Back to the item overview
GUNUNG COBIAN

GUNUNG COBIAN

Gunung-Gunung Penting di Lebet Kitab Suci Jilid 2

Dora Beck


Table of Contents

Bibliography
GUNUNG COBIAN

Bibliography

The Mountain of Testing. Dora Beck. Copyright © 2005 All rights reserved Call of Hope. First edition. 1987. SPB 9002 ENG. English title: The Mountain of Testing: Moriah (Booklet 2). German title: Der Berg der Prüfung: Moriah (Heft 2). Call of Hope. P.O.Box 10 08 27 70007 Stuttgart Germany http://www.call-of-hope.com .

GUNUNG COBIAN

Seri dina buku alit ieu ngajelaskeun padamelan Gusti nu penting di Gunung-Gunung di Timur Tengah. Sim abdi miharep, buku alit ieu tiasa janten berkah kanggo saderek. Dinten ieu, sim abdi bade nyandak hiji ayat kanggae diapalkeun. Upami saderek nyeratkeun ayatna 3 kali teras dikintunkeun ka sim abdi, sakantenan sareng waleran patarosan nu aya di kaca pangpengkerna. Sim abdi bade ngintunan saderek buku alitnu sejenna. Kintunkeun waleran sareng alamat saderek ka:

Masing Nyaah Ka Pangeran Allah Manraneh, Terus Jeung Hate, Terus Jeung Nyawa sarta Sing Sakuat-kuat.

(Pamindo 6:5)

Ibrahim salah sawios jalmi anu seueur rajakayana. Anjeunna kacida mikanyaah kageureuhana. Anjeunna ngagaduhan seueur badega, sasatoan sareng kemah-kemah. Tapi anjeunna ngaraos teu bagja sawios lubak libukun-taun ngantosan dicumponanana jangji ti Gusti ka anjeunna .

Gusti parantos ngajangjikeun ka Ibrahim yen anjeunna bakal janten bapa kangge sadaya bangsa-bangsa. Tapi kumaha hal ieu tiasa ka teu kacumponan sawatara Ibrahim teu ngagaduhan putra? Ibrahim teras neneda ka payuneun Gusti, “Iraha Gusti bakal nyumponan jangji Anjeun teh? Iraha Anjeun bakal masihan sim abdi putra?”

“Naon margina Ibrahim ngantosan saurang putra pameget? Gusti ngawelar paneda Ibrahim sareng ngamakbul jangji-Na. Anjeunna masihan ka Sarah, geureuha Ibrahim, hiji putra sanaos Sarah teh tos sepuh.

Teu aya saurang oge anu nyangka yen hal ieu bakal kajantenan. Tapi teu aya nu mustahil kangge Gusti. Ibrahim sareng Sarah kacida muji syukurna ka Gusti. Isak, putra pamegetna janten buah hate kasukaan, Sarah sareng Ibrahim kacida mikanyaahna ka Isak nu taya hinggana.

Saha nami putra Ibrahim anu dibabarkeun ku Sarah?

Dina hiji dinten aya kajantenan anu pikahelokeun. Wengi eta Ibrahim ngadangu Gusti ngadawuh, “Ibrahim!” “Sim abdi diieu,” walerna. Teras Gusti ngandika ka Ibrahim. “Bawa Isak, anak maneh anu dipikaasih ku maneh, ka Gunung Moria, jadikeun kurban nu suci keur ngabageakeun Kami.”

Ibrahim kacida reuwasna, aneh pikirna, “Naon anu bieu ku Gusti diawuhkeun teh? Naha kuring kudu ngurbankeun milik kuring anu kacida dipikanyaahna? Gusti nembe ngamakbul jangji-Na masihan Isak ka kuring, ayeuna, naha kuring kudu ngurbankeun manehna?”

Naon anu kadangu ku Ibrahim dina wengi eta?

Naon anu bade dipilampah ku Ibrahim? Naha Ibrahim taat ka Gusti? Dina Kitab Suci urang tiasa ngaos: “Isukna wanci subuh Ibrahim tanghi.”

Gusti marentah ka Ibrahim hiji tugas anu sesah, tapi Ibrahim teu talangke dina ngalaksanakeunana. Anjeunna ngajakan dua badegana bareng indit, teras nyiapkeun kaldena, ngempelkeun kai suluh, peso jeung seuneu. Tuluy Ibrahim nyalukan Isak, putra hiji-hijina anu dipikaasih: “Hayu hidep, urang ngajugjug ka Gunung Moria keur nyanggakeun pamuja ka Allah.”

Naon anu ku Ibrahim dilakonan saatos anjeunna nampi parentah ti Gusti?

Naon anu ku urang bade dilaksanakeun?

Leuleumpangan tilu dinten teh kacida abot sareng nyapekeunana. Ibrahim leumpang tipayun bari tungkul, anjeunna teu seueur nyarios. Dina mastakana seueur pisan nu diemutan. Anjeunna teu acan ngartos kunaon Gusti marentahkeun hiji hal anu kacida abotna. Tapi Ibrahim tetep taat ka Gusti, naon wae akibatna. Imanna janten kiat, dugi ka anjeunna ngecapkeun: “Gusti tiasa ngagugahkeun deui Isak tinu maot, sanajan kuring ngurbankeun manehna jadi persembahan ka Gusti.”

Kunaon Ibrahim leupang bari tungkul?

Sanggeus Ibrahim, Isak jeung dua badegana laleumpang tilu poe lilana, Ibrahim ningali Gunung Moria ti kajauhan. Terus Ibrahim nyarios ka dua badegana: “cicing di dieu tungguan kalde nepi kakuring jeung anak kuring balik ti gunung. Kuring duaan rek indit nyembah ka Gusti.”

Ibrahim nyandak suluh tina tonggong kalde terus dikana taktakeunana Isak. Ibrahim mawa seuneu jeung peso.

Naon anu dicarioskeun ku Ibrahim ka dua badegana? Naon anu bakal dipidamel ku Ibrahim di Gunung Moria?

Ibrahim sareng Isak leumpang ngajugjug Gunung Moria, lajeng Isak neuteup bapana bari naros, “Abah, urang parantos ngayogikeun sagala rupina kangge kurban; kai suluh, peso sareng seuneu. Tatapi di mana ari pikurbanneunana?” Ibrahim ngaraos bingung, lajeng ngawaler, “Anaking, Gusti Kumanten anu bade nyayogikeun anak domba kangge kurban durukan.” Lajeng arangkat paduduaan.

Saderek uninga hartosna kurban durukan? Hartosna kurban, anu sampurna, di mana teu aya sesa sakedik-kedik acan. Nyanggakeun persembahan anu satengah-satengah kangge Gusti mangrupikeun padamelan anu lepat. Mantenna sakedahna nampi sadayana kurban urang.

Naon anu kedah dikurbankeun kangge Gusti ku Ibrahim?

Ibrahim sareng Isak ngadeg di luhur Gunung Moria. Ibrahim ngempelkeun batu-batu gede kangge ngadamel padupaan dibantuan ku Isak. Teras aranjeunna ngentepkeun kai suluh di luhur padupaan. Sadayana tos sayogi kantun kurban anu bade diuruk nu teu acan aya.

Di mana anak domba teh? Isak milari ka sakurilingna. Teras Ibrahim nyaketan putrana neuteup pinuh ku kaasih. Teras hal nu mustahil kajantenan. Ibrahim nalian Isak ku tambang, langkung kiat tina nu biasa ditandangan ku anjeunna, tapi anjeunna hoyong taat ka Gusti, sok sanaos anjeunna kedah rugel ageung. Ibrahim ngurbankeun anu pangdipikaasihna.

Naon anu bade ku saderek dilampahkeun upami saderek janten Ibrahim?

Ibrahim nyarekeun Isak di luhur padupaan. Kinten-kinten naon anu aya dina pamikiran Isak waktos harita? Ibrahim tos nyepeng peso dina pananganana, tapi waktos Ibrahim bade meuncit Isak, malaekat Gusti nyaur, “Ibrahim, Ibrahim!” Ibrahim ningalian ka sakurilingna tempat teras ngalawer, “Nun Gusti, ieu abdi.”

Teras malaekat teh ngalewer: “Ulah ditelasan eta budak teh, ayeuna Kami nyaho, maneh sakitu taatna ka Allah. Anak nganhiji-hijina dipenta ku Kami, ku maneh teu dikoretkeun.”

Naha saderek mikaasih ka Gusti langkung tibatan sagala rupi?

Ibrahim kacida bagjana. Barang Ibrahim ngareret kagigir, breh katingali aya domba jalu, tandukna kagubed kuareuy-areuyan. Domba ieu teh kurban kangge Gusti anu disayogikeun ku Gusti ngagentosan Isak. Ibrahim ngalaman hal enggal nyaeta Gusti teh panjang sabar, mirah mnah, sarta tebih amarah. Mantenna nampi domba jalu ngagentosan jalmi nu pinuh dosa.

Isak oge kacida mujina ka Gusti, kumargi parantos nyalametkeun nyawana sareng masihan ka anjeunna kahirupan nu enggal.

Ibrahim kacida bingahna sareng muji syukur sabab Gusti ngidinan anjeunna muka tambang pameungkeut putrana sareng nyanggakeun domba jalu janten kurban durukan. Ibrahim masihan nami tempat di mana anjeunna ngadamel padupaan, “Gusti bade nyayogikeun.”

Naon nu disanggakeun ku Ibrahim ka Gusti kangge kurban?

Saparantos eta, malaekat Gusti nyaur anjeunna teras nyarios: “Ku sabab maneh geus sakitu taatna, nepi ka teu ngoretkeun anak anu ngan hiji-hijina dipenta ku Kami, Kami jangji, Kami seja mere berkah nu tanpa wilangan. Seja ngarundaykeun turunan maneh, lobana lir bentang-bentang di langit, lir keusik di basisir. Bangsa-bangsa saalam dunya baris mareunang berkah ku lantaran turunan maneh, sabab maneh taat kana parentah Kami.”

Gusti oge kersa ngaberkahan saderek. Naon alesan Gusti dugi ka ngaberkahan Ibrahim?

Ibrahim sareng Isak sasarengan mulang nyampeur badegana anu nuju ngantosan. Kacida aratoheuna aranjeunna teh. Gusti masihkeun Isak ka Ibrahim kangge kadua kalina. Ibrahim teu tiasa ngawartoskeun kumaha ageuengna rasa asih Gusti ka Isak. Ibrahim teu terang yen anjeunna sareng Isak teh mangrupikeun tanda ti Gusti, anu mangabad-abad taun kapayun, bade masrahkeun putra-Na Kumanten kang nyalametkeun dunya tina dosa. Kacida ageungna kaasih Gusti!

Gusti kacida mikaasihna ka urang. Naha saderek uninga kumaha Matenna Mintonkeun kaasih-Na ka saderek?

Kumaha saderek tiasa mendakan gambar domba tina ieu gambar? Domba teh nyumput di kebun pepelakan. Kangge mendakanana, saderek kedah mutar balikeun gambar ieu tinangtos bakal mendakan gambar domba. Saparantosna mendakan cobi pasihan garis anu jelas.

Abdi ngantosan waleran serat saderek. Ulah hilap masihan alamat lengkep sawaktos saderek ngawaler serat ieu.

Ayeuna mangga waler patarosan di handap ieu teras kintunkeun waleran saderek ka sim abdi, tong hilap serat alamat saderek anu jentre. Kalayan sim abdi bade ngintunan saderek buku alit sambunganana.

Patarosan

  1. Naon margina Ibrahim ngantosan saurang putra pameget?

  2. Saha nami putra Ibrahim anu dibabarkeun ku Sarah?

  3. Naon anu kadangu ku Ibrahim dina wengi eta?

  4. Naon anu ku Ibrahim dilakonan saatos anjeunna nampi parentah ti Gusti?

  5. Naon anu ku saderek bade dilaksanakeun upami Gusti nyuhunkeun kurban ti saderek?

  6. Kunaon Ibrahim leumpang bari tungkul teu seueur nyarios?

  7. Naon nu dicarioskeun ku Ibrahim ka dua badegana? Naon anu bakal dipidamel ku Ibrahim di Gunung Moria?

  8. Naon nu kedah dikurbankeun kangge Gusti ku Ibrahim?

  9. Naon anu bade ku saderek dilampahkeun upami saderek janten Ibrahim?

  10. Naha saderek mikaasih ka Gusti langkung tibatan sagala rupi?

  11. Naon nu disanggakeun ku Ibrahim ka Gusti kangge kurban?

  12. Gusti oge kersa ngaberkahan saderek. Naon alesan Gusti dugi ka ngaberkahan Ibrahim?

  13. Gusti kacida mikaasih ka urang. Naha saderek uninga kumaha Matenna mintonkeun kaasih-Na ka saderek?


Call of Hope
P.O.Box 100827,
D-70007
Stuttgart
Germany