Back to the item overview
GUNUNG KABEBASAN

GUNUNG KABEBASAN

Gunung-Gunung Penting di Lebet Kitab Suci Jilid 1

Dora Beck


Bibliography

Copyright © 2005 Call of Hope. First edition. 1987. SPB 9001 ENG. English title: The Mountain of Deliverance: Ararat (Booklet 1). German title: Der Berg der Rettung: Ararat (Heft 1). Call of Hope. P.O.Box 10 08 27 70007 Stuttgart Germany http://www.call-of-hope.com .

GUNUNG KABEBASAN

Pangeran Nu Jadi Papadang Jeung Sumber Kasalametan Kuring, Jadi Rek Sieun Ku Saha!

(Zabur 27:1)

Kapendak guung Ararat teh dina peta di luhur? 
Cobi, sabarana meter luhurna te?
Kantos naek ka hiji gunung atanapi teu acan?
Gunung naon nu pangluhurna di dunya? Gunung Everest.

Gunung Everest luhurna 8.848 meter, ayana teh di puncak gunung-gunung Himalaya. Tapi ayeuna sim abdi bade nyarioskeun hiji gunung anu kasebat di lebet Alkitab. Panginten tos tarerang ari kana namina mah. Gunung eta namina gunung Ararat, ku urang sok disebat gunung ieu, Gunung Kabebasan.

Alkitab, anu mangrupikeun Dawuhan Gusti nyarioskeun di lebet Kitab Kejadian 6-9 hiji kajantenan anu kacida pikahelokeunana.

Manungsa anu aya di dunya ieu parantos midamel dosa kulantaran sagala anu aya dina pikiranana awon jaba sagala anu dipilampahna teh saestuna jahat. Sadayana taya nu gimir ka Gusti sareng tara ngemutkeun naon anu dipikersa ku Gusti. Unggal jalmi ngalakonan hirup numutkeun kahayang sorangan. Tutungna Gusti kacida bendu lajeng ngadawuh: “Kami rek ngabinasakeun sagala nu hirup di dunya-manusa jeung sasatoan, jeung sagala manuk anu haliber.”

Kacida katalangsarana urang upami Gusti tu nyarengan ka urang!

Naha kantos atanapi henteu urang ngalakonan hal awon anu nyababkeun Mantenna bendu anu akibatna urang patebih sareng Allah?

Aya hiji jalmi soleh, namina Nabi Enoh. Anjeunna estu leumpangna disarengan ku Gusti anu kacida mikanyaah ka anjeunna. Urang tiasa ngaos dina Alkitab yen Nabi Enoh teh jalmi bener. Gusti henteu mendakan kalepetan lebet anjeunna. Nabi enoh teras aya di lebet hubungan anu sae sareng Gusti. Nabi Enoh diberkahan tilu putra pameget. Namina Sem, Ham jeung Yapet, tiluanana tos garaduh bojo. Kulawargi Nabi Enoh sadayana aya dalapan urang.

Gusti masihan ka Nabi Enoh hiji parentah aneh, “Jieun keuar maneh hiji parahu, sabab Kami rek ngabinasakeun sagala nu hirup ku caah gede, saba geus loba teuing kajahatan manusia teh”

Gusti ngarancang parahu supaya dijieun tilu umpak dijandelaan hateupna, jeung dipantoan dina sisina. Parahu ieu kacida ageungna; panjangna 133 meter, rubakna 22 meter. Jangkungna parahu teh 13 meter. Teu kabayang kacida ageungna parahu Nabi Enoh teh. Seueur alat sareng bahan anu diperyogikeun kangge ngadamel parahu ageung ieu.

Naon wae alat sareng bahan anu dibutuhkeun kangge ngadamel parahu Enoh teh? Kunaon margina Nabi Enoh kedah ngadamel parahu ageung?

Nabi Enoh sareng putra-putrana diamel siang wengi kangge ngarengsekeun parahu ageung tea. Padamelan anu kacida abot sareng nyapekeun. Batur mah kalahka marelong teu aya nu marantuan. Maranehna nyeungseurikeun bari ngaromong kapada babaturanana, “Tingali jelema bodo geura. Manehna nyieun parahu gede di taneuh garing, jaba di luhur pasir! Dasar jelema gelo. Ha! Ha!”

Nabi Enoh ngadamel parahu numutkeun parentah Gusti, Nabi Enoh mintokeun kataatan ka Gusti

Ka lebet kelompok nama urang teh? Ka nu moyok Nabi Enoh atanapi ka nu taat ka Gusti?

Teu kantos sababaraha lami parahu ageung teh rengse. Numtkeun saderek saha nu lebet ka parahu eta sareng tumetep di lebetna teh?

Gusti ngadawuh ka nabi enoh, “Maneh saanak pamajikan jeung minantu-minantu kudu asup ka eta parahu. Bawa deui saban rupa golongan sasatoan, masing-masing sajodo-sajodo; kitu keneh manuk, supaya karaksa.”

Nabi Enoh taat ka gusti sareng ngalakonan sagala parentah-Na. sasatoan arasup ka jero parahu dua-dua. Saparantos jalmi sareng sasatoan tos di lebet parahu, ku Gusti panto parahu teh langsung ditutupkeun.

Serat nami-nami sasatoan anu saderek terang. Kunaon gusti hoyong nyalaemetkeun sapasang tina unggal sasatoan?

Saatos Nabi Enoh sakulawargi aman di lebet parahu, geleger aya gelap. Breg hujan ngagerebet siga dibahekeun. Sadaya liang cai di sakuliah dunya maruka ngalantarankeun cai beuki lila beuki naek. Sadayana ngadegdeg sarieuneun, bari ngaromong, “Bener geuning nabi Enoh teh! Dimana ayeuna Nabi Enoh teh? Leres, anjeunna aya dina parahu anu dipidamelna numutkeun parentah Gusti.”

Jalmi-jalmi pada tinggorowok:”Enoh, Enoh! Pangmukakeun panto sangkan kami bisa asup!” Nabi Enoh hoyong nulungan, tapi panto teh tetep ngonci dugi ka teu aya saurang oge (anu teu percanten ka gusti sareng taat ka Mantenna) tiasa lebet. Gusti Kumanten nutupkeun panto dugi ka Nabi Enoh teu tiasa muka.

Kunaon margina Gusti nyalira anu nutupkeun panto?

Hujan teras-terasan ngagebret salami 40 dinten 40 wengi. Cai beuki lila naek, parahuna teras ngambang. Cai naek ngalaputan rorompok-rorompok, tatangkalan, sareng gunung-gunung. Cai nutupan sadaya anu aya di dunya ieu.

Kumaha atuh nasib jalmi anu teu percanten kana Dawuhan Gusti sareng teu lebet kana parahu? Sadayana milari tempat panyalindungan sareng tempat nyalametkeun diri. Naha urang nyangka yen maranehna bakal salamet di luhur munara? Atanapi di luhureun gunung? Karunya pisan, teu aya nu bisa nyalametkeun maranehna. Sadaya bakal binasa! Karunya pisan!

Maranehna tiasa disalametkeun tina cara maot anu pikasieuneun ieu upami maranehna ngadangu sareng taat kana Dawuhan Gusti. Hirup anu teu disarengan Gusti tingantos nuju kana kabinasaan sareng karuksakan.

Cai teras caah 150 dinten lamina. Atuh kacida atohna sareng nganuhunkeun Nabi enoh sakulawargi sawaktos Gusti nutup liang-liang cai, ngeureunkeun hujan sareng angin. Ujug-ujug parahu ageung teh habrak hiji benda teras parahu teh eureun diinya.

Naon anu katabrak ku parahu teh? Parahu eureun di gunung Ararat. Nabi Enoh muka jandela dina hateup supados tiasa ningal cai anu orot. Sababaraha lami anjeunna tiasa ningal puncak-puncak gunung. Saatos 40 dinten Nabi Enoh ngaleupasken manuk japati, tapi manuk japati teh balik deui ka Nabi Enoh. Nabi Enoh ayeuna terang yen caah teh teu acan saat pisan.

Nabi Enoh ngantosan 7 dinten teras anjeunna ngaleupaskeun manuk japati nu ka du kalina, manuk japati teh balik deui sabari mawa pucuk daun jaitun dina pamatukna. Nabi Enoh ayeuna terang yen pucuk-pucuk tatangkalan teh tos kataringal ayeuna mah. Nabi Enoh ngantosan 7 dinten deui. Teras ngalaupaskeun manuk japati nu katilu kalina, manuk japati teh teu balik deui ayeuna mah. Hartina, taneuh teh ayeuna tos bener-bener garing, anu dijero parahu teh kacida galumbirana.

Iraha Allah bade mukakeun panto? Iraha Anjeunna marentahkeun Nabi Enoh sareng kulawargina kangge kaluar tina parahu? Sadayana ngantosan teu sabar kana waktuna kumargi padamelan ngantosan teh hal anu teu gampang. Tapi Gusti terang waktos anu mustari kangge sadayana kaluar tina parahu.

Ahirna Gusti ngadawuh ka Nabi Enoh balas nyarios, “Geura kaluar tina parahu, anjeun sareng bojo, anak-anak lalaki maneh jeung bojo-bojona, jeung bawa kaluar sagala sasantoan anu dibawa ku maneh.” Dinten anu endah kangge sadaya anu aya di parahu eta, diunya aya deui kahirupan. Sadaya sasatoan sareng manuk-manuk galumbira. Sanajan sakedik jumlahna, sasatoan teh lami-lami nambahan sareng minuhan dunya.

Naon anu bade dilakonan ku urang upami Kedah ngantosan di parahu dina waktos anu lami Teras ujug-ujug urang meunang kabebasan?

Naon nu dilakonan ku Nabi Enoh?

Nabi Enoh sakulawargi ngucap sukur ka Allah sabab Gusti parantos nyalametkeun aranjeunna tina caah. Aranjeunna tos diajar yen taat ka Gusti kalayan wijaksana. Nabi Enoh ngadamel hiji padupaan sareng neundeun kai-kai garing dina padupaan teras ngayakeun kurban durukan sasatoan kangge Gusti. Gusti disenangkeun teras ngaberkahan

Nabi Enoh sareng putra-putrana, sareng ngajangjian yen mantenna moal nginteunkeun caah anu sapertos kitu deui sareng moal nyaremkeun mahluk hirup deui. Kangge tawisna Allah ngadamel katumbiri dina mega anu ngemutan urang kana jangji-Na.

Naon anu tiasa disanggakeun ka Gusti ku urang kangge ngucap syukur?

“Pangerang nimbalan, ‘hayu urang padukeun. Maraneh teh geus lestreng ku dosa tapi ku kami rek disina bodas beresih. Najan dosa maneh nepi ka beureum kawas getih, bakal jadi bodas kawas kapas.”

(Yesaya 1:18)

Patarosan

Hayu ayeuna urang sasarengan waler patarosan di handap ieu. Kintunkeun waleranana ka sim abdi, engke ku sim abdi dikintunan buku alit anu sasesna

  1. Sabaraha meter luhurna gunung Ararat teh?

  2. Kunaon Gusti sasarengan nabi Enoh?

  3. Kunaon margina Nabi Enoh kedah ngadamel parahu ageung?

  4. Naon wae alat sareng bahan anu dibutuhkeun kangge ngadamel parahu Nabi Enoh teh?

  5. Kunaon Gusti mung ngidinan Nabi Enoh sareng kulawargina kangge lebet ka parahu ageung teh?

  6. Kunaon margina Gusti nyalira anu nutupkeun panto parahu?

  7. Apalkeun dina jero hate ayat nu aya dina kaca pangpayunna teras sa ratkeun dina kertas tilu kali.

  8. Naon anu tiasa disanggakeun ka Gusti ku urang kangge ngucap syukur?

Sim abdi kacida ngaraos bagjana upami saderek kersa ngintunkeun waleranana. Emut serat alamatna sing jentre.


Call of Hope
P.O.Box 100827,
D-70007
Stuttgart
Germany