Back to the item overview
GUNUNG SAPULUH TIMBALAN

GUNUNG SAPULUH TIMBALAN

Gunung-Gunung Penting di Lebet Kitab Suci : Jilid 3

Dora Beck


The Mountain of the Ten Commandments

Eusina Perjangjian Lawas teh muser di luhur gunung Sinai, pasir garing nu pangluhur-luhurna. Pasir ieu disebat oge gunung Horeb atawa gunung Musa. Gunung Sinai luhurna teh 2700 meter. Ti pasir eta urang tiasa ningal sampalan keusik anu lega. Sampalan eta oge nyanghareupan Gunung Sinai, Musa sareng umat Israel nangtungkeun kemah saatosna ngumbara di sampalan keusik tilu bulan lamina.

Allah nangtoskeun Musa janten pamingpin umat Allah di jaman Perjanjian Lawas. Allah teras ngaping Musa kunaha carana mingpin umat Allah di jalan nu leres.

Allah sapertos nu kaserat, “Gusti nyaur ka Musa papayun-payun.” Di gunung Sinai, Allah ngadawuh ka Musa, “Kami rek datang ka maneh dina mega angkeub, rek cacarios jeung maneh, sina kadarengeeun ku jalma rea, supaya ti ayeuna maranehna palercayaeun ka maneh.”

Allah ngadawuh deuika Musa, “Bejaan jalma-jalma, poe ieu jeung saterasna kudu dipake susuci geusan ngabakti. Parentahkeun sina nyareuseuh papakean, pakeeun jaga. Jaga Kami rek lungsur ka ieu gunung Sinai, bakal katembong ju jalma rea.”

Saterasna sisi ieu gunung kudu diwatesan, teu meunang diliwatan. Omat-omatkeun supaya jalma ulah unggah ka ieu gunung, ulah deukeut-deukeut acan. Sing saha anu liwat tina eta wates kudu dipaehan. Baledongan ku batu atawa dijamparing, awakna teu meunang kacabak. Boh jalma boh sato kudu dikitukeun, misti dipaehan. Lamun geus aya tangara tarompet, kakara maranehna meunang arunggah.

Musa ngalaksanakeun saluyu sareng Dawuhan Gusti. Anjeunna nyucikeun jalma-jalma, sadayana nyareuseuhan papakeanna jeung siap keur poe pagetona tea

Dina poe katilu, wanci isuk-isuk, jalma-jalma kaluar tina kemah ngagidir sarieuneun, ningali aya kilat ngajorelat, dituturkeun ku sora gugur ngageleger. Pucunghul di luhur gunung aya mega angkeubhideung, heang aya sora tarompet tarik pisan.

Jalma-jalma ngagaleter awakna ngadegdeg sarieuneun beak karep. Sora tarompet beuki tarik, beuki tari. Musa ngarandeg ditengah-tengah umat bari nungtun ka gunung Sinai bade marek ka Allah.

Gunung Sinai buni kabulen ku haseup, sabab PAGERAN lungsur ka dinya teh dina sueneu nu hurung, haseupna meledug-mulek kawas haseup tina tungku gede. Gunung teh inggeung siga ku lini gede. Teras Allah nyaur Musa sareng marentah anjeunna naek ka gunung di mana Mantenna bade masihan Musa Sapuluh Timbalan kanggo pangaping umat-Na. Dina mangsa ayeuna sapuluh timbalan teh penting keneh kangge saha bae nu aya di ieu dunya.

Timbalan anu kahiji sareng kadua:

KAMI TEH PANGERAN ALLAH MARANEH, ULAH NGABEKTI KA AALLAHAN SALIAN TI KA KAMI.ULAH NYEMBAH ATAWA NGABAKTI KA BRAHALA.

Gusti Nu Maha Kawasa teh Allah saderek. Saderek tiasa percanten sagemblengna di lebet Mantenna. Mantenna merhatoskeun kaperluan sadiintenna saderek, perecis sapertos bapa urang di dunya. Mantenna ngaberkahan saderek ku kasehatan sareng katentreman.

Allah hoyong janten nu pangawalna sareng nu pangakhirna dina kahirupan saderek. Naha saderek langkung mikanyaah ka hiji jalmi tibatan ka Allah? Upami saderek mikahormat saurang jalmi atanapi naon bae langkung tibatan ka Allah, eta sami halna saderek teh nyembah ka allah sejen. Allah teh Gusti anu timburuan; Allah nyuhunkeun saderek sadayana mung kangge Mantenna. Sing saha bae anu nyembah ka allah lian bade dihukum sareng moal diberkahan.

Timbalan anu katilu:

ULAH NYEBUT JENENGAN KAMI GEUSAN TEU PUGUH

Timbalan ieu hartosna yen urang kedah ngecapkeun nami Allah kalayan hormat sareng teu aya maksad ngaulinkeun. Dupi saderek terang sakumaha sering jalmi ngagunakeun nami Allah ku cara lepat? Misalna saurang jalmi ngabohong. Teras upami katohiyan, nu ngabohong teh sok teras mungkir bari nyarios, “Demi Allah, urang tara ngomong atawa nglampahkeun hal kitu.” Dina conto saperti kieu, nami Allah tos diangge lepat.

Saha bae anu ngangge nami Allah keur ngabobodo batur, atanapi saha bae anu percanten kana sihir parantos midamel dosa ngalawan nu Maha Suci, kulantaran parantos ngangge nami-Na ku cara lepat.

Nyuhunkeun ka Allah supados urang teu ngangge nami-Na ku cara lepat. Mantenna nulungan urang kangge nyebat nami-Na kalayan hormat, puji, sareng ngawentarkeun kasalametan sareng kaasih-Na. Saderek bakal mendakan berkah sareng kawasa di lebet nami-Na.

Timbalan anu kaopat:

MASING GUMATI KANA POE SABAT, KUDU DISUCIKEUN SALALAWASNA

Urang maca dina Kitab suci yen saparatos Allah nyiptakeun sagalana, Mantenna ngaberkahan hiji dinten. Allah nganyatakeun yen dinten eta teh suci, kusabab dina dinten eta Mantenna rengse tina padamelana-Na.

Kacida ageungna kaasih Allah! Mantenna masihan ka urang sadinten dina unggal minggon kangge rengse tina sagala padamelan urang. Dina dinten ieu urang kedah museurkeun perhatosan urang kana cacariosan sareng padamelan anu nyukakeun Allah. Saleresna, urang kedah teras hirup sapertos kitu.

Allah mundut supados urang nyayogikeun sadinten tina saminggon kangge ngaos Dawuhana-Na, nyembah Mantenna, sareng cacarios sareng Mantenna di lebet paneda. Upami urang ngadangu Suanten Allah di lebet manah urang, teras dina emutan, cacariosan, sareng laku lampah urang disucikeun, teu mung kangge sadinten tapi dina sawatara minggon eta.

Timbalan anu kalima:

MASING HORMAT KA BAPA JEUNG KA INDUNG, SUPAYA AWET NYA HIRUP DI TANAH ANU REK DIPARINKEUN KU KAMI.

Kecap bapa jeung indung aya dua kecap anu pangdianggena dina sagala basa di dunya. Unggal jalmi nyaah kanu janten sepuh langkung ti batan sagala rupi. Aranjeunna mangrupikeun rajakaya anu teu kaetang. Sing taat sareng sing nyaah kanu janten sepuh. Allah masihan kahirupan ka urang teh sareng ngaberkahan urang nuju murangkalih keneh ku jalaran sepuh-sepuh urang. Saha bae nu uninga kana kayaktian ieu bade nyukakeun kanu janten sepuh.

Saha bae anu taat kana timbalan ieu bakal diberkahan ku Allah. Tapi sing saha bae anu teu taat kanu janten sepuh bakal dihukum. Mung upami anu janten sepuh teu terang Allah anu leres sareng ngahalangan saderek tina kapercantenan ka Al-Masih, saderek kedah langkung taat ka Allah tibatan ka manusa. Teras saderek neneda kangge nujanten sepuh supados dina hiji waktos aranjeunna uninga kana kayaktian sareng ngalaman kaasih Allah anu dipintonkeun di lebet Al-Masih. Kalima timbalan ieu mintonkeun kedah kumaha laku lampah urang ka Allah sareng ka nu janten sepuh. Timbalan sanesna ngawulang urang dina laku lampah urang diantawis tatanggi sareng jalmi sanesna.

Timbalan anu kagenap:

ULAH MAEHAN

Seueur jalmi anu teu malire kana timbalan ieu. Jalmi maehan papada jalmi sareng ambek nu dipiara ku karana kangewa atanapi timburu. Manusa nganggep anjeunna gaduh hak kangge maehan batur. Tapi Allah nyaram urang maehan batur. Memang saderek teu kantos maehan batur, saderek nganggep timbalan ieu sanes kangge saderek.

Emutan naon wae anu tos dilakukeun sareng dicarioskeun ku saderek unggal dinten. Naha saderek tara nganyeyeri batur ku cacariosan nu seukeut sareng lampah nu lepat? Upami saderek teu nulungan jalmi sangsara atanapi teu malire jalmi anu lapar, seug jalmi eta maot, sarua jeung maehan.

Hayu urang robih kalakuan urang sareng hirup sapertos di lebet Mateus 5:44,” Ka musuh ge kudu nyaah, ka nu neunteuinganan kudu ngadoakeun, supaya maraneh diangken putra ku Rama nu di sawarga.” Upami saderek ngalakonan dawuhan ieu, saderek bakal nyingkahkeun kajahatan tina manah sareng ti dunya.

Timbalan anu katujuh:

ULAH NGARANYED

Allah marentahkeun supados urang hirup aya dina kasucian. Sing saha bae anu hirupna teu aya di lebet kasucian sarta ngalakonan dosa kana diri sareng jiwana sorangan tangkos mawa kasangsaran nu ageung ka dirina sorangan.

Allah miharep pasangan caroge sareng istri anu silih pikanyaah sareng hirup sauyunan sapanjang hirupna. Alkitab ngawulang urang dina I Korinta 6:9-10,” Naha henteu terang, yen anu teu adil teh, teu aya bagainana di Karajaan Allah? Poma, ulah sasar! Nu ngaranyed, nu nyembah ka brahala, nu jinah, nu sapatemon jeung pada lalaki, moal meunang asup ka Karajaan Allah.”

Tebihan acara TV sareng majalah anu awon sareng teu paruguh. Lawan cocobi sareng latih diri saderek dina kahirupan anu mikasenang Allah. Allah tiasa nulung saderek supados hirup dilebet kasucian.

Timbalan kadalapan:

ULAH MALING

Numutkeun saderek ngabegal teh maksadna ngabegal saurang jalmi di jalan atanapi oge hartosna nyandak hiji banda susulumputan?

Allah miunjuk dianggap maling teh upami saurang jalmi nyandak kauntungan tina karugian batur. Upami tukang dagang ngical hiji barang dina harga luhur teuing, eta hartosna tukang dagang teh tos maling duit. Upami hiji padamel heunteu ngalakukeun kawajibanana balas satia basa juragana nuju taya di tempat; eta hartosna padamel ieu tos maling duit sareng waktu.

Panginten saderek nyarios,”Abdi teu salah,” Tapi upami saderek ngaku hiji hal anu sanes milik saderek, saderek kedah mulangkeunana ayeuna oge. Allah nyaram urang ngalakonan sagala hal nu aya kaitanana sareng ngabegal. Allah ngawulang ka urang supados diamel kangge kaperyogian urang, satia nulungan anu merelukeun, sareng hirup ayem tentrem sareng jalma-jalma anu aya di sakuriling urang.

Timbalan anu kasalapan:

ULAH JADI SAKSI BOHONG

Urang ngawadul anu teu pararuguh perkawis batur anu disebut mitnah tea. Nu kieu teh sok mindeng kajantenan upami urang ngewa ka saurang jalmi teras nuduh anjeunna ngalakonan hal anu teu leres eta teh pitnah.

Sakapeung mah hiji jalmi teh ngalakonan hal kitu teh ku lantaran timburu ka nu jadi babaturan. Pedah baturna teh langkung pinter, sareng beunghar tibatan anjeunna. Biasana nu kitu teh sok teras wae mitnah babaturanana nepi ka nu dipitnah teh teu dipikahormat deui ku nu sejen.

Janten ngecapkeun wadul mangrupikeun hiji kajahatan. Urang kedah nyuhunkeun ka Allah kangge nulungan urang supados nyarios mung hal-hal anu sae perihal batur sanajan eta teh musuh urang. Urang kedah teras nyarios kayaktian diumasaran ku kaasih Allah.

Hayu urang titenan timbalan anu ka sapuluh:

ULAH MIKAHAYANG IMAH BATUR; ULAH MIKAHAYANG PAMAJIKAN BATUR, ATAWA MIKAHAYANG BADEGANA, SAPINA, KALDENA, ATAWA NAON BAE SAKUR ANU JADI MILIK BATUR.

Kecap”mikahayang” hartosna, urang teh kacida pogota kana hal anu saleresna sanes hak urang. Allah marentahkeun ka urang supados heunteu nipu sasama kangge nyandak milikna. Allah oge marentahkeun urang supados teu timburu ka sasama. Allah mikahoyong urang ngucap syukur kana sagala hal anu janten milik urang. Urang kedah miharepkeun hal-hal sae kanggo anjeunna sareng deui urang kedah ngiring bungah ku jalaran kabagjaanana.

Al-Masih ngaringkes ka sapuluh timbalan ieu kana dua kalimah anu kaserat dina Mateus 22:37-39. “Masing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung akal budi. Ieu parentah anu pangutamana jeung pangpentingna. Nu kadua sarua pentingna, nya eta: masing nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.”

Panginten saderek parantos ngartos yen sapuluh timbalan Allah teh kacida pentingna kangge kahirupan urang. Tapi saleresna teu aya saurang oge anu tiasa ngalakonan sadaya timbalan ieu sabuleudna ku kakiatanana nyalira. Ku karana kitu Al-Masih lungsur ka dunya kangge nyalametkeun urang tina dosa urang sareng nulung urang dina ngiring pangersa Allah. Al-Masih parantos ngahampura sagala dosa urang sareng masrahkeun ka urang kawasana supados urang tiasa ngungkulan cocobi sareng ngalakonan sapuluh timbalan Allah kalayan satia.

“Demi Allah nu murah asih, simkuring rek mere pepeling. Sanggakeun ka Mantenna diri sakujur, nya eta pikeun jadi korban anu hirup, suci tina rereged, sarta kamanah ku Mantenna. Eta teh, lakuning ibadah ka Allah anu sajati.” (Roma 12:1)

Sim abdi miharep supados saderek kersa ngapalkeun sapuluh timbalan Allah. Saderek tiasa nyeratkeunana bari ditalar teras kintunkeun ka:

Patarosan

Ayeuna mangga ku para wargi cobi waler patarosan anu aya di handap ieu, serat waleranana dina kertas teras kintunkeun ka sim kuring. Tangtos ku simkuring, saderek dikintunan buku alit seri salajengna

  1. Naon nami gunung di mana Allah masihan Musa sapuluh timbalan?

  2. Saha anu kedah dipikaasih ku urang langkung tinu sanes?

  3. Naon wae aallahan anu lepat dina kahirupan manusa?

  4. Kumaha maksadna ngagunakeu nami Allah kalayan henteu leres?

  5. Kumaha sakedahna urang nyepeng kasucian dinten Sabat? Kumaha carana?

  6. Kumaha carana urang mikahormat kanu janten sepuh?

  7. Naon hartosna maling?

  8. Kumaha abdi tiasa ngabeja-beja pitnah perkawis sasama abdi?

  9. Timbalan mana nu ku saderek dianggep pangpentingna?

Sim kuring kacida bingahna upami tiasa nampi serat waleran ti saderek. Sing emut supados nyerat alatna sing jentre tur jelas.