjeunna pada ngarangketan, ku karana kajahatan urang.
Anjeunna nandangan hukuman,
sangkan urang disalametkeun,
anjeunna raraheut, sangkan urang dicageurkeun.”
(Yesaya 53:4-5)

Katilu murid Al-Masih garugah tina sarena, arolohok waktos ningal cahaya anu ngauban Al-Masih. Al-Masih nembongkeun ka murid-murid-Na kamulyaana-Na sareng malar ningali kaayaan suci di sawarga anu pinuh ku kaasih, kamurahan, sareng kaendahanana.

Kajantenan ieu ngalipur aranjeunna kangge ngaleupaskeun kasedihan anu nyorang sawaktos ngadangu perkawis katalangsaraan sareng pupusna Al-Masih nu baris tumiba.

Naon anu janten panglipur murid-murid Al-Masih dina mayunan kasedihanana?

Nalika Petrus ninggal kamulyaan sawarga anu ngauban Al-Masih, anjeunna hoyong tumetep di dinya salalamina. Anjeunna teu kersa mung cicing bae, oge teu kersa mung janten nu lalajo wungkul, anjeunna nyarios, “Rabi, abdi-abdi ngaraos begjana di dieu teh. Saena mah, urang ngadegkeun saung tilu, hiji kangge Jungjunan, hiji kangge Nabi Musa, hiji deui kangge Nabi Elias.”

Kumaha numutkeun saderek? Naha saderek oge bade ngaraos sapertos Petrus upami ngalaman kajantenan sapertos kitu?

Kunaon Petrus hoyong ngadamel tilu saung?

Petrus teu sadar naon anu diucapkeunana. Nalika anjeunna cumarios, nyadadak mega anu moncorong caang ngauban aranjeunna dugi ka teu tiasa ningal nanaon. Katilu murid teh kacida geumpurna mani nyorodcod. Ngadak-ngadak kadangu aya suanten ti sawarga, “Tah ieu Putra Kami anu pinili. Kudu anut ka Anjeunna.”

Waktos eta, murid-murid nembe uninga saha saleresna Al-Masih teh. Allah sacara pribadi langsung parantos nganyatakeun kamulyaan Putra Tunggal-Na. Aranjeunna aruninga yen Dawuhan Gusti teh mangrupikeun bebeneran.

Naha saderek terang kunaon mega ti sawarga ngauban murid-murid Al-Masih?

Sawaktos Al-Masih ningal rasa kasieun di murid-murid-Na, Anjeunna nyaketan, ngusapan murid-murid-Na kalayan pinuh ku kanyaah, teras nyarios: “Hudang. Tong sieun.”

Kasauran Al-Masih nyegerkeun sareng ngiatkeun murid-murid-Na. Aranjeunna ngaradeg teras neuteup ka Gustina, sawaktos aranjeunna tanggah, tapi teu ningali sasaha, mung aya Al-Masih.

Kunaon murid-murid-Na tiasa ngaradeg?

Al-Masih ngadeg di payuneun murid-murid anu ting polohok sapertos hiji jalmi anu anyar papendak. Kamulyaan anu nembe katingal teh tos sirna deui. Kaayaan sakurilingeun aranjeunna kacida simpena sareng tengtremna. Aranjeunna neuteup ka Al-Masih mani helok, sadar yen Al-Masih teh leres mangrupikeun Putra Tunggal Allah anu jirimna manusa.

Naon anu katinggal ku murid-murid Al-Masih saparantos sadar?

Jesus and His disciples, still full of the experience of His transfiguration, made their way down the mountain toward the valley where the other nine disciples were waiting for them.

Al-Masih sareng murid-murid-Na, pinuh keneh ku pangalaman robihna raray Al-Masih, teras marudun ti gunung dimana ka salapan murid sanesna nuju ngarantosan. Sawaktos marapah marudun, Al-Masih ngadawuh, “Tetenjoan maraneh tadi ulah dicaritakeun ka saha-saha, nepi ka waktos Putra Manusa hudang deui ti nu maraot .”

Naon anu dicaritakeun ku murid-murid saparantos gugah-Na Al-Masih tinu maraot?

Saparantos gugah-Na Al-Masih tinu maraot sareng mintonkeun diri ka murid-murid-Na, aranjeunna kedah mulasara jasmani sarta rohani-Na sareng emut kana kamuyaan Al-Masih sawaktos digunung tempat Anjeunna robih wujud. Saparantos Al-Masih mulih ka sawarga, murid-murid ngawawarkeun beja yen Al-Masih teh Gusti Jungjunan. Di lebet Al-Masih aya kapinuhan kailahian Allah. Saha bae nu percanten ka Anjeunna bakal nampi hirup anu langgeng.

Bewara naon anu diwawarkeun ku murid-murid saparantos gugah-Na Al-Masih tinu maraot?

Patarosan

Simkuring miharep saderek tiasa ngawaler patarosan-patarosan dina buku ieu. Kintunkeun waleran saderek ka simkuring, engke ku simkuring bade dikintunan buku alit anu sanesna.

  1. Aya maksad naon Al-Masih munggah ka gunung?

  2. Kunaon Allah ngintun Nabi Musa sareng Nabi Elias kangge nepangan Al-Masih?

  3. Naon anu janten panglipur murid-murid Al-Masih dina mayunan kasedihanana?

  4. Kunaon Petrus hoyong ngadamel tilu saung?

  5. Naha saderek terang, kunaon mega ti sawarga ngauban murid-murid Al-Masih?

  6. Kunaon murid-murid-Na tiasa ngaradeg?

  7. Naon anu dicaritakeun ku murid-murid saparantos gugah-Na Al-Masih tinu maraot?

Ayeuna, saatos saderek ngaos carios, “Gunung Kamulyaan,” saderek tangtos uninga nami tilu murid Al-Masih anu sasarengan sareng Anjeunna ka gunung. Saha wae eta teh :

  1. Pe___________________________________________________________

  2. Ya___________________________________________________________

  3. Ya___________________________________________________________

Mangga waler patarosan ieu, saha ti antawis tiluanana anu panganomna?

Mangga kintunkeun waleran saderek ka alamat simkuring. Emut kangge nyerat alamat saderek kalawan eces jentre.


Call of Hope
P.O.Box 100827 
D-70007 
Stuttgart 
Germany