Back to the item overview
NYANGGAKEUN PANEDA?

NYANGGAKEUN PANEDA?

English Title: “How Do We Pray?”

Iskander Jadeed

All Rights Reserved

(Diterjemahkan dari bahasa Arab)


NAON SALERESNA ANU DISEBAT PANEDA TEH?

Saurang ahli pilsapat anu kawentar kantos nyarios kieu: "Neneda mangrupi laku lampah tina jiwa manusa anu pangjerona, sareng bade saterasna kitu salami dipangersa ku Gusti." Paneda mangrupikeun watek bawaan umat manusa, anu dijembarkeun ku umat manusa, teu aya watesan darajat, basa, atanapi agamai. Paneda diprakkeun dina sagala cara sareng pola, oge hal-hal anu pribadi, mangabad-abad, di unggal tempat; Di bangsa anu primitip, atanapi bangsa anu parantos maju.

Saleresna seueur umat manusa anu kuciwa, ningal panedana teu dimakbul atanapi teu sami sareng nu dipiharep, mung beurat kacida ari kedah ngalepaskeun kabiasaan nyanggakeun paneda mah, komo mustahil ari kedah eureun neneda mah. Kumargi dilebet diri manusa aya naluri anu ngarojong umat manusa kanggo neneda. Nyanggakeun paneda mangrupikeun gerentes hate manusa anu teras hirup, sadar atanapi heunteu manusa kajurung kanggo ngalaksanakeunana, sami sareng hiji pangabutuh anu teu kirang pentingna sapertos tuangeun, napas sareng inumeun.

Sajarah kapungkur, masihan kajelasan yen sanaos nagara Yunani, mangrupi asal muasal kabudayaan sareng asalna pilsapat, oge parantos pinuh ku paneda. Zerophar, saurang pilsapat, ngabiasakeun unggal dinten, ngawitan padamelan sadidinten ku paneda. Pericles biasa ngawitan pidatona ku paneda. Hiji jalmi pinter jaman kapungkur anu namina Plato nyarios kieu: "Unggal jalmi pinter di dunya ieu upami bade ngalakonan hiji hal pasti dimunggaran ku paneda."

Salah sahiji buktos anu ngajentrekeun yen paneda teh sumberna tina hate manusa, nyaeta paneda teu gumantung kana sakumaha tebihna manusa majeng dina kabudayaan sareng elmu, manusa tara nganggap dirina teu peryogi nyanggakeun paneda; tapi sabalikna anjeunna tetep manggih kanyataan yen paneda teh perlu sareng kacida manpaatna.

KUMAHA NENEDA ANU SAE?

Lukas, salah saurang anu nyerat kaopat Injil, nyeratkeun lalakon Al-Masih dina ngawulang paneda. Waktos Mantenna rengse neneda, salah saurang muridNa nyarios, "Gusti, abdi-abdi wulang neneda." Panginten murid-muridNa ningal kayaktian kumaha hubungan Al-Masih sareng paneda-Na. Gusti leres guru anu wicaksana, Mantenna tara maksakeun kahoyongNa, tapi masihan tuladan kanggo dilakonan ku murid-muridna.

Al-Masih mangrupikeun hiji guru anu benghar pangalaman sareng hasil dina ngawulang, sareng jalmi anu hasil ngawulang tina naon anu dialaman ku Mantenna. Ku pola ieu, nu mana pinuh pangalaman, Gusti ngawulang ka murid-muridNa hiji paneda anu kacida saena, pondok, sederhana tapi madet, layak, sareng nyari, kangge disanggakeun ka payuneun Gusti. Paneda ieu disebatna Paneda Gusti, kangge pangemut-emut yen Gusti anu ngawulangkeun paneda ieu ka urang. Lebetna panedana teh kieu:


Nun Ama di sawarga
Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun
Karajaan Ama mugi rawuh
Pangersa Ama mugi laksana, di dunya
sapertos di sawarga.
Mugi abdi dinten ieu dipaparin
tedaeun nu picekapeun
Sareng hapunten kalelepatan abdi
sakumaha abdi oge parantos
ngahapunten ka nu gaduh
kalelepatan ka abdi
Mugi abdi ulah diterapan cocoba
anu abot, sawangsulna mugi
disalametkeun ti panggoda iblis
Wirehi nya Ama nu jumeneng Raja,
kawasa sareng mulya, salalanggengna.
Amin.

Pamuka

"Nun Ama di sawarga"

Kecap pamuka ieu nempatkeun urang kana hubungan anu sae, nyaeta ku jalan Al-Masih anu ngadamaikeun urang sareng Allah Rama. Sebatan Ama ka Gusti Allah mangrupikeun rusiah panebusan anu dilakonan ku Al-Masih kangge umat manusa. Mantenna parantos ngajait urang sadaya tina kutuk maot anu langgeng kana kasukaan janten putra-putra Allah. Oge ngandung hartos perkawis rusiah kahirupan anu anyar, nu ngobah urang sadaya janten ciptaan anyar di lebet Gusti.

Sebatan ieu oge ngandung hartos rusiah kaimanan. Urang tiasa ngartos tina pamuka paneda ieu, yen jalmi anu nyanggakeun paneda sapertos kieu gaduh patali asih anu caket sareng Gusti sareng tiasa bebas cacarios sareng Gusti sapertos sareng rama dilebet iman kapercantenan ka Al-Masih. Dasar kakiatan paneda nyaeta pangertos urang kana hakekat Karamaan Gusti anu diwujudkeun ku pimpinan Roh Suci. Kumargi kitu tos sakedahna urang ngartos leres-leres kalimah "Nun Ama nu di sawarga" dugi Roh Suci minuhan manah urang sadaya ku Roh sareng kaestuan. Teras urang tiasa nyarios ka Gusti di lebet tahta anu Maha Suci anu pinuh rusiah kawasana dilebet paneda-paneda urang.

Tilu Kalimah Tina Paneda Perkawis Gusti

"Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun. Karajaan Ama mugi rawuh. Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga."

Kalimah anu kahiji, "Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun". Tujuanana kanggo nuyun umat manusa dina ngaagungkeun Gusti dina manah, dina pamikiran, sareng ku ucap lampahna.

Kalimah anu kadua,"Karajaan Ama mugi rawuh". Kalimah ieu aya patalina sareng kalimah anu kahiji. Upami urang parantos ngaagungkeun nami Gusti dina manah, sareng kahirupan urang, kawasa Gusti Allah tiasa lungsur minuhan puji-pujian sareng paneda urang, anu ngulantarankeun urang tiasa janten berkah kangge jalmi anu aya disakuliling urang.

Kalimah katilu,"Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga". Hartosna urang masrahkeun sagalana, sareng kahoyong urang ka Gusti. Pangersa Gusti anu pangsaena parantos disayogikeun kanggo urang, Al-Masih ngawulang urang neneda, supados pangersa-Na tiasa laksana di dunya sapertos di sawarga, kumargi Mantenna palay sangkan urang gaduh kataatan kanu janten Gusti urang. Karajaan Allah parantos linggih di lebet manah unggal jalmi anu ngalakonan pangersa Ama.

Tilu Kalimah Tina Paneda Perihal Diri Pribadi

Kalimah anu kahiji, "Mugi abdi dinten ieu dipaparin tedaeun anu picekapeun,". aya patalina sareng kaperyogian badani. Tujuanana masihan kacekap kana awak, badani supados jalmi tiasa hirup, supados jalmi tiasa ngalaksanakeun kawajiban rohanina saluyu sareng rarancang Gusti.

Kalimah anu kadua, "Sareng hapunten kalelepatan abdi, sakumaha abdi oge parantos ngahampura ka nu gaduh kalelepatan ka abdi,". kalimah ieu perkawis panghampura dosa. Sapertos tedaeun anu mangrupikeun kaperyogian anu utami dina kahirupan manusa, panghampura oge mangrupikeun pangabutuh anu utami dina rohani urang. Urang anu kapungkur kalebet jalmi doraka, ku panghapunten ti Allah parantos dijantenkeun putra-putra Allah. Tapi urang kedah adil, nyaeta kedah tiasa ngahapunten kalelepatan jalmi sanes ka urang, sapertos anu parantos dipasihkeun Gusti ka urang. Sareng deui sawios urang parantos janten putra-putra Allah, urang kedah ati-ati supados teu lebet kana dosa, sareng hak urang dongkap ka Gusti Rama mung didasaran ku getih Al-Masih anu ngandung panghampura kangge urang sadaya. Sapertos Al-Masih parantos ngadawuh, "Lamun maraneh ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama di sawarga tangtu dihampura. Lamun maraneh heunteu ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama nu di sawarga moal dihampura" (Mat. 6:14- 15).

Kalimah anu katilu, "Mugi abdi ulah diterapan cocoba anu abot, sawangsulna mugi disalametkeun ti panggoda iblis". Dina hubungan sareng dosa, kalimah ieu ngemutkeun urang kana kasadaran yen mung Gusti nu tiasa ngaraksa urang sadaya tina kawasa dosa. Upami putra-putra Gusti anu satia ngalakonan dawuhan Gusti, masih oge ngalaman ujian iman nyaeta ngalaman kasesah sareng cobian, ku paneda ieu, pangaping sareng kakiatan ti Roh Suci tiasa ngiatkeun putra-putra Gusti tina sagala cocobi sareng ngelehkeun Iblis (I Korinta 10:13, I Petrus 1:3-7, 4:12-16, Rum 8:37-39).

Panutup

"Wirehi nya Ama nu jumeneng Raja, kawasa sareng mulya, salalanggengna. Amin."

Kalimah pamungkas ieu mangrupi dasar persembahan urang ka Gusti kukamulyaana-Na. Anjeunna ngagaduhan kawasa sareng otoritas anu pangluhungna anu ngawasaan sajagat raya ieu, sareng ngagaduhan kawasa kangge ngawaler sagala paneda urang. Kamulyaan mangrupikeun hak milik Mantenna, kumargi kitu urang nyanggakeun paneda mung kangge kamulyaana- Na.

Saparantos ngajelaskeun pola paneda anu leres, Al-Masih ngadawuh deui dina Mateus 7:7 supados jalmi kersa nyanggakeun paneda ka Allah di sawarga, "Kudu menta, tangtu bakal nampa, kudu neangan, tangtu bakal manggih, kudu ngetrokan, tangtu bakal dibuka pantona." Mantenna masihan jaminan kapastian, sabab nu menta tangtu dibere, nu neangan tangtu manggih, nu ngetrok panto tangtu dipangmukakeun. Gusti hoyong supados urang percanten kana kanyataan yen unggal paneda tangtos dimakbul, ieu teh mangrupi hukum nu teu tiasa obah.

Upami urang nyanggakeun paneda, tapi teu nampi waleran, hartosna aya hal-hal anu ngahalangan panedana. Panginten kumargi kirangna jaminan yen jalmi anu milari Mantenna, uninga Gusti salaku Amana. Atanapi panginten aya kasalempangan, kumargi jalmi nu salempang mah moal kenging nanaon ti Gusti. Tiasa oge kumargi jalmi anu nyanggakeun paneda gaduh kalepatan ka Gusti anu teu acan diangke sareng teu acan nyungkeun panghampura ti Gusti, kumargi dosa tiasa mindingan manusa ti payuneun Gusti.

Paneda janten teu aya hartosna upami urang nyuhunkeun hal anu lepat, atanapi anu teu saluyu sareng pangersa Gusti. Sapertos dawuhan Gusti; Yakobus 4:3, "Rajeun nyuhunkeun, teu dikabulkeun, da salah patekadanana; anu disuhunkeun ku aranjeun teh, ngan ukur pikeun nyenangkeun diri sorangan." Sulaya dina paneda oge tiasa kumargi urang neneda mung kangge ngalaksanakeun kawajiban agama, sareng teu kaluar tina rasa asih ka Gusti Allah.

Aya hiji misil anu aya patalina sareng nyanggakeun paneda; aya dua jalmi anu guguru. Namina Ujang sareng Asep, duanana kacida dipikanyaahna ku guruna. Dina hiji poe Ujang ningalian kebon sampeuna, katenjo kumanehna aya sampeu anu kacida pikaresepenana geuwat dibawa ku manehna ka guruna da hayang ngabagjakeun anu jadi guru. Guruna mekelan manehna hiji embe anu mangrupa hiji-hijina pangabogana keur tanda kaasih. Basa Ujang ngajugjug balik bari nungtun embe, manehna papanggih Asep anu akhirna dibejaan ku Ujang perkara manehna meunang embe tea. Asep kajurung ku hayang ngalewihan Ujang gancang meuli duren satolombong keur guruna, sugan dibere buruh leuwih gede. Guruna basa nampa duren teh, da teu boga liana keur bikeuneun kapaksa ngan mere sampeu pamere Ujang tea. Tah tina misil ieu urang ningali yen jelema anu ngalakonan hiji hal ku hate nu beresih mah pasti meunang pangwales anu nyukakeun hate.

KUMAHA JANTENNA HIJI PANEDA?

Waktos Al-Masih patepang hiji mojang ti Samaria, Gusti nyarios yen Gusti Allah milari jalmi anu nyembah ka Mantenna sareng Mantenna dibagjakeun ku panyembahan anu disanggakeun ku umat manusa dilebet roh sareng kaestuan. Mantenna ngadawuh, "Mangsa ka hareup mah, malah ayeuna ge geus mimiti, ku kakawasaan Roh Allah jalma-jalma bakal nyarembah ka Allah Rama teh bari nyaraho enya ka Mantenna, bakal sapagodos jeung pangersa-Na. Allah teh Roh, anu matak ngan ku lantaran kakawasaan Roh bae jalma-jalma pibisaeunana ngabakti ka Allah Rama bari nyaraho enya ka Mantenna teh" (Yohanes 4 : 23-24).

Maksadna Al-Masih didieu nyaeta kedah aya kasauyunan Gusti sareng jalmi anu nyembah ka Mantenna. Sapertos soca diciptakeun kanggo alat kanggo ningal, cepil kanggo ngadangu, kitu deui jalmi anu nyembah ka Gusti anu hoyong ngaraos nikmatna nyembah ka Gusti kedah parantos siap nampi Roh Suci. Saterasna Roh Suci tiasa minuhan anjeunna teras anjeunna tiasa muji Gusti dilebet Roh sareng kaestuan.

Panginten Gusti hoyong ngawulang ka urang yen nyembah Gusti jaman pernjangjian anyar benten sareng perjanjian lawas anu diangge ku urang Samaria sareng urang Yahudi. Panyembahan anu dilakonan ku urang Yahudi didasaran ku hukum-hukum anu diserat, ari urang Samaria didasaran ku tahayul-tahayul. Upami urang Kristen nyembah ka Gusti, aranjeunna nyembah di lebet Roh sareng kaestuan, benten pisan sareng urang Yahudi atanapi urang Samaria.

Hukum Toret kacida mangpaatna kangge ngadidik sareng ngadisiplin urang, mung salangkungna ti eta tiasa ngadesek urang sareng ngajantenkeun urang jalmi anu kapendak lepat anu kedah nampi panghukuman. Saleresna hakekat panyembahan ka Al-Masih teu didasaran ku aturan-aturan agami sapertos dina Perjangjian Lawas anu dicandak tina hukum Musa, tapi numutkeun harkat rohani anu teu mentingkeun gerak atanapi awak jasmani. Panedana pinuh ku kawasa kailahian.

Ayat nu penting kangge penyembahan dicandak tina Yohanes 4:23-24, ku kakawasaan Roh Allah jalma-jalma bakal nyarembah ka Allah Rama teh bari nyaraho enya ka Mantenna, bakal sapagodos sareng pangersa-Na. Kumargi upami roh anu asalna ti Gusti, tangtos milari sareng nepangan Gusti Allah. Di sisi lianna Gusti anu ngintunkeun Roh hoyong oge nepangan Roh di lebet panyembahan.

KUMAHA SAKEDAHNA PANEDA DISANGGAKEUN?

Al-Masih masihan conto tina kahirupan sadidinten perkawis nyanggakeun paneda, nyaeta upami urang bade nyanggakeun paneda, manah urang kedah hanaang kana perkawis Gusti, sapertos anu dimisilkeun dina carios hiji jalmi anu ngetrok bumi sobatna tengah peuting semu butuh pisan kana pitulung. Eta tiasa diaos dina Lukas 11:5-8. Mantenna ngadawuh, upami saurang ti antara maraneh, indit ka imah babaturanana dina tengah peuting, bari ngomong, "cik bere kami tilu roti, sabab aya babaturan urang ngendong di imah tapi kuring teu boga dahareun keurmanehna

Upama bae babaturan nu didatangan teh ngomong kieu, 'Tong nyusahkeun kuring!, panto geus dikonci, kuring jeung anak pamajikan kuring geus sarare. Kuring teu bisa hudang jeung nulungan maneh.'" "Terus kumaha?" dawuhan Al-Masih sanajan manehna hoream hudang jeung mere roti ka babaturanana, tapi ku lantaran nu datang teh kacida butuhna, pasti manehna hudang oge jeung nyumponan nu jadi pangabutuh.

Oge upami urang nyanggakeun paneda ka Gusti, urang kedah gaduh kasabaran tur teu aya kabosen sumping kapayuneun Gusti, sapertos carios hiji randa anu teu bosen-bosenna nyuhunkeun pitulung ka hiji hakim anu lalim (Lukas18:2-8). Kieu saur Al-Masih, "Di hiji kota aya hiji hakim anu teu sieuneun ku Allah jeung teu padulian ka batur. Di kota eta keneh aya hiji randa anu ngan pulang-anting bae ka eta hakim, menta dibelaan perkarana, pokna, 'Tulungan abdi mayunan lawan!' Lila eta hakim teh embungeun ngadenge pamentana, tapi tungtungna ceuk hatena, 'Najan aing teu sieun ku Allah jeung teu padulian ka batur ge, tapi ku sabab ieu randa kacida ngagangguna, keun ku aing rek dibela, sabab lamun henteu manehna bakal datang deui, datang deui, musingkeun aing!'" Saur-Na deui, "Tengetan omongan eta hakim anu teu bener teh! Ku sabab kitu, naha enya Allah moal kersaeun ngabelaan ka umat-Na ku manten anu beurang peuting nyambut pitulung-Na? Naha enya bakal talangke nulungan ka umat-Na? Sing percaya: Mantenna bakal gancang ngabela perkara maranehna. Tapi engke dina waktu Putra Manusa sumping, naha bakal mendak jelema anu percaya di ieu bumi?"

Tina dua misil ieu urang ningal bentenna antawis paneda anu mung diucapkeun teras-terasan wungkul sareng anu disarengan ku pangabutuh anu kacida. Nabi Yesaya nyarios, "Eh Yerusalem dina luhur kuta maneh geus aya anu karemit. Beurang peuting eta teh teu meunang repeh nunuhun ka PANGERAN, sangkan Mantenna emut kana sagala jangji-Na, sangkan ulah lali ka maranehna. Kudu terus tong eureun-eureun nunuhun, nepi ka Mantenna ngadegkeun deui Yerusalem, nepi ka Yerusalem jadi kota pamujian saalam dunya" (Yesaya 62:6-7).

Al-Masih dina dua misil ieu, muji ayana rasa pangabutuh anu kacida, anu ngajentrekeun aya tekad anu kiat dina diri urang, Mantenna hoyong nerapkeun dina pamikiran urang yen, "Sabab sing saha anu menta bakal dibere, nu barangsiar bakal beubeunangan, nu keketrok bakal dipangmukakeun panto" (Lukas 11:10).

Misil hiji sobat anu keketok bumi sobatna, ngawulang urang perkawis iman anu didasaran ku kaasih. Jalmi eta tengah wengi angkat ka bumi sobatna ngabelaan kaperyogian batur. Ngabela kaperyogian batur mangrupikeun kalakuan anu kapuji ku Gusti, sareng paneda urang janten aya mangpaatna. Urang diajar kangge kersa nyuhunkeun sanes pangabutuh nyalira wae tapi nyanggakeun paneda teh tiasa kangge pangabutuh jalmi sejen, ieu teh nu disebut doa sapaat.

Dina misil hiji randa anu nyuhunkeun kaadilan ka hakim anu lalim, ngajar urang sadaya supados urang sadaya gaduh kasatiaan dina nyanggakeun paneda, hiji hal anu dipiharep ku Gusti aya dina diri urang. Upami kasatiaan saurang randa tiasa ngaleehkeun hate anu sakitu heurasna, komo deui paneda ti umat pilihan Gusti anu disanggakeun kanggo ka Gusti nu Maha Agung dina kamirahan kaasih-Na. Gusti ngadawuh, "Di antara bapa-bapa di dieu, aya anu kalah ka mere batu lamun anakna menta roti? Atawa lamun anakna menta lauk kalah ka dibere oray? Sakumaha jahatna maraneh, ka anak mah tangtu merelukeun mere anu mangpa'at. Komo deui Rama maraneh nu di sawarga, moal teu maparin nu mangpa'at ka nu nyuhunkeun ka Mantenna!" (Mateus 7:9-11).

Urang oge diajar, yen aya mangsana waleran Gusti karaos lami pisan, tapi saleresna Gusti gaduh waktos kumanten anu sauyun sareng kawicaksanaana-Na. Mantenna tiasa ngawaler paneda supados jalmi anu nyanggakeun paneda tiasa gaduh iman kana kawasa Gusti, sareng supados urang dikiatkeun dina pangharepan urang dilebet ujian anu dipasihan ku Mantenna.

DI MANA SAENA URANG NYANGGAKEUN PANEDA?

Injil ngajarkeun ka urang sadaya yen sumpingna Al-Masih ngabebaskun urang tina adat anu meungkeut anu ngawajibkeun urang gaduh tempat anu khusus kanggo nyanggakeun paneda ka Gusti Allah, anu ngawajibkeun umat manusa kangge nyanggakeun paneda dina waktos-waktos anu ditangtoskeun. Al-Masih nyarios ka mojang ti Samaria, "Nyai, sing percaya ka Kami, ka hareup mah ngabakti ka Allah rama teh lain di gunung ieu, jeung lain di Yerusalem" (Yohanes 4:21). Gusti ngawartosan mojang ti Samaria eta, anu naros kamana sakedahna aranjeunna neneda, nyaeta sanes di gunung Gerizim atanapi di Yerusalem. Mantenna hoyong mojang eta ngartos yen Gusti tiasa aya unggal tempat, janten urang tiasa nyembah Mantenna dimana wae ayana urang.

Al-Masih ngautamikeun paneda pribadi, Mantenna ngadawuh, "Maraneh mah mun rek neneda kudu di kamar, pantona rekepkeun, tujukeun paneda ka Rama maraneh nu teu katenjo. Sanajan dilampahkeun di tempat rikip ge ku Mantenna kauninga sarta tangtu diganjar" (Mateus 6:6).

Tujuanana supados nyiptakeun kaayaan nu tenang, supados saurang jalmi tiasa mung duaan sareng Ramana. Upami urang merhatoskeun pokok-pokok paneda, dina panyaang khotbah Al-Masih di bukit, urang tiasa ngabayangkeun Al-Masih ngagambarkeun tempat anu tenang kangge nyanggakeun paneda mangrupikeun tempat anu dicaangan ku cahaya Gusti Allah. Upami ku urang diperhatoskeun, Al-Masih nyebat "Rama" dugi ka tilu kali, "Tujukeun paneda ka Rama...Rama maraneh ningal di tempat anu katutupan... Rama maraneh bakal ngamakbul."

Tempat anu pribadi mangrupikeun tempat anu simpe sareng tentrem, tempat kangge umat Gusti ngaraoskeun nikmatna hubungan sareng Ramana. Cahaya anu nyaangan didinya mangrupikeun caang anu masihan kahirupan sareng sumanget. Anu minuhan tempat eta mangrupikeun Roh Suci anu oge minuhan manah urang ku rasa asih Gusti. Al-Masih ngawulang, "Ari neneda ulah cara tukang pura-pura! Maranehna ngadoana teh resep ngabedega di tempat babakti atawa di pepengkolan, ngarah katembong ku batur. Tah eta ganjaran maranehna mah, sakitu-kituna" (Mateus 6:5). Urang kedah tiasa nebihkeun diri tina cocobi ngagulkeun maneh di payuneun jalmi sanes, wios mung Gusti nyalira nu terang kumaha nyaahna urang ka Mantenna.

Saurang jalmi pinter nyarios kieu, "upami aranjeun nyalira aya di kamar bade nyanggakeun paneda, kedah yakin yen aranjeun teh saleresna duaan sareng Gusti."

Ajaran Gusti "lebet ka kamar sareng rekepkeun pantona" sanes hartosna urang mung tiasa ngayakeun hubungan sareng Gusti upami pantona dikonci. Ieu saleresna hartosna jalmi anu mayunan Gusti kedah milari tempat anu tenang sareng sepi anu ngamungkinkeun urang muji ka Gusti, saleresna tiasa oge hiji tegalan sapertos dilakonan ku Yakub, atanapi dihandapeun tangkal sapertos nabi Natanael, di loteng sapertos Petrus, atanapi di luhur pasir sapertos Al-Masih.

"Neneda ka Rama nu di sawarga anu teu katingal...," dawuh Al-Masih guru anu ngawulang paneda. Mantenna miharep urang ngartos yen Gusti teu tiasa ditingal ku soca badani urang tapi mung tiasa ku soca rohani urang. Cahayana nyaangan unggal hate jalmi anu nyembah Mantenna sareng ngaleupaskeun diri tina kaduniawian, masrahkeun diri kana pimpinan Roh Suci anu tiasa nyandak urang ka payunan Gusti Allah. Karusiahan, panto anu dikoncikeun, sareng misahkeun diri tina hal-hal anu aya di sakuriling urang, mangrupikeun hiji hartos yen urang nyiapkeun tempat anu tenang, anu suci, supados urang tiasa ngaraoskeun kasampurnaan Gusti jero kana manah urang sareng kaasih-Na anu aya di lebet Gusti anu janten Rama urang. Gusti nyalira nu terang kumaha nyaahna urang ka Mantenna.

Saurang jalmi pinter nyarios kieu, "upami aranjeun nyalira aya di kamar bade nyanggakeun paneda, kedah yakin yen aranjeun teh saleresna duaan sareng Gusti."

Ajaran Gusti "lebet ka kamar sareng rekepkeun pantona" sanes hartosna urang mung tiasa ngayakeun hubungan sareng Gusti upami pantona dikonci. Ieu saleresna hartosna jalmi anu mayunan Gusti kedah milari tempat anu tenang sareng sepi anu ngamungkinkeun urang muji ka Gusti, saleresna tiasa oge hiji tegalan sapertos dilakonan ku Yakub, atanapi dihandapeun tangkal sapertos nabi Natanael, di loteng sapertos Petrus, atanapi di luhur pasir sapertos Al-Masih.

"Neneda ka Rama nu di sawarga anu teu katingal...," dawuh Al-Masih guru anu ngawulang paneda. Mantenna miharep urang ngartos yen Gusti teu tiasa ditingal ku soca badani urang tapi mung tiasa ku soca rohani urang. Cahayana nyaangan unggal hate jalmi anu nyembah Mantenna sareng ngaleupaskeun diri tina kaduniawian, masrahkeun diri kana pimpinan Roh Suci anu tiasa nyandak urang ka payunan Gusti Allah. Karusiahan, panto anu dikoncikeun, sareng misahkeun diri tina hal-hal anu aya di sakuriling urang, mangrupikeun hiji hartos yen urang nyiapkeun tempat anu tenang, anu suci, supados urang tiasa ngaraoskeun kasampurnaan Gusti jero kana manah urang sareng kaasih-Na anu aya di lebet Gusti anu janten Rama urang.

NAON SARATNA SUPADOS PANEDA URANG DIDANGU KU GUSTI?

Al-Masih ngadawuh, "Lamun maraneh tetep di Kami, tetep tigin kana piwuruk Kami, masih nyuhunkeun naon bae oge tangtu dikabulkeun" (Yohanes 15:7). Yohanes oge nyarios kieu, "Jadi, dulur-dulur, lamun tina budi rasa teu aya dakwaan naon-naon mah urang teh tangtu teger di payuneun Allah. Naon bae nu ku urang disuhunkeun ka Mantenna bakal dipaparinkeun, lantaran urang nurut kana timbalana-Na jeung milampah anu kamanah ku Mantenna. Ari parentah Mantenna nyaeta urang kudu percaya ka Al-Masih Putra-Na, reujeung kudu silih pikanyaah sakumaha anu dipiwarang ku Al-Masih" (I Yohanes 3: 21-23).

Di dunya ieu kawasa sareng pangaruh saurang "pengantara", didasaran tina kaayaan pengantara kuanjeun sareng sakumaha caketna hubungan jalmi anu ngayakeun hubungan. Kitu oge Gusti, waleran paneda didasaran kana pribadi Al-Masih anu janten hiji-hijina perantara, sareng kaayaan anu diperyogikeun kangge nyandak urang ka payuneun Gusti nyaeta, "Upami urang aya dilebet Mantenna, sareng dawuhana-Na aya dilebet urang."

Al-Masih ngajelaskeun hartos "cicing dilebet" dina dawuhana-Na, "Kami teh tangkal anggur nu sajati, Ama Kami anu jadi tukang kebonna. Unggal dahan Kami anu teu daekeun buahan ku Mantenna ditilas, ari nu sok baruahan dauna dipangkas diberesihan, supaya buahanana laleubeut. Maraneh geus diberesihan ku pangajaran anu diwurukkeun ku Kami. Sing tetep ngahiji di Kami, Kami oge baris tetep ngahiji di maraneh. Maraneh anu jadi dahan- dahan moal baruahan lamun henteu ngahiji di Kami, sabab dahan mustahil buahan lamun heunteu ngahiji dina tangkalna. Kami tangkalna, maraneh dahan-dahanna. Sakur anu tetep di Kami sarta Kami tetep di manehna, tangtu buahan jeung leubeut; sabab lamun henteu jeung Kami mah maraneh moal barisa naon-naon. Dahan anu heunteu tetep di kami bakal dipiceun sina garing. Dahan-dahan anu karitu bakal ditumpukeun tuluy dialung-alungkeun kana seuneu hurung, beak diduruk. Lamun maraneh tetep di Kami, tetep tigin kana piwuruk Kami, masih nyuhunkeun naon bae oge tangtu dikabulkeun. Kamulyaan Ama Kami bakal tembong lamun maraneh nu jadi dahan-dahan baruahan leubeut, sarta ku lantaran kitu maraneh jadi murid-murid Kami" (Yohanes 15:1-8).

Unggal jalmi percanten anu gaduh iman anu beresih sareng leres-leres, mangrupikeun dahan dina tangkal anggur nyaeta Al-Masih, jalmi percanten anu tiasa baruahan di lebet Gusti, anu ngalakonan parentahna, sareng nu hirup saluyu sareng dawuhana-Na. Jalmi anu gaduh manah sapertos kieu anu panedana didangu ku Gusti.

Saleresna anu dipiharep tina unggal jalmi percanten nyaeta tetep ngahiji di lebet Al-Masih, nyepeng parentah- parentahNa, leumpang dina kataatan anu kaluar tina manah anu beresih, aya dina naon-naon anu dikecapkeun, sareng sagala anu dilakonan dina kahirupan sadidinten. Ku jalan kitu saurang jalmi tiasa aya dilebet jalan Gusti, sareng Gusti bakal nyumponan panedana.

Seueur diantawis urang tumaros, kunaon jalmi percanten tiasa gagal dina kahirupan anu diberkahan sapertos kitu, hirup buahan sapertos hiji dahan dina tangkal? Gusti Allah merhatoskeun upami aya hal-hal awon anu ngahalangan hirup rohani urang, anu nyababkeun urang teu buahan, pasti Mantenna ngusahakeun kangge ngabersihan naon-naon wae anu ngaruksak dahan nyaeta urang sadaya.

Alkitab masihan conto-conto kawasa paneda dina kahirupan Abraham, Musa, Elia, sareng ngajentrekeun kahirupan aranjeunna anu baruahan. Upami kahirupan aranjeunna ku urang ditalungtik, urang tiasa mendakan yen sateuacan aranjeunna kenging hak anu kacida istimewana, aranjeunna nampi disiplin ti Gusti balas pinuh kasuka, taat kana parentah-parentah-Na, nebihkeun diri tina kaduniawian anu nuju di kawasaan ku iblis. Aranjeunna gaduh kahirupan anu benten, aranjeunna nyanggakeun paneda di lebet Roh Suci, sareng ku manah anu pinuh ku kaasih aranjeunna ngalakonan Dawuhan Gusti.

Kumargi kitu para saderek, upami para saderek hoyong kenging kahormatan anu sajati, janten jalmi anu nyanggakeun paneda dina jalan nu leres, pasrahkeun diri pribadi ka Gusti Allah nu Maha Suci, sawaktos Mantenna kersa ngaberesihan urang tina hal-hal anu ngahalangan urang dina ngamulyakeun Gusti. "Gunting" anu diangge kangge ngaberesihan urang nyaeta dawuhan Gusti sapertos anu didawuhkeun ku Gusti, "Maraneh geus diberesihan ku pangajaran anu diwurukeun ku Kami" (Yohanes 15:3). Sareng numutkeun paneda Al-Masih anu nilai sapa'atna langgeng kangge urang sadaya, "Mugi maranehna dijadikeun kagungan Ama anu disahkeun ku kaestuan. Nya pangandika Ama kaestuan teh" (Yohanes 17:17).

NAON RUSIAHNA PANEDA ANU DIMAKBUL?

"Percanten ka Gusti."Al-Masih ngawaler, "Nu matak kudu percaya ka Allah. Kami ngabejaan: Saha bae ge bisa nitah ka ieu pasir sina ngajungjung terus ngunclungkeun maneh ka laut, tangtu kajadian. Tapi ulah cangcaya, kudu percaya enya-enya dina hate yen omonganan bakal kajadian. Ku sabab eta Kami ngabejaan, lamun maraneh neneda jeung aya nu dipenta, kudu percaya yen pamenta maraneh saenyana geus dikabul, menta naon ge tangtu dibere" (Markus 11:22-23). Ieu mangrupi dawuhan ajaib anu masihan jaminan kangge urang sadaya yen iman mangrupi rahasia paneda anu dimakbul, anu manah Gusti. Gusti masihan 2 hal penting dilebet hal paneda ;

Katiginan Sareng Hate Nu Hanaang

Nabi Yermia nyeratkeun dina Yermia 29:12-13, "Geus kitu maraneh, bakal daraek ngumaha ka Kami. Maraneh tangtu dararatang mawa paneda, ku Kami ge tangtu dimakbul. Maraneh bakal nareangan Kami jeung tangtu kapanggih, sabab engke mah neanganana enya-enya terus jeung hate." Sumanget sareng katiginan hate mangrupi cipatina paneda, upami sumanget ieu ngendoran, panedana oge janten ngendoran. Niat sareng kahayang kedah dimurnikeun heula, teras kedah aya dina paneda urang.

Jalmi anu ngagaduhan iman tiasa ngagaduhan hasrat kana berkah-berkah rohani, tapi di sisi sejenna, upami sumanget kaduniawian masih keneh minuhan manahna, dugi jalmi eta teu gaduh kakiatan dilebet paneda anu didugikeun kuanjeunna, teu gaduh hak-hak sajati dina naon anu janten piunjukna kumargi anjeunna teu satia kana naon anu didawuhkeun ku Gusti anu dumasar, sapertos kaserat kieu, "Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah. Sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin" (Mateus 6:33).

Iman

"Ku sabab eta Kami ngabejaan, lamun maraneh neneda jeung aya anu dipenta, kudu percaya yen pamenta maraneh saenyana geus dikabul, menta naon ge tangtu dibere" (Markus 11:24). Kulantaran iman urang tiasa percanten ka Gusti, oge nampi Al-Masih. Kulantaran iman oge urang tiasa nyanggakeun paneda ka Gusti Allah. Sami halna ku iman urang meunangkeun kahirupan paneda sareng kawasana. Urang kedah diajar teras perkawis hakekat iman, sareng diajar ngalakonan kahirupan nu didasaran iman, sareng nyanggakeun paneda dilebet iman.

"Sing percanten ka Gusti," saur Gusti, sawaktos Mantenna nyarioskeun perkawis iman ngalihkeun hiji pasir. Hal ini kajantenan kangge umat anu percanten ka Al-Masih. Ku iman sapertos kieu urang Kristen tiasa ngadamangkeun jalmi anu katerapan panyawat, mujijat sareng sanes deui. Iman masihan kakiatan kanggo urang ngantosan waleran ti Gusti.

Upami urang hoyong pisan kahirupan paneda sareng sapa'at anu pinuh ku kasukaan, kawasa sareng berkah, urang kedah diajar teras-terasan hartos iman sareng hakekatna, kumargi iman aya hubunganana sareng Gusti sacara pribadi sareng saluyu sareng pangaweruh ka Gusti dilebet dawuhana-Na anu kaserat dilebet Kitab Suci.

Iman ngadamel urang tiasa ningal waleran ti Gusti, sateuacan ningal kanyataan tina naon anu janten paneda urang. Iman tiasa ningal naon anu teu katingal. Katingalna na mah siga aneh, tapi estu anu teu katingal ieu mangrupikeun puserna paneda. Berkah sawarga teh nyaeta waleran Gusti kana paneda urang, dina rohani urang, urang tiasa terang naon anu teu acan tiasa katingal ku soca badani urang. Hal ieu anu tiasa aya kulantaran iman, kangge jalmi anu milari Gusti sareng walerana-Na, anjeunna pasti nampi jaminan yen naon wae anu janten kahoyongna tangtos dikabulkeun, numutkeun dawuhan Gusti, "Kudu menta, tangtu bakal nampa, kudu neangan, tangtu bakal manggih, kudu ngetrokan, tangtu dibuka pantona" (Mateus 7:7).

Gusti ngadawuh, "Ku sabab eta Kami ngabejaan, lamun maraneh neneda jeung aya anu dipenta, kudu percaya yen pamenta maraneh saenyana geus dikabul, menta naon ge tangtu dibere" (Markus 11:24). Ieu sadaya mangrupi jaminan kangge jalmi anu nyanggakeun paneda ka Gusti, yen Gusti Allah ngadangu paneda anu didasaran ku iman percaya, sareng tangtos Mantenna kersa ngawaler. Awitan sadayana ku iman, saderek nu dipikaasih ku Gusti, sawios saderek nembean ngalakonanana. Sawios imanna alit asal beresih sareng tulus. Mangga diajar hirup anu enggal dilebet paneda, saderek dijamin nampi anugerah di lebet Al-Masih.

Anugerah ieu tiasa nuyun para saderek, sakedik-sakedik, kangge satia dina nyanggakeun paneda. Nampi Roh Suci anu didamel di lebet manah saderek. Gusti ngadawuh, "Upama maranehna neneda, memeh amin ku Kami geus dikabulkeun" (Yesaya 65:24). Mantenna bade midamel naon wae anu parantos didawuhkeun, sareng urang sadaya ngalakonan neneda sareng nyembah ka Mantenna anu mangrupi bagian urang.

SAHA ANU MINGPIN PANEDA-PANEDA URANG?

Upami urang aos dina Rum 8:26 aya kaserat kieu, "Roh Allah oge kitu, sumpingna nulungan teh lantaran urang lemah. Urang mah heunteu terang kumaha kuduna neneda. Nya Roh ku anjeun anu melas melis ka Allah mangunjukkeun kecap-kecap anu heunteu bisa kedal". Sareng dina Epesus 6:18 kaserat, "Lampahkeun eta sakabehna dibarengan ku paneda nyambat pitulung Allah. Dina sagala perkara kudu neneda nurutkeun pituduh Roh Allah. Jadi kudu terus waspada, ulah eleh ku hoream. Ulah kendat mangnedakeun sakabeh umat Allah."

Roh Suci mangrupi Roh paneda, Roh berekah sareng piunjuk anu dibahekeun kana manah jalmi anu gaduh iman ka Gusti. Roh Suci kumanten anu mingpin paneda, anu janten nahkoda paneda urang sareng ngadugikeun paneda urang dilebet kecap-kecap anu teu tiasa diucapkeun ka payuneun Al-Masih nu linggih ditengeneun Gusti Allah di sawarga. Kitab Suci nyarioskeun, "Roh kumanten, sauyun sareng pangersa Gusti, nyanggakeun paneda kangge urang sadaya dilebet Roh sareng kaestuan."

Hakekat paneda saleresna mangrupi eunteung tina Roh Suci anu aya di lebet manah urang sadaya. Urang sadaya kedah ngarep-ngarep Roh Suci, gaduh kapercantenan, sareng nyarandekeun maneh ka Mantenna. Kakuciwaan sareng kagagalan dina paneda, asal muasalna tiasa tina kirang pasrahna urang kana panuyun Roh Suci; anu hartosna gagal ti dasarna keneh. Paneda anu leres, anu hasil nyaeta paneda anu masihan tempat salega-legana ka Roh Suci.

DILEBET NAMI SAHA SAKEDAHNA URANG NYANGGAKEUN PANEDA?

Al-Masih ngadawuh, "Jeung naon bae anu disuhunkeun ku maraneh make ngaran Kami, tangtu ku Kami dikabul, supaya ku jalan Kami kaagungan Rama jadi nyata katembong. Lamun maraneh nyuhunkeun ka Kami nyebut ngaran Kami, ku Kami tangtu dikabul" (Yohanes 14:13-14). Al-Masih miharep urang masrahkeun kapercantenan diri urang sagemblengna kalebet kawasa nami-Na, da mung ka Mantenna sadaya mahluk nyarembah, sareng mung di lebet Mantenna sadaya paneda diwaler.

Aya hiji hal anu kedah dipikahartos ku urang, yen neneda dilebet Al-Masih sanes hartosna urang nyebatkeun asma-Na ti ngawitan paneda sareng panungtungna wungkul, tapi langkung ti eta, jalmi percanten kedah nyanggakeun paneda di lebet Roh Al-Masih sareng dilebet kaasih sareng pribadi Al-Masih.

Kecap, "Jeung jaon bae anu disuhunkeun ku maraneh make ngaran Kami, tangtu ku Kami dikabul", hartosna upami paneda disanggakeun ka payuneun Allah Rama, anu bade ngawaler teh Al-Masih di lebet asma-Na sareng kawasa-Na kuManten. Jalmi percanten nyanggakeun paneda dilebet nami Al-Masih, sareng Anjeunna midamel dilebet nami Rama.

Kanyataanana upami saurang jalmi percanten, nu kahiji nu kedah diemut nyaeta kamulyaan sareng karajakayaana-Na sareng sapa'at-Na anu janten dasar iman percanten urang. Kumaha oge upami jalmi eta aya paningkatan di lebet anugerah sareng dina pangaweruh ka Gustina, anjeunna tiasa lebet ngahiji sareng Al-Masih. Anu hasilna anjeunna diajar kanggo nyanggakeun paneda dilebet nami Al-Masih anu sami hartosna sareng nyanggakeun paneda dilebet Roh Al-Masih. Hartos sanesna mah dina ngahijina urang sareng Al-Masih masihan ka urang hubungan anu raket dina sipat illahi-Na anu tangtos masihan ka urang kawasa paneda di Mantenna. Paneda urang tiasa saluyu sareng paneda Mantenna.

Gusti ngadawuh, "Lamun maraneh tetep di Kami, tetep tigin kana piwuruk Kami, masih nyuhunkeun naon bae oge tangtu dikabulkeun" (Yohanes 15:7). Ieu hartosna jalmi percanten, anu Al-Masih aya dilebet manahna, tiasa ngaraoskeun nikmatna sagala kawasa anu dilungsurkeun di lebet nami Al-Masih. Hal ieu sanes hal nu aneh, kumargi Mantenna parantos ngawulang ka urang sadaya paneda anu sarupi kitu; neneda di lebet namiNa hartosna neneda sami sapertos paneda Mantenna, neneda ngahiji sareng Al-Masih dina kaIlahiana-Na.

SAHA ANU NGABELA URANG?

Al-Masih ngadawuh ka urang kumaha carana nyanggakeun paneda anu leres sareng ku dawuhana-Na urang tiasa ngartos naon hartos paneda dilebet nami-Na. Ieu ngemutan ka urang kanggo kenal ka Mantenna dilebet kawasa-Na nyaeta Nu Ngabela sareng Juru Sapa'at urang.

Mantenna mungkas dawuhan paturayana-Na sareng murid-murid-Na dina paneda sapa'at, kanggo matri kana naon anu parantos dilakonan, "Ayeuna Abdi mangnedakeun maranehna...Mugi maranehna diraksa ku kakawasaan jenengan Ama... Mugi maranehna dijadikeun kagungan Ama anu disahkeun ku kaestuan" (Yohanes 17: 9,11,17).

Urang teu kedeh hamham deui, paneda ieu mangrupikeun conto sapa'at-Na di sawarga. Diilhaman ku kaestuan ieu rasul Paulus nyarios kieu, "Ku lantaran kitu Al-Masih salawasna tiasa nyalametkeun manusa anu datang ka Allah liwat Anjeunna, sabab Anjeunna, anu jumeneng salalanggengna bakal mangmundutkeun kasalametan manusa ka Allah" (Ibrani 7:25) - nyaeta Nu Ngabela sareng Juru Sapa'at urang.

Ieu mangrupi salah sahiji ayat anu ngajentrekeun yen, Al-Masih teras midamel panyalametana-Na di sawarga sapertos anu dilakonan ku Mantenna di dunya, dilebet hubungan anu teu kapisahkeun sareng Allah Rama, dilebet sapa'at anu langsung disanggakeun ka Allah Rama. Sadaya padamelan anu aya patalina sareng anugerah Gusti teras-terasan diaping ku sapa'at Mantenna sareng unggal berekah anu lungsur ti sawarga, sadayana mangrupikeun hasil padamelan Al-Masih anu ngabela jalmi percanten di payuneun Allah Rama.

Teu lepat deui, belana Al-Masih kabuktosan dina pupus-Na di salib sareng kamulyaan anu dipigaduh ku Mantenna anu linggih ditengeneun Allah Rama. Sawaktos Mantenna masrahkeun diri kanggo kurban anu nebus dosa umat manusa, Mantenna gaduh hiji tujuan: Kamulyaan Gusti Allah ngawujud di lebet umat-Na. Ku sapa'atna tujuan ieu kacumponan, kumargi awitanana Gusti parantos dimulyakeun di lebet kasalametan umat manusa anu kapungkur pinuh ku dosa ku jalaran dadamelan Al-Masih - anu saterasna janten jalan panyampurnaan; manusa anu ayeuna janten pujian kanggo kamulyaan Gusti. Janten ku bela sareng sapaat Gusti anu dilakonan dina paneda, aya jaminan yen; diwangunna manusa enggal anu engke janten sampurna sareng dilengkepan dina kalanggengan.

NAON SARAT-SARATNA SUPADOS PANEDA URANG DITAMPI KU GUSTI?

Aya kaayaan sareng sarat-sarat anu kedah dicumponan supados paneda urang tiasa ditampi. Hakekatna mah nu kedah diperhatoskeun supados paneda urang tiasa dugi ka payuneun Gusti nyaeta;

  1. Paneda Leres Kaluar Tina Manah.

    Di lebetna aya niat, hasrat, kahoyong, rasa, sareng pikiran. Gusti anu apal kana eusi manah hiji-hijina jalmi, teu peryogi kecap anu dihuas hias sareng ginding heunteuna urang. Paneda anu asalna sanes tina batin moal nyenangkeun manah Gusti, sareng moal ditampi ku Mantenna.

  2. Kedah Takzim Dina Nyanggakeun Paneda.

    Urang kedah tetep nempatkeun Mantenna dina kaagungana-Na, kasuciana-Na, kaMahaterangana-Na, sareng kakawasaana-Na. Ngadasaran paneda urang kana pangersa Gusti nu mangrupi dasar-dasar tina kapercayaan anu estu. Sadaya mahluk ciptaan ngamulyakeun Gusti, aranjeunna teu wantun sumping kapayuneun Gusti sakahayang sorangan, tapi pinuh ku rasa hormat ka Nu dimulyakeun. Para malaekat oge sumping ka Gusti disarengan ku rasa hormat ka Nu janten Raja. Kitu deui urang nu janten mahluk ciptaan anu dipikaasih ku Mantenna kedah sumping ka payuneun Allah kalayan manteng. Paneda kedah dipinuhan ku ucapan sukur sareng puja ka Mantenna.

  3. Dina Nyanggakeun Paneda, Urang Kedah Gaduh Manah Handap Asor.

    Urang kedah sadar yen kapungkur sateuacan urang kenging panebusan, urang sama sekali teu aya hargaan anu disababkeun ku dosa anu dilakonan ku urang. Mung kulantaran berkah Gusti, urang moal gaduh berkah anu kalintang ageungna nyaeta tiasa nyarios sacara pribadi sareng Gusti. Namung kitu urang tetep kedah gaduh rasa hormat ka Mantenna, ku kamulyaana-Na, kukasuciana-Na, sareng kakawasaana-Na, urang tiasa miconto nabi Yesaya anu nyarios kieu; Ceuk kaula, "Tiwas aing! Sabab tiap ucap biwir aing teh doraka, jeung hirup teh campur jeung jalma- jalma anu saucap-ucapna jahat. Heug ayeuna nenjo Raja. PANGERAN Nu Maha Kawasa. Ku aing katenjo bungkeuleukan". (Yesaya 6:5)

  4. Paneda Kedah Disarengan Ku Manah Sumerah.

    Saha wae anu masrahkeun diri pribadi ka Gusti Allah kalayan pasrah, anjeunna kedah nyarios kieu, "Nun Gusti, mugi sanes kahayang abdi anu kajantenan, tapi sawios pangersa Gusti anu laksana." Sapertos murangkalih anu kedah nuturkeun lengkah-lengkah anu janten bapa, komo deui urang ka Ama urang nu di sawarga, sabab mung Mantenna nu terang hal nu pangsaena kanggo urang sadaya nu janten putra-Na.

  5. Paneda Teh Kedah Disarengan Ku Iman.

    Mung paneda anu disarengan iman nu didangu ku Gusti, jalmi anu hamham moal nampi nanaon ti Gusti. Upami urang gaduh kahoyong, urang kedah percanten yen;

    1. Gusti jumeneng salalamina.

    2. Gusti tiasa ngadangu sareng ngawaler paneda urang.

    3. Gusti kersa ngawaler paneda, malahan mah eta mangrupi kasukaan Gusti; Mantenna jumeneng dilebet puja sareng panyembahan urang.

    4. Gusti tangtos ngawaler, upami paneda urang saluyu sareng pangersa-Na sareng ngarep-ngarep hal anu memang perlu keur urang.

    5. Gusti tangtos ngawaler, upami paneda urang sauyun sareng rarancang kasalametan jalmi sejen sareng eusi dunya, anu dilebetna aya sapa'at kangge unggal putra-putra Gusti.

  6. Paneda kedah didugikeun kangge ngamulyakeun Gusti.

    Paneda teh sanes sakadar kangge kapentingan diri sorangan, atanapi hawa napsu anu ngagambarkeun kasarakahan.

  7. Paneda Kedah Disanggakeun Di Lebet Nami Al-Masih

    Mung Al-Masih anu mangrupi jalan kangge urang mayunan Gusti Allah. Dina Yohanes 14:13-14 diserat, "Jeung naon bae anu disuhunkeun ku maraneh make ngaran Kami, tangtu ku Kami dikabul, supaya ku jalan Kami kaagungan Rama jadi nyata katembong. Lamun maraneh nyuhunkeun ka Kami nyebut ngaran Kami, ku kami tangtu dikabul."

  8. Paneda Kedah Saluyu Sareng Rarancang Sareng Pangersa Gusti.

SABARAHA KALI DINA SADINTEN URANG NYANGGAKEUN PANEDA?

Di lebet kitab urang Yahudi (Talmud), aya seratan yen dina sadinten teu kenging nyanggakeun paneda langkung ti tilu kali dina sadinten, bilih Gusti bosen upami ngadangu paneda unggal jam. Tapi Al-Masih ngadawuh yen urang kedah salawasna rajin neneda jeung ulah leutik hate (Lukas 18:1). Ieu teh sanes hartosna urang kedah neneda salami 24 jam teu aya lirenna, tapi maksadna urang kedah teu aya bosenna nyanggakeun paneda.

Kitab Suci teu nyarioskeun sabaraha kali urang kedah neneda, mung seueur conto-conto jalmi dina alkitab anu gaduh waktos anu teratur dina sadinten kangge nyanggakeun paneda. Nabi Daniel, biasa neneda dina waktos enjing, siang sareng wengi. Raja Daud nyarios, "Tujuh kali sadintenna abdi muji sukur ka Gusti" (Jabur 119:164). Injil nyeratkeun yen Al-Masih biasa gugah dina wanci subuh teras angkat ka tempat anu simpe kanggo neneda. "Poe isukna subuh-subuh keneh Al-Masih kaluar ti eta imah, ngabujeng hiji tempat sepi di luar kota, sembahyang" (Markus 1:35). Upami urang perhatoskeun kahirupan jalmi nu satia neneda di luar alkitab, urang sadaya tiasa nyutat yen seuseueurna aranjeunna neneda dina wanci enjing-enjing, sateuacan ngalakonan sagala rupi kagiatan dina dinten eta. Dina wanci subuh rohani urang beresih keneh, ku sabab kitu dawuhan Gusti tiasa langkung nyerep kana manah urang. Salian ti eta urang kedah masihan nu pangutamana sareng pangsaena kanggo Gusti urang.

Saurang alim ulama kantos nyarios, "Wanci subuh mangrupi panto dina dinten, saena kedah dijagi sareng diawalan ku paneda." Anu sanes nyarios kieu, "Wanci subuh mangrupi tali anu meungkeut anu ngahijikeun sadaya naon nu dilakonan ku urang dina sadinten, kumargi kitu saena mah tali pameungkeut ieu diwujudkeun dilebet paneda."

Saleresna hakekat rohani tina Injil teu ngatur kedah sabaraha kali sadinten, sareng sabaraha lami, tapi gumantung kana apingan sareng pingpinan Roh Suci nu dilebet urang sadaya. Saha bae anu hatena kabeungkeut ku Gusti, aranjeunna pasti neneda balas satia. Panedana teu dibates ku susunan kecap anu ngamulyakeun Gusti wungkul, tapi ngandung sagala anu nggambarkeun kamulyaan Gusti. Sanes kecapna nu ditingal, tapi Roh nu aya di lebet paneda eta nyaeta Roh Al-Masih, anu langkung ti sakadar ngalakonan kawajiban agama.

Leres Al-Masih masihan pola hirup neneda ka murid-murid-Na tapi hal ieu sanes paneda anu kaku. Sawaktos "Paneda Gusti" diwulangkeun ku Al-Masih, Mantenna ngararancang hal eta kanggo binih paneda anu tiasa disebarkeun, ngembangan sareng buahan. Anu janten pangersa-Na nyaeta urang neneda di lebet Roh sareng kaestuan.

Appendix A. PATAROSAN ANU KEDAH DIWALER KU SADEREK.

Saderek anu kaasih, manusa mung tiasa ngabukakeun naon nu kahartos ku akal manusa. Aos buku ieu sing taliti, teras cobi waler patarosan nu aya dihandap ieu.

  1. Naha neneda dilakonan kumargi mangrupi kabutuhan manusa tidituna atanapi kumargi panedana pasti dimakbul?

  2. Naon saleresna paneda teh, sareng naon mangpaatna?

  3. Kumaha sakedahna sikep batin urang dipayuneun Gusti sawaktos urang nyanggakeun paneda?

  4. Sabaraha kali dina sadinten sakedahna urang nyanggakeun paneda?

  5. Di mana sakedahna urang pribadi nyanggakeun paneda?

  6. Naon saratna supados paneda urang tiasa ditampi ku Gusti?

  7. Naon rusiahna supados paneda urang diwaler?

  8. Naon anu nyababkeun paneda urang teu diwaler?

  9. Naon hartosna nyanggakeun paneda dilebet nami Al-Masih?

  10. Naon nu dilakonan ku Al-Masih di sawarga?

  11. Naon nu kedah dipercanten ku urang dina paneda urang?

  12. Kumaha carana supados urang tiasa miceun rasa hoream dina nyanggakeun paneda?