Back to the item overview
GUNUNG PANGAJARAN

GUNUNG PANGAJARAN

Gunung- Gunung Penting di Lebet Kitab Suci: Jilid 6

Dora Beck


Table of Contents

GUNUNG PANGAJARAN

GUNUNG PANGAJARAN

Al-Masih sareng murid-murid-Na ngajugjug ti hiji tempat ka tempat sejen. Aranjeunna mapah ti hiji kampung ka pakampungan lianna di sakuliah nagri. Al-Masih ngawulang di tempat kempelan perkawis kaasih Allah. Al-Masih ngadamangkeun sadaya jalma-jalma teu damang anu sumping ka Anjeunna.

Al-Masih kersa nyandak umat manusa di lebet hubungan sareng Rama-Na di Sawarga. Seuer nu kempel hoyong ppapendak sareng Al-Masih. Aranjeunna hoyong ngadangu Al-masih sareng diamangkeun. Aranjeunna ngingiring Al-Masih kaman wae Al-Masih angkat.

Kunaon Al-Masih ulah alih ti hiji tempat ka tempat sejen?

Sawaktos Al-Masih ningal jalma-jalma nu ngiring, Al-Masih munggah ka gunung, calik, sareng diriungku murid-murid-Na nu dua belas uragn tea. Al-Masih teras ngawulang perkawis rusiah kabagjaan anu sajati: “Bagja jelema anu ngarasa jiwana miskin, sarta ngaharep ngan ka Allah wungkul; Karajaan Sawarga teh eukeurna!”

Allah ngaberkahan sadaya jalmi anu masrahkeun kaagulan sareng ngangkeun kabalangsakan di lebet kahirupan rohani. Urang kudu hirup rendah hate di lebet pangersa Allah. Upami urang miceun kaadigungan urang di payuneun Allah, ti dinya urang tiasa nampi ramat Allah dibukakeun kangge urang.

Saha nu ku Al-Masih disebat bagja?

Teras Al-Masih ngalajengkeun piwulangna, “Bagja jelema anu sedih prihatin, ku Allah bakal dilipur!”

Tangtos Al-Masih tiasa ningali kasesah sababaraha jalmi dina waktos harita. Seueur anu sirna kasuka sareng pangharepan kahirupan. Teras Al-Masih nyarios ka maranehna, “Diberkahan maraneh! Aya harepan kangge maraneh!”

Leres pisan, kacida diberkahanana maranehna teh, ku sabab Al-Masih aya dipihakna. Allah nyalira nu kersa nentremkeun maranehna. Allah panentrem nu sajati. Ku karana iman, urang dikiatkeun kangge nanggung kasesah baris sabar, miharep ka Allahna.

Naon sababna urang tiasa kiat dina kasesah?

Jalmi-jalmi ngadangu Dawuhan Al-Masih sawaktos Mantenna nyarios “Bagja jelema nu rendah hate, bakal narima sagala anu dijangjikeun ku Allah!”

Tangtos diantawis anu ngadangu gaduh anggapan nu sabalikna nyaeta nu boga kakawasaan sareng kakayaan eta nu bakal ngawasa ieu dunya teh. Panginten hal kitu aya leresna, tapi jalmi sapertos kitu moal aya kabagjaan kumargi teu aya kadamayan Allah di lebet manahna. Katurunanana moal aman. Di ahir jaman dunya ieu bakal ngabuktoskeun yen nu rendah hate bae nu bakal nampi sagala nu dijangjikeun ku Allah. Al-Masih mangrupikeun buktosna, ku sabab Mantenna leres-leres handap asor.

Kumaha jalmi anu hirupna rendah hate?

Al-Masih netelakeun kumaha sangkan janten jalmi anu bagja. Anjeunna nyarios, “Bagja jelema anu kacida hayangna kana ngalampahkeun pangersa-pangersa Allah, ku Allah bakal disugemakeun!”

Kaseueuran jalmi hirupna nyumputkeun dosa, tapi tebih di jero manahna aya rasa hanaang sareng lapar kana hal bebeneran sareng miharep pangampura ti Allah. Saha bae nu sumping ka payeneun Al-Masih sareng ngangken dosa-dosana ka Anjeunna bakal nampi pangampura sareng disucikeun. Kabagjaan nu langgeng ti Allah bakal minuhan manahna

Kedah kumaha urang supados tiasa disucikeun sareng nampi kabagjaan di jero manah urang?

Al-Masih neraskeun, cariosna, “Bagja jelema anu karunyaan, ku Allah bakal dipikawelas.”

Saha bae nu ngalaman pangampura tina dosa-dosana ku karana kaasih ti Allah bakal diaping kangge tiasa mikaasih ka musuh-musuhna. Al-Masih bakal ngalebur manah nu pinuh kukamirahan upami urang nyuhunkeun ka Anjeunna. Anjeunna masihan ka urang kawasa kangge ngelehkeun diri sorangan dugi ka gaduh rasa mikanyaah ka batur.

Saha nu maparin rasa mikanyaah diunya ieu?

Saparantos kitu Al-Masih nyarios ka murid-murid-Na perkawis hal nu kacida saena: “Begja jelema anu hatena mulus beresih, sabab bakal wawuh ka Allah!”

Naha saderek hoyong wawuh ka Allah nu di sawarga? Kumaha manah saderek ayeuna? Naha manah saderek beresih?

Mangga urang nyuhunkeun ka Allah kangge meresihan manah urang sareng nyucikeun pamikiran urang supados ulah aya nu bisa misahkeun urang ti anjeunna, salajengna urang bakal tiasa ningal Allah ku soca urang di lebet kamulyaana-Na dina waktos anu moal lami deui.

Saha nu tiasa wawuh ka Allah?

Ka saha deui Al-Masih nyebatkeun bagja? Anjeunna nyarios, “Bagja jelema anu resep ngupayakeun karukunan, ku Allah bakal diangken putra.”

Kahirupan urang sadiinten bakal pinuh ku suka bungah upami kadamayan ti Allah minuhan sareng tumetep di lebet manah urang; sawaktos kadamayana-Na marentah di lebet kulawarga urang; sareng tatanggi oge tinangtos runtut raut sauyunan; oge sawaktos kadamayana-Na nyebar di sakuliah nagri.

Hayu urang nyoba milari jalan dina nyadarkeun jalmi anu silih mikangena. Gusti urang teh Allah Damay. Upami Roh-Na anu damay nuyun manah urang, hartosna urng teh putra-putra-Na.

Naon nu kedah dilakonan supados aya kadamayan di padumukan urang?

Al-Masih oge netelakeun sing saha bae nu ngabewarakeun kadamayan di antawis rerencangan bakal dipikangewa. Lajeng Al-Masih ngadawuh, “Bagja jelema anu dikaniaya ku sabab ngalakonan pangersa Allah, Karajaan Sawarga teh eukeurna!”

Upami aya jalmi nu mikangewa ka urang, urang kedah tumaros ka diri sorangan naon alesanana. Naha urang lepat dina sikep sareng omongan urang? Upami leres, geura sumpingan enggal nyuhunkeun dihampura, tangtos kadamayan bakal aya deui.

Tapi upami saderek dihukum kulantaran ngalakonan Dawuhan Allah, sing tetep bungah kulantaran Allah sasarengan sareng saderek.

Kedah kumaha sikep urang upami urang dipikangewa kulantaran Allah?

Al-Masih nyarios kadua kalina kangge jalmi nu dipikangewa ku karana Al-Masih: Bagja maraneh lamun dihina-hina, diteungteuinganan, diomongkeun jeung digogoreng dumeh anut ka Kami … sabab geus aya piganjaraneunana anu gede disawarga.”

Urang moal genah upami batur nyinggung sareng ngahina urang, sabab urang mikaasih ka Al-Masih. Upami urang nyanghareupan kasesah urang kedah emut yen sagala kasesah teh aya tungtungna. Urang bakal hirup sareng Allah, Rama urang, disawarga salalamina.

Tangtos saderek kantos maca Pa’ul dibaledogan, diteunggeulan, jaba dipoyok dihina kulantaran anjeunna percanten ka Al-Masih. Tapi sawios nampi kasesah ieu, anjeunna ngiatkeun jalmi percanten, saurna; “Sing suka bungah di lebet Gusti; ceuk kami, sing suka bungah!”

Kunaon urang ngagaduhan hak kangge suka bungah dilebet kasesahan?

“Bagja jelema anu ngarasa jiwana miskin, sarta ngaharep ngan ka Allah wungkul; Karajaan Sawarga teh eukeurna!”


“Bagja jelema anu sedih prihatin, ku Allah bakal dilipur!”

“Bagja jelema nu rendah hate, bakal narima sagala anu dijangjikeun ku Allah!” 

“Bagja jelema anu kacida hayangna kana ngalampahkeun pangersa-pangersa Allah, ku Allah bakal disugemakeun!”

Bagja jelema anu karunyaan, ku Allah bakal dipikawelas.”

“Begja jelema anu hatena mulus beresih, sabab bakal wawuh ka Allah!”

“Bagja jelema anu resep ngupayakeun karukunan, ku Allah bakal diangken putra.”

“Bagja jelema anu dikaniaya ku sabab ngalakonan pangersa Allah, Karajaan Sawarga teh eukeurna!”

Dina pangajarana-Na di gunung Al-Masih oge nyarios, “Maraneh diunya teh minangka uyah.” Urang teh kedah janten uyah kangge wargi-wargi urang saperti raosna uyah. Upami saderek nyampurkeun uyah dina tuangeun, pasti tuangeun teh janten raos. Allah mikahoyong urang nyandak pangaruh kangge tatanggi urang. Sapertos halna uyah mngaruhan kana tuangeun kitu oge cariosan sareng laku lampah urang kedah mangaruhan tatanggi urang.

Kumaha uyah tiasa mangaruhan tuangeun?

Cobian ku para saderek: candak hiji mangkok nu pinuh ku cai teras lebetan endog. Saderek bakal ningal endog teh titeuleum dina dasar mangkok. Saparantos kitu lebetkeun uyah kana cai. Dina waktos uyahna kacampur sareng cai, endog teh bakal ngambang dina cai. Saderek tiasa ningal yen uyah teh ngagaduhan kamampuhan kangge ngambangkeun endog. Hal ieu ngajentrekeun cariosan Al-Masih yen sing saha nu miasih ka Isa tiasa ngangkat aranjeunna ka Allah baris ngadoakeun sareng nerapkeun conto eta dina laku lampah urang.

Kumaha kedahna sikep urang dina ngawulaan saderek lianna, upami janten uyah kangge dunya ieu?

Al-Masih ngaringkeskeun piwulangna perkawis sikep ku cariosan parentah: maraneh diunya teh minangka caang.” Isa mikahoyong, urang nyaangan sakuriling urang ku caang anu asalnya tina kaasih-Na.

Tapi kahiji urang kedah nampi Isa sacara pribadi. Anjeunna uninga sakumaha ageungna kaasih urang ka Anjeunna. Anjeunna kersa masihan kakiatan ka urang upami urang nyayogikeun waktu kangge ngadoa sareng ngaos Dawuhana-Na.

Al-Masih nyaur urang supados hirup caang tur bisa ngelehkeun dosa sareng kangewa. Diberkahan jalmi-jalmi anu tiasa janten caang dina dunya nu poek, nyaangan tempat anu parantos disayogikeun ku Allah.

Kumaha saderek tiasa janten caang kangge sakuriling saderek?

Ulangan

Eusian titik-titik dihandap ieu ku kecap-kecap anu cocog sareng cariosan Al-Masih:

Ulangan

  1. Bagja __________________________________, kangge jalma ____________ ___________________________________________Karajaan Sawarga.

  2. Bagja __________________________________, bakal narima ______________________________________________________________.

  3. Bagja __________________________________, bakal narima______________________________________________________________.

  4. Bagja __________________________________, bakal narima______________________________________________________________.

  5. Bagja jelema nu karunyaan, ku Allah bakal______________________________________________________________.

  6. Bagja jelema ___________________________________________________ Ku Allah bakal _________________________________________________

  7. Bagja jelema ___________________________________________________ ku Allah bakal __________________________________________________

  8. Bagja jelema anu ________________________________________________ bakal narima ____________________________________________________

  9. Bagja maraneh lamun ____________________________________________ _____________________________________________ dumeh anut ka Kami.

Patarosan

Saparantosna ngaos buku alit ieu, saderek tangtos tiasa ngaweler patarosan-patarosan anu aya dihandap ieu:

  1. 1. Kunaon Isa ulah alih ti hiji tempat ka tempat sejen?

  2. Saha nu ku Al-Masih disebat bagja?

  3. Naon sababna urang tiasa kiat dina kasesah?

  4. Kumaha jalmi anu hirupna rendah hate?

  5. Kedah kumaha urang supados tiasa disucikeun sareng nampi kabagjaan di jero manah urang?

  6. Saha nu maparin rasa mikanyaah diunya ieu?

  7. Saha nu tiasa wawuh ka Allah?

  8. Naon nu kedah dilakonan supados aya kadamayan di padumukan urang?

  9. Kedah kumaha sikep urang upami urang dipikangewa kulantaran Allah?

  10. Kunaon urang ngagaduhan hak kangge suka bungah dilebet kasesahan?

  11. Kumaha uyah tiasa mangaruhan tuangeun?

  12. Kumaha kedahna sikep urang dina ngawulaan saderek lianna, upami janten uyah kangge dunya ieu?

  13. Kumaha saderek tiasa janten caang kangge sakuriling saderek?

Mangga kintunkeun waleran saderek ka alamat simkuring. Emut kangge nyerat alamat saderek kalawan jentre.


Call of Hope
P.O.Box 100827
D-70007
Stuttgart
Germany