Back to the item overview
GUNUNG KAPUTUSAN

GUNUNG KAPUTUSAN

Gunung-Gunung Penting di Lebet Kitab Suci: Jilid 4

Dora Beck


Table of Contents

Gunung Kaputusan

Gunung Kaputusan

Ngapalkeun ayat seueur gunana. Mangga ku saderek apalkeun ayat di handap ieu:

Mugi Ngamakbul, Nun Pangeran, Mugi Ngamakbul, Supados Ieu Jalmi-Jalmi Tarerangeun Yen Gusti Teh Pangeran, Allah.

(I Raja-raja 18:37)

Urang ngaos di lebet Alkitab yen raja Ahab ngalakonan hal anu langkung awon dipayuneun Allah tibatan raja-raja sateucana. Raja Ahab nikah sareng Isebel, putra istri raja Etbaal raja nagri makmur nyaeta Sidon. Isebel nyembah allah-allahan anu disebat Baal. Isebel teu uninga ka Allah.

Raja Ahab ngadegkeun hiji kuil sareng ngadamel meja sesembahan di dinya kangge baal. Raja Ahab oge nyembah ka patung anu teu nyawaan rarasaan teh eta mangrupikeun Allah.

Naon nu lepat dina panyembahan Raja Ahab?

Di mangsa eta, aya hiji nabi anu namina Elias. Isebel sareng Raja Ahab ngewa ka Nabi Elias sabab anjeunna ngutuk. Ahab sareng Isebel di lebet nami Gusti kulantaran sikepna nu jahat sareng cara marentah nagarana.

Dina hiji dinten, Allah ngutus Nabi Elias ka Raja Ahab ngabejaan ka raja hukuman anu bade dilungsurkeun ku Gusti ku sabab Ahab nyembah Baal, ngajak rakyat nyembah ka allah-allahan.

Elias nyarios “Kalayan asmaning PANGERAN Allah Israil anu jumeneng, kaula nguningakeun ka raja, yen di jero dua tilu taun ieu di dieu moal turun ibun moal turun hujan, nepi ka engke upama geus aya ucap kaula deui.”

Raja Ahab bendeun teras milari Nabi Elias tina sagala baya. Gusti ngatayungan di tempat anu aman, dugi ka raja Ahab teu mendakan.

Kumaha Allah ngahukum raja Ahab sareng rakyatna?

Saparantosna tilu tahun, Gusti ngadawuh ka Nabi Elias, “Tepungan Raja Ahab. Kami rek nurunkeun hujan.” Barang ningali ka Elias, raja ngalahir, “Tah, ieu geuning maneh aya di dieu, tukang nyusahkeun di Israeil teh.”

Waler Elias, “Sanes kaula tukang nyusahkeun mah, nanging Raja ku anjeun. Raja sareng kulawargi Raja tukang nyusahkeun mah. Sang Raja ngarempak timbalan-timbalan PANGERAN, nyembah kaarca baal. Bugi Raja marentah keun ka urang Israil sina karempel ka kaula di Gunung Karmel, sareng nabi-nabi baal Gusti anu saleresna.” Teras Ahab nurutkeun naon anu dipundut ku Nabi Elias.

Sakumna nabi-nabi baal, sareng umat Israil karempel did Gunung Karmel dipayuneun Raja Ahab. Sadayana ngantosan naon anu bade dicarioskeun sareng dilakonan ku nabi Elisa.

Nabi Elias nyarios ka umat Israil, “Rek nepi kairaha aranjeun midua hate? Upama PANGERAN anu jumeneng Allah, sing narurut ka Mantenna. Upama baal anu jadi Allah, baal ditarurut! Leu kaula Nabi PANGERAN kari sorangan, nabi-nabi baal 450 urang. Coba mawa sapi ka dieu dua siki. Peuncit hiji ku nabi-nabi baal potong-potong, terus kana hurunan suluhkeun, tapi ulah waka diseuneuan. Kaula ge nya gitu rek meuncit nu hiji deui. Nabi-nabi baal kudu sasambat ka dewana, kaula rek sasambat ka PANGERAN. Sing saha paneda anu dimakbul ngintun seuneu, eta Allah leres nu jumeneng.”

Kumaha Allah bade ngawelar nabi?

Jalma-jalma keprok sarurak

Elias ngalahir ka nabi-nabi baal, “Ku sabab aranjeun lobaan, pek ti hareula meuncit sapina, petakeun sakumaha mistina, teras sasambat kadewa aranjeun menta pangdurukkeun eta suluh.” Teras nabi-nabi the meuncit sapi, dipotong-potong, bari reang sasambat ka dewana, nepi ka tengah poe, pokna, “Nun baal mugi ngaweler!” Kitu bae sateresnabari tingalajrug nguliringan padupaan jieunna. Tapi lebeng taya walonanana.

Sabaraha urang nabi baal anu reang sasambat ka dewana Baal?

Saparantos tengah poe, Nabi Elias ngalahir kamaranehna, ngabanyolan, saurna, “Tarikan sasambatna, Dewa eta the, lain? Palangsiang keur jalan-jalan! Atawa keur sare. Geuingkeun sina hudang!”

Nabi-nabi sasambatna beuki bedas, teras narurihan maneh ku peso jeung kupakaran sakumaha adatna, getihna mani baloboran. Kitu jeung kitu bae bari reang ngarocoblak nepi ka burit. Tapi lebeng teu aya walonanana, teu sora-sora acan sabab memang allahna the teu aya.

Kuanon baal teu ngawalon nabi-nabina?

Elias ngalahir ka jelma rea, “Kadarieu sing dareukeut!” lajeng mung jalma ngaromean padupaan PANGERAN anu geus runtuh. Anjeunna ngempelkeun batu dua belas siki, ngalambangkeun dua belas kaom anu make ngaran pala putra Yakub. Elias teras ngadamel solokan sakuriling padupaan, teras neundeun suluh dina luhur padupaan, meuncit sapi dipotong-potong, diteundeun kana luhur suluh. Kabeh jalma pada mikir naha Allah bade ngawaler panyambatna atanapi bade ngabetem sapertos Baal? Jalma-jalma hareraneun kunaon Nabi Elias ngadamel solokan sakuriling padupaan.

Kalayan asma saha Nabi Elias sumping ka payuneun umat Israil jeung kangge saha anjeunna ngalereskeun padupaan?

Pok Nabi Elias ngalahir, “Mawa cai ka dieu opat lodong, banjurkeun kana ieu pikurbaneun jeung suluhna.” Ku jalma-jalma ditarurut. “Deui,” saurna. Prak dibajuran deui. “Sakali deui,” saurna. Prak dibanjur deui mani cipruk. Caina tingcurulung ka sakuriling padupaan teras ngayambah minuhan solokanana

Sabaraha lodong cai anu dibahekeun kana padupaan sapertos parentah Nabi Elias?

Sanggeus nitih kana wanci cunduk kana waktu, Nabi Elias nyaketan padupaan teras neneda, “Nun PANGERAN, Allah Ibrahim, mugi nyatakeun yen sim abdi the piwarangan Gusti tur parantos neduhan sugri timbalan. Mugi ngamakbui, nun PANGERAN, supados ieu jalmi-jalmi tarerangeun yen Gusti the PANGERAN, Allah anu kersa ngahiap deui ka maranehna supados marulang deui ka Gusti.”

Gerr PANGERAN ngadatangkeun seuneu tiawang-awang, ngaduruk kana kurban, kana suluh, kana batu, taneuh ge dugi ka geheng, cai dina solokanana ka heab nepi ka saat.

Naon anu disuhunkeun ku Nabi Elias ti Allah?

Jalma-jalma bruk sarujud marebeutkeun maneh kana taneuh, bari ngarucap, “PANGERAN the estu Allah! Taya Allah lian ti PANGERAN!”

Elias marentah, “Tewak nabi-nabi baal! Ullah aya nu kabur!” Seug nabi-nabi baal the ditewakan, terasku Nabi Elias digiring, mudun ka Walungan Kison, dipaehan kabeh did dinya kulantaran nabi-nabi baal geus nyasabkeun sarta ngajauhkeun umat tina nyembah Allah nu jumeneng anu nyiptakeun bumi alam.

Naon anu dilakonan ku Nabi Elias ka nai-nabi baal? Kunaon?

Geus kitu Nabi Elias ngalahir ka Raja Ahab, “Mangga geura tuang kumargi sora hujan ageung parantos ngaguruh. Sabot Ahab rek prak tuang. Elias naek ka puncak Gunung Karmel. Di puncak brek sideku, mastakana did antara dua tekuna, Geus kitu ngalahir ka pangiring , “Cobi tingali ka laut!”

Pangiring ngadidig, ana datang deui unjukan, “Teu aya naon-naon.” Nepi ka tujuh kali dipiwarangna pulang anting ngawas-ngawas laut the. Katujuh kalina ana datang deui seug unjukan, “Nun, sumuhun jisim abdi ningal aya mega sagede leungeun jalmi unggah ti laut.”

Naon du dipiharep ku Nabi Elias dina panedana ka Allah?

Saur Elias ka pangiring, “Buru-buru ka Raja Ahab sina enggal-enggal kana kareta, geuwat mulih bilih kapegat hujan.”

Allah mirah ati ka umat-Na sareng teu nibankeun hukuman deui kusabab umatna ngangken yen Matenna the Allah nu jumeneng.

Naon nu ku umat Israil diangken? Kumaha pangankenan saderek ka Allah anu sajati?

Patarosan

Ayeuna mangga waler patarosan-patarosan nu aya did handap ieu. Serat waleran misah kertas teras kintunkeun ka simkuring. Salajengna simkuring bade ngintunkeun buku alit ka alamat saderek.

  1. Naon nu lepat dina panyembahan Raja Ahab?

  2. Kumaha Allah ngahukum raja Ahab sareng rakyatna?

  3. Naon nami gunung tempat Ahab kedah ngempelkeun umat Israil sareng nabi-nabi baal?

  4. Kumaha Allah bade ngaweler nabi-Na?

  5. Sabaraha urang nabi Baal anu reang sasambat ka dewana baal?

  6. Kunaon Baal teu ngawalon nabi-nabina?

  7. Kalayan asma saha Nabi Elias sumping ka payuneun umat Israil jeung saha anjeunna ngalereskeun padupaan?

  8. Sabaraha lodong cai anu dibahekeun kana padupaan sapertos parentah Nabi Elias?

  9. Naon anu disuhunkeun ku Nabi Elias ti Allah?

  10. Naon nu dilakonan ku Nabi Elias ka nabi-nabi baal? Kunaon?

  11. Naon nu dipiharep ku Nabi Elias dina panedana ka Allah?

  12. Naon nu ku umat Israil diangken? Kumaha pangangkenan saderek ka Allah anu sajati?

Mangga kintunkeun waleran saderek ka alamat simkuring. Emut kangge nyerat alamat saderek kalawan jentre.


Call of Hope
P.O.Box 100827
D-70007
Stuttgart
Germany