Back to the item overview
GUNUNG DODOJA

GUNUNG DODOJA

Gunung-Gunung Penting di Lebet Kitab Suci: Jilid 5

Dora Beck


Table of Contents

GUNUNG DODOJA

GUNUNG DODOJA

MANUSIA MOAL BISA HIRUP KU ROTI WUNGKUL, TAPI KU SATIAP DAWUHAN GUSTI

Lukas 4:4

Allah nuyun Al-Masih ka gurun keusik nu pinuh ku babatuan sareng keusik. Teu aya tatangkalan hiji-hiji acan. Teu aya tempat kangge ngiuhan tina panasna panon poe.

Al-Masih nyalira, teu aya batur balakecrakan. Jaba di dinyana teh sanes sadinten bae, tapi 40 dinten. Bantal sareng tempat kulemna mung batu teuas.

Teu aya hiji-hiji acan rorompok kangge panyalindungan tina sasatoan galak. Teu aya tuangeun sareng leueuteun. Kunaon Allah nyandak Al-Masih ka tempat sapertos kitu sareng naon anu kedah dilakonan ku Al-masi di dinya?

Sabaraha dinten Al-Masih linggih di gurun keusik?

Allah nujun Al-Masih ka gurun keusik kangge dioja ku iblis. Kunaon Al-Masih kedah dioja? Al-Masih kedah ngabuktoskeun yen Mantenna suci, sumping ti Allah sareng teu aya hiji-hiji acan anu tiasa ngadoja Mantenna.

Iblis ngagaduhan kawasa kangge nyandak seueur jalmi ka pihakna. Saprak Adam sareng Hawa ragrag kana dosa, sadayaumat manusa disasabkeun ku Iblis. Sadayana sasab tina jalan ka Allah. Tapi Allah nu mirah manah parantos ngintun Al-Masih anu kacida nyaahna ka urang, kangge nyalametkeun urang tina kawasa Iblis. Iblis ngadoja sangkan Al-Masih midamel dosa sareng teu taat ka Allah. Tapi sadaya pangdojana gagal sabab Al-Masih tos ditangtoskeun ku Allah kangge nyalametkeun umat manusa sareng ngelehkeun kawasa Iblis.


Kunaon Iblis ngadoja ka Al-Masih?
Naon maksad Allah nujun Al-Masih ka gurun keusik kangge dioja?

Iblis kacida licikna sareng loba akalna. Manehna teu ngadoja Al-Masih dina dinten kahiji. Manehna ngantos dugi ka dinten ka opat puluh di mana Al-Masih ngaraos hanaang sareng lalungse da parantos opat puluh dinten teu mendak tuangeun saren leueuteun. Ceuk Iblis ka Al-Masih, “Lamun nyata Anjeun Putra Allah, eta batu piwarang jadi roti.”

Kunaon Iblis ngantosan dugi ka dinten ka opat puluh kangge ngadoja Al-Masih?

Sanaos al-Masih tiasa midamel mujijat sapertos kitu sareng mujijat-mujijat lianna, Al-Masih teu kersa narik umat manusa, sok sanajan Anjeunna tiasa ngobah batu janten roti.

Al-Masih teu ngalakonan patitah Iblis, tapi Anjeunna ngadangu sareng taat kana pangersa Allah, Rama-Na nu di sawarga. Kangge Al-Masih, dawuhan Allah mangrupikeun tuangeun sadiinten. Ku jalaran Dawuhan Allah eta, Al-Masih kening kakitan sareng kawijaksanaan unggal dinten.

Ku sabab eta, Al-Masih ngajawab ka Iblis, ”Ceuk Kitab Suci, 'Hirup manusa teu cukup ku roti wungkul, tapi ku sabab Dawuhan Allah.'”

Ka saha Al-Masih taat?

Iblis teu taluk ku kagagalanana nu kahiji. Manehna nyoba deui kadua kalina bade ngadoja Al-Masih. Iblis mawa Al-Masih ka Yerusalem tuluy dicandak ka punclak Bait Allah. Ti dinya Al-Masih tiasa ningal kaendahan kota suci. Di payuneuna-Na aya gunung Jaitun nu ngaluhuran lebak Kadrun.

Kunaon Iblis teu taluk dina ngadoja Al-Masih?

Basa Al-Masih ngadeg di luhur tembok, Iblis nyarios ka Al-Masih, “Lamun nyata Anjeun Putra Allah, coba tuturubun ngaragragkeun maneh; sabab ceuk Kitab: 'Allah baris nimbalan para malaikat sina nyanggap Salira, supados ulah kantos tigasruk kana batu,'”

Urang tiasa ningal kumaha Iblis nyoba bade nipu ka Al-Masih! Malahan mah ngagunakeun Dawuhan Allah kangge ngajongklokkeun Al-Masih tina jalan Allah. Iblis salawasna ngalawan Allah, ku cara ngagunakeun Dawuhan Allah nu diputerbalikeun hartosna. Iblis teh susuganan Al-Masih kersa ngadangu manehna sangkan tuntungna bakal katipu.

Kunaon Iblis ngadoja Al-Masih ngagunakeun ayat-ayat tina Kitab Suci?

Al-Masih teu kersa kekengingan seueur murid ku karana mintonkeun mujijat ageung tapi pangersa-Na tetep handap asor sareng hoyong ngobah murid-murid-Na ku kahirupana-Na sareng maot-Na. Al-Masih ngartos yen Iblis nyoba nipu ka Anjeunna kadua kalina tapi Al-Masih teu nyumponan kahayang Iblis. Al-Masih ngawaler, “Ceuk Kitab Suci, 'Maneh ulah ngadoja ka Pangeran Allah maneh,'”

Ieu hiji-hijina pakarang urang kangge ngelehkeun Iblis upami manehna ngadoja urang kangge ngalakonan dosa. Urang kedah nyanghareupan manehna bari nyarios, “Tos kaserat,”teras manehna bakal dielehkeun tangtu bakal ninggalkeun urang.

Naon pakarang urang kangge ngelehkeun Iblis?

Ceuk Kitab Suci,

“Maneh ulah ngadoja ka Pangeran Allah maneh,”

Iblis nyoba ku sagala cara ngarah Al-Masih migawe dosa. Iblis nyoba ngadoja Al-masih ka tilu kalina bari mawa Anjeunna ka hiji gunung anu luhur. Manehna mintonkeun ka Al-Masih sagala karajaan di dunya; gunung-gunung, pasir, leuweung-leuweung, situ-situ, walungan-walungan jeung pasawahan. Iblis oge mintonkeun sagala rajakaya, kamulyaan sareng kawasa dunya, sangkan Al-Masih kabengbat ku kakayaan, kamulyaan, sareng kahormatan.

Ieu katilu kalina Iblis nyoba ngadoja Al-Masih.

Naon saleresna kahayang Iblis dina dojaan anu katilu?

Saparantos Al-Masih ningal sagala kaagrengan dunya, Iblis malik nana ka Al-Masih, “Eta sagala kakawasaan jeung kabeungharan ku kaula rek diserenkeun ka Anjeun, sabab kabeh geus dipasrahkeun ka kaula. Eta kabeh baris kapimilik ku Anjeun, asal Anjeun nyembah ka kaula.”

Tawaran anu kacida pikabitaeunana, tapi kacida beuratna. Naha mungkin Al-Masih kersa nyembah ka Iblis? Al-Masih sumping kangge nyalametkeun umat manusa tina kungkungan Iblis. Ayeuna Iblis nyoba ngadoja mangaruhan Al-Masih, susuganan Anjeunna taluk ka musuh Allah.

Naha Al-Masih langkung hoyong kaagrengan dunya atanapi ngalakonan Dawuhan Allah?

Al-Masih teu kabitaeun ku kaagrengan sareng kawasa dunya. Al-Masih langkung bagja janten jalmi sangsara anu handap asor tapi dipinuhan ku kawasa Allah sareng ngalayanan nu diumasaran ku kaasih sareng kayaktiana-Na. Anjeunna nampik kana tawisan Iblis sarta ngawaler, “Kudu nyembah teh ka Pangeran Allah. Mantenna nu wajib dibakti!”

Sawaktos Al-Masih marentahkeun, Iblis kudu nyingkah ti dinya waktu harita keneh. Urang ngaos dina Kitab Suci, “Ti dinya si Iblis undur.” Al-Masih langkung kawasa tibatan Iblis, Anjeunna unggul salalamina.

Saha nu unggul dina dojaan nu katilu?

Saparantos sadaya pangdojana, Iblis nyingkah ti eta patempatan, geus kitu sarumping malaikat ngalalayanan ka Al-Masih. Allah uninga yen Al-Masih peryogi kakiatan kulantaran tos lami teu tuang sareng parantos nyanghareupan Iblis. Allah ngintunkeun para malaikat kangge ngiatkeun Al-Masih sareng ngayakinkeun Anjeunna kana kamanunggalana-Na sareng Allah.

Urang moal dipohonkeun sareng diantep pahatu lalis ku Allah dina masalah urang sareng cocobi. Al-Masih masihan ka urang kakiatan kangge unggul dina nyanghareupan tipuan ti Iblis. Upami urang nyanghareupan Iblis disarengan ku Dawuhan Gusti, manehna bakal nyingkah di payuneun urang. Ku karana kitu, penting kangge urang ngapalkeun Dawuhan Gusti dugi ka katalar.

Naha kantos saderek mayunan cocobi dimana Allah ngiatkeun urang supados teu sumerah ka si Iblis?

Patarosan

Mangga saderek ngawaler patarosan anu aya di handap ieu sing jelas. Kintunkeun waleranana ka simkuring, simkuring bade ngintun saderek buku anu salajengna.

  1. Sabaraha dinten Al-Masih linggih di gurun pasir?

  2. Kunaon Iblis ngadoja ka Al-Masih? Naon maksad Allah nujun Al-Masih ka gurun keusik kangge dioja?

  3. Kunaon Iblis ngantosan dugi ka dinten ka opat puluh kangge ngadija Al-Masih?

  4. Ka saha saleresna Al-Masih taat?

  5. Kunaon Iblis teu takluk dina ngadoja Al-Masih?

  6. Kunaon Iblis ngadoja Al-Masih ngagunakeun ayat-ayat tina Kitab Suci?

  7. Naon pakarang urang kangge ngelehkeun Iblis?

  8. Naon saleresna kahayang Iblis dina dojaan anu katilu?

  9. Naha Al-Masih langkung hoyong kaagrengan dunya atanapi ngalakonan Dawuhan Allah?

  10. Saha nu unggul dina dojaan anu katilu?

  11. Naha kantos saderek mayunan cocobi dimana Allah ngiatkeun urang supados teu sumerah ka si Iblis?

Mangga kintunkeun ka simkuring perkawis ieu, ka alamat:


Call of Hope
P.O.Box 100827
D-70007
Stuttgart
Germany