Back to the item overview
NAON ANU KUDU DIPILAMPAH KU SIM KURING SANGKAN SALAMET?

NAON ANU KUDU DIPILAMPAH KU SIM KURING SANGKAN SALAMET?

English Title: "What must I Do to be saved?”

Iskander Jadeed

All Rights Reserved


KASALAMETAN

Kasalametan janten pokok nu utama jeung penting pikeun digunemcaturkeun, Panyalametan Agung jeung cara mibandana tos janten pangemut Allah timimitina. Kukituna pikeun ngawujudkeunana, Allah ngawujudkeun diri mangrupa daging nu hartosna Mantenna mijalma janten manusa. Kajurung ku pangabutuh nu nyedek ngeunaan kasalametan, urang kudu bisa manggihan harti jeung hakekatna. Hartina: urang kudu ngalenyepan naon nu sabenerna harti kasalametan jeung kunaon urang peryogi disalametkeun.

Ebreh pisan dina Alkitab jeung dina tugas poko Al-Masih yen kasalametan nyakup bebasna tina barogod dosa. Injil ngajelaskeun yen Al-Masih sumpingna ka dunya teh pikeun milari kalawan nyalametkeun nu sasab. Harti kasumpingan Al-Masih ka dunya ieu teh nyaeta pikeun nyalametkeun umat manusa nu keur leumpang kana kabinasaan ku karana loba nu sok mengpar tina aturan jeung ngalakonan dosa. Pikeun ngawujudkeunana, Al-Masih nyayogikeun sagala rupana, nepikeun kamasrahkeun hirup sareng nyawa-Na kanggo ngabela jalma-jalma nu darosa, Mantenna ngalakonan kitu teh ku bakating kukaasih sareng kadeudeuh kurnia Allah nu taya batesna.

Sateuacan pupusna, Pangeran Kent, ramana Ratu Victoria ti Inggris, kantos disumpingan ku dokter pribadina nu ngalilipur anjeunna, ceunah, "Rupina bae Kangjeng Raja mah kajaring kaaping soteh margi kasarengan ku kasolehan kangjeng Raja kumanten." Pangeran teh ngawaler, "Lamun tea mah hal eta teh enya, tapi kasalametan kaula lain didasaran kaula ngaku loba dosa, tapina Al-Masih nu sumping nyalametkeun kaula." Sang Raja tos nyebatkeun Dawuhan Gusti nu kantos didugikeun ku Rasul Paulus, "Kalimah, 'Al-Masih sumping ka dunya pikeun nyalametkeun jalma dosa,' teh memang wajib dipercaya sabab enya. Geuning bapa, sangkilang pangjahatna ge ti sakur anu doraka" (1 Timoteus 1:15).

Naon Nu Pantes Dipilampah Ku Sim Kuring Supaya Salamet?

Pananya ieu teh kantos dikecapkeun ku kapala panjara di Pilipi ka Paulus jeung Silas meh 2000 taun katukang. Jawabanana, "Kudu percaya ka Al-Masih, tangtu anjeun salamet, anjeun sakulawarga" (Rasul-Rasul 16:31). Basajan pisan jeung deui jelas yen manusa teh teu dipaksa supaya ngalakonan amal sareng ngupayakeun sagala rupa hal kahadean supaya salamet. Pikeun kasalametan ngan disadiakeun hiji-hijina jalan nyaeta percanten ka Al-Masih, taya jalan nu lianna. Malaekat Allah nyandak wartos yen Mariam kenging berkah, "Anjeunna bakal ngalahirkeun anak lalaki, ku maneh kudu dijenenganan Al-Masih - sabab bakal ngabebaskeun umat-Na tina dosa-dosana" (Mateus 1:21). Waktos Yahya Pembaptis ningal Al-Masih anjeunna sasauran, "Tuh itu Anjeunna Anak Domba Allah, anu bakal ngaleungitkeun dosa ti alam dunya!" (Yohanes 1:29).

Kapercantenan kana kasalametan nu boga jaminan pinuh tea, sanajan kumaha oge kedah disarengan ngangken dosa sajalan jeung kasauran rasul, "Sabalikna lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangji-Na, nya eta dihampura dosa, jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah" (1 Yohanes 1:9). Kadua kudu dibarengan ku tobat, "Jaman manusa teu terang ka Allah ku Allah parantos teu diemut-emut. Ayeuna Mantenna mundut supaya manusa di mana-mana tarobat tina dosana" (Rasul-Rasul 17:30). "Ku sabab kitu ayeuna aranjuen the kudu tarobat, kudu marulang deui ka Allah sangkan ku Mantenna dihampura" (Rasul-Rasul 3:19).

Kusabab kitu dina hakekatna, iman atanapi kapercantenan kedah disarengan ku ngangken dosa tur tobat. Nu saleresna mah malik ka urang keneh bae, naha narima atanapi nampik kana kaasih kadeudeuh kurnia Allah nu ngajangjikeun kasalametan.

1. KASALAMETAN TINA HUTANG DOSA

Ngagunakeun loba misil, Al-Masih ngajelaskeun yen dosa teh mangrupakeun hutang. Ku misil "BADEGA NU BENGAL" Mantenna sasauran, "Sabab Karajaan Sawarga teh saperti misil hiji raja anu rek mereskeun hutang badega-badegana. Sanggeus ngayakeun pamariksaan, aya badega nu dideuheuskeun, hutangna jutaan" (Mateus 18:23-24). Dina misil anu sejenna, Manteunna sasauran kieu, "Aya dua jelema baroga hutang ka tukang nginjeumkeun duit. Nu saurang lima ratus uang perak, nu saurang deui lima puluh uang perak. Ku sabab teu barisaeun mayar, hutang maranehna dibebaskeun ku nu boga duitna. Cik, anu mana anu bakal leuwih nyaaheun ka eta jelema?" (Lukas 7:41-42).

Dosa sabenerna hutang nu teu kalunasan ku unggal jalma ka Allah. Sanajan kumaha oge sipat sarta wujudna, gede atawa leutikna hutang tea, keur mayarna saurang oge taya nu sanggup, hal nu sarupa kitu teu kahontal ku manusa.

Sabab unggal dosa nu dipilampah sanajan kadiri urang sorangan atawa ka batur sarua bae ngaraheutkeun manah Gusti Allah, kanyataan ieu teh keuna ku widang hukum nu saperti kieu, "Sabab upahna dosa the, Maot; sabalikna, berkahna sih kurnia mah, hirup langgeng jeung Isa Al-Masih, Gusti Jungjunan urang" (Rum 6:23). Kitu tah kaasih kadeudeuh nu agung nu pinuh kukahadean tur kamurahanna-Na, siap ngahampura tur mohokeun, tangtuna oge ku sarat-sarat nu aya dina Injil, dosa naon bae atawa sakumaha gedena dosa teh. Kaserat oge kieu, "Sanggeus Hukum Agama Yahudi diturunkeun, beuki loba anu nyarieun kasalahan. Tapi beuki nemen jelema-jelema nyarieun dosa, Allah beuki tambah mikaasihna" (Rum 5:20). Tah ieu nu disebut panglipur galih nu sajati, nu leuwih amis tibatan kapengkuhan dina kakuatan wibawa hukum nu teu pilih kasih. Sanggeus miboga panghampura pikeun jalma dosa nu geus tarobat, kujalan getih nu ngucur tina salib-Na, Injil Al-Masih masihan umat manusa panghampura. Kabeungkeut ku kaasih ka Nu ngahampura manehna, hiji jalmi langkung jero manehna kajiret dosa samemeh dilahirkeun deui, langkung leukeun wae manehna nyucikeun diri dipayuneun Allah jeung langkung siap taat ka Allah.

2. SALAMET TINA CANGKINGAN KAWASA DOSA

Bari ngararaoskeun ni'matna bebas tina hutang dosa nu beurat nindihan, manusa merelukeun pisan ngaleupaskeun diri tina cangkingan kawasa dosa jeung ngaleungitkeun kabiasaan jahat nu teu pantes. Maranehna henteu deui hirup nurutkeun hawa nafsu nu ngagorogotan maneh, mutuskeun hubungan jeung kahirupan dunya nu tata kahirupanana geus ragrag kana cangkingan iblis.

Supaya bisa ngalaman kabebasan kitu, urang kudu unggul jeung terus ngalawan dosa pikeun nerapkeun kasalametan nu ku urang geus di pimilik, saperti nu disebatkeun ku Rasul Paulus dina suratna ka jamaah di Pilipi. "Kusabab kitu dulur-dulur, sanggeus urang pajauh kieu, papatah sim kuring teh turut sing leuwih ti waktu urang keur reureujeungan keneh. Sing terus rarajin jeung sieun ku Allah supaya kasalametan aranjeun jadi sampurna. Sabab Allah Kumanten oge aya sareng bareng damel di aranjeun, supaya aranjeun daraek jeung saranggup ngalakonan tujuan pangersa-Na" (Pilipi 2:12-13). Paulus oge nganjurkeun ka urang yen salah saurang nu geus disalametkeun ku dasar kaasih kurnia Al-Masih kudu nerapkeun kasucian dina kahirupanana sapopoe jeung ngabebaskeun dirina tina pangaruh dosa nepikeun ka maranehna meunang hak kamulyaan nu abadi. Hal ieu teh dinyatakeun dina surat Paulus ka urang Rum.

"Pek eta lalampahkeun kitu, da aranjeun ge tangtu ngarti, ayeuna teh geus waktuna kudu nyaring. Sabab kana waktu urang disalametkeun teh ayeuna mah geus leuwih deukeut ti batan bareto samemeh urang percaya" (Rum 13:11).

Singgetna kasalametan teh nyindekkeun bebasna saurang jalmi tina hutang dosa jeung jauhna tina barogod dosa nu nyusup kana roh jiwa kalawan badanna, lajengna panyalametan ieu teh teras-terasan nepi ka maranehna nangtung dipayuneun Allah jadi suci jeung mulus di lebet kaasih kadeudeuh Allah.

Sok aya patarosan, kunaon Allah teh sakitu ageungna merhatoskeun jalma dosa nu sipatna barontak, sok ngalanggar aturan nurutkeun kahayang sorangan? Sareng kunaon Allah teu ngantep umat manusa nanggung akibat kalakuanana keur narima buruhna nu saimbang jeung kajahatan nu geus dilakonan? Aya hiji jawaban kanggo patarosan ieu, dina Injil anu nyeratkeun perkawis Al-Masih, "Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng" (Yohanes 3:16).

Zaman baheula kacaritakeun aya saurang tukang ngabela perkara (pangacara) namina Tuan John Prentice, saurang ahli hukum nu nyindekkeun pangabelaanana keur hiji kasus ngecapkeun kieu, "Sim kuring geus maca dina hiji buku yen Allah dina sidang majelis abadi-Na janten hakim disarengan ku Kaadilan, Kayaktian sareng Rahmat-Na nuju ngabadamikeun hal nyiptakeun manusa. Kaadilanana ngawaler, 'Ulah nyiptakeun manusa sabab maranehna bakal nincakkan sagala hukum katangtuan-katangtuan jeung prinsip-prinsip Gusti.' Kayaktian ngawaler, 'Ulah nyiptakeun manusa sabab maranehna bakal ripuh jadina, ngudag dosa jeung kapalsuan.' Rahmat-Na ngawaler, 'Sim kuring nyaho manusa bakal jadi bokbrok, tapi sim kuring rek mayar hargana jeung leumpang marengan maranehna ngaliwatan jalan nu poek, nepikeun ka tuntungna sim kuring mawa maranehna ka Mantenna.'"

Allah nyiptakeun manusa dina kaayaanana nu sampurna tapi manusa nyalahgunakeun kabebasanana kana piragrageun dina nurutkeun kahayang sorangan nu direka ku sorangan nu ahirna ngagebruskeun kana jero dunya nu bejad. Tapi kaasih kurnia Allah satia ngajar tur ngaping sarta ngararancang kasalametan abadi anu sampurna. Percayakeun diri saderek kana kaagungan kaasih Allah nu estu dilebet Al-Masih, sapertos nu disaurkeun, "Ka darieu ka Kami, eh manusa sajagat! Tangtu maraneh salamet! Ngan Kami bae Allah teh" (Yesaya 45:22). "PANGERAN nimbalan, 'Hayu urang padukeun. Maraneh teh geus lestreng ku dosa, tapi ku Kami rek disina bodas beresih. Najan dosa maneh nepi ka beureum kawas getih, bakal jadi bodas kawas kapas...'" (Yesaya 1:18).

Ulah asa-asa buka manah saderek kanggo Al-Masih. Anjeunna ngantosan saderek, Anjeunna nyauran kalawan pinuh asih, "Ieu Kami geus ngetrokan panto. Anu malire kana sora Kami jeung muka panto, tangtu ku Kami dicalikan Kami rek milu dahar di imahna babarengan" (Wahyu 3:20).

JALAN KASALAMETAN

Pamohalan kasalametan tiasa kahontal ku kakuatan diri manusa, kasalametan teu bisa dipibanda di luar rarancang Allah. Mung Allah nu tiasa nyaluyukeun kaadilan, anugrah, kasucian sarta kaasih. Allah nyumponan hal nu kasebat eta ku jalan panebusan nu ajaib nu dilaksanakeun dina waktu nu mustari dirarancang di Golgota. Hal ieu teh sajalan sareng nubuat dina Mazmur, "Kaula keur ngaregepkeun GUSTI Allah sasauran; Mantenna ngajangjikeun katengtreman ka urang, umat-Na, asal urang ulah nyieun deui kagejulan. Geus pasti Mantenna kersaeun nyalametkeun sakur jalma anu hormat ka salira-Na, sarta Mantenna baris aya di nagri urang, kersaeun ngaraksa" (Jabur 85:9-10).

Hal nu matak helok panebusan geus ditetepkeun. Allah, dihiji sisi Nu kagungan kasucian, kaagungan tur sae manah pinuh ku kadeudeuh, leres-leres taya nu tiasa nyamikeun. Ari pek di sisi lianna, manusa nu pinuh ku dosa dikotoran ku tingkah laku nu sasab, tapi ditengah kadua sisi eta ngadeg kai palang. Dina kai palang Al-Masih dipaku pikeun nebus manusa nu ngabarontak, balas ngawawarkeun sarta nembrakkeun kaasih Allah. "Tah anu diwartakeun ku sim kuring teuh nya eta, Allah ku jalan Al-Masih ngayakeun damel supaya sakumna manusa dalit jeung Mantenna, dosa jeung kasalahan ku Allah geus henteu diemut-emut deui, sarta sim kuring ku Mantenna dipiwarang ngawartakeun hal eta" (2 Korinta 5:19).

Kasalametan nu ku Allah disayogikeun pikeun umat manusa, sanes mangrupikeun tindakan kapaksa nu asal jadi, ieu teh seueur buktina dina pakta sajarah, ngajentrekeun prinsip nu aya kaitan jeung kajadian dina panyaliban tea. Hiji rancangan nerapkeun kaasih nu taliti sarta nu ditangtukeun ti saanggalna, sajalan jeung kabijaksanaan nu sampurna, sareng pangersa Allah nu abadi. "Ku karana kaasih-Na, Allah geus nangtukeun yen urang baris diangkat jadi putra-putra-Na, ku jalan Al-Masih. Kitu pangersa jeung tujuan Mantenna. Haturkeun nuhun ka Allah. Kurnia-Na anu dipaparinkeun ka urang ku jalan Putra kaasih-Na teh kacida agungna. Sabab ku pupusna Al-Masih teh urang jadi leupas tina dosa, tegesna dosa-dosa urang dihampura. Maha Agung rahmat Allah anu dipasihkeun ka urang, sakitu jembarna! Kalawan bijaksana sarta pinuh ku ma'lum" (Epesus 1:5-8).

Nyata kasalametan nu Allah sayogikeun pikeun umat manusa mung ngawujud ku jalan panebusan Al-Masih nu dilakonan kalawan sampurna sarta dilunasan. Supaya rarancang ieu janten kanyataan, parantos janten kawajiban Logos (cariosan Allah) nu timimitina sasarengan sareng Allah, mijalma janten manusa sarta nyandak bagian dina kamanusaan kuayana daging tur getih supaya tiasa masrahkeun diri-Na dina mezbah nu mangrupa kai palang kanggo panebusan ngalunasan dosa sakabeh umat manusa. Kaserat, "Ku lantaran jelema-jelema nu ku Anjeunna disebut anak teh mahluk tina sipat daging jeung getih, Al-Masih ngajadikeun salira-Na sasipat jeung maranehanana, hirup Anjeunna sakumaha hirup maranehanana, sarta manah-Na ikhlas nyorang pupus, supaya ku jalan kitu iasa ngabinasakeun Iblis anu kawasa kana maot, sarta ku jalan kitu Anjeunna iasa ngabebaskeun manusa, anu saumur hirupna dikukuntit ku kasieun, sieun maot" (Ibrani 2:14-15).

AYAT-AYAT NU AYA PATALINA SARENG KASALAMETAN

  • Kudu percaya ka Isa Al-Masih, Gusti Jungjunan simkuring, saanak bogo tangtu salamet" (Rasul-Rasul 16:31).

  • Ku sabab kitu ayeuna aranjeun teh kudu tarobat, kudu marulang deui ka Allah sangkan ku Mantenna dihampura. Upama aranjeun tarobat, rohani aranjeun ku Pangeran bakal disegerkeun. Mantenna bakal ngutus Al-Masih ka aranjeun, sabab Al-Masih teh memang geus diajangkeun jadi Raja Salam pikeun nyalametkeun aranjeun" (Rasul-Rasul 3:19-20).

  • Kudu tarobat, jeung kudu dibaptis kalawan asmana Al-Masih, tangtu dosa-dosa aranjeun dihampura sarta bakal narampa sih kurnia Allah, nya eta Roh Suci" (Rasul-Rasul 2:38).

  • Sabalikna lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangji-Na, nya eta dihampura dosa, jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah" (1 Yohanes 1:9).

  • Lamun aranjeun ngaku jeung percaya yen Al-Masih teh Gusti, anu ku Allah geus digugahkeun tina maot, tangtu aranjeun salamet" (Rum 10:9).

  • Aranjeun oge pangna salamet teh ku karana sih kurnia Allah lantaran percaya ka Al-Masih, nugraha ti Allah, lain beunang ihtiar sorangan. Moal aya jelema anu salamet ku ihtiarna sorangan, jadi ulah nyombong ku hal eta" (Epesus 2:8-9).

  • Dupi hirup langgeng teh nya eta: Terang ka Ama, Allah sajati anu mung hiji, sareng ka utusan Ama, Al-Masih" (Yohanes 17:3).

  • Tapi ayeuna sanggeus ngahiji jeung Al-Masih, nu asal jauh ti urang Yahudi teh jadi raket, diraketkeun ku pupusna Al-Masih" (Epesus 2:13)

  • Lamun hirup urang geus dinu caang, sakumaha Mantenna anu jadi Cahaya Caang, eta ciri diri urang geus beresih tina dosa ku karana getih Al-Masih Putra-Na, sarta bakal bisa hirup sabeungkeut jeung pada batur" (1 Yohanes1:7).

  • Nya Allah ku manten anu nangtoskeun supaya sakumna sifat Allah tumerap ka Anjeunna, Putra-Na. Seug eta Putra-Na teh dianggo jalan supaya sakur nu aya di satungkebing langit jeung di satangkaraking jagat mulang deui kana cepengan Mantenna. Nya ku Putra-Na anu nepi ka pupus lantaran disalib, sakumna anu aya di bumi jeung di sawarga bisa diangken hade deui ku Allah" (Kolosa 1:19-20).

  • Aranjeun geus terang, naon anu ku Mantenna dianggo nebus aranjeun supaya bebas tina kalakuan anu taya paedahna tuturunan ti karuhun. Lain ku barang anu sok ruksak saperti upamana perak atawa emas, tapi ku anu kacida mulyana, ku anu diibaratkeun 'domba anu taya cacad kuciwana', nya eta Al-Masih anu dikurbankeun ka Allah. Al-Masih ku Allah geus dipilih ti samemeh dunya diadegkeun, sarta ayeuna dina mangsa-mangsa geus rek ahir jaman, Anjeunna sumping ka dunya baris nyalametkeun aranjeun" (1 Petrus 1:18-20).

  • Sabab ku pupusna Al-Masih teh urang jadi leupas tina dosa, tegesna dosa-dosa urang dihampura. Maha Agung rahmat Allah" (Epesus 1:7).

KAUNGGULANANA NGALAWAN DOSA

Saderek bakal ngaunggulan dosa kuayana kaasih kurnia Allah ka saderek, Allah moal ngantep nyapirakeun ka jalma nu percaya ka Mantenna. Ulah ngupayakeun diri sorangan sarta hayang ngabebaskeun diri tina dosa jeung ngahontal kasalametan, Allah mah salalanggengna ngabantu, nulungan ka jalma nu percaya, seperti nu tos disaurkeun ku Rasul Paulus, "Ku sabab kitu dulur-dulur, sanggeus urang pajauh kieu, papatah sim kuring teh turut sing leuwih ti waktu urang keur reureujeungan keneh. Sing terus rarajin jeung sieun ku Allah, supaya kasalametan aranjeun jadi sampurna. Sabab Allah ku manten oge aya jeung barangdamel di aranjeun, supaya aranjeun daraek jeung saranggup ngalakonan tujuan pangersa-Na" (Pilipi 2:12-13).

"Ku hal eta sim kuring yakin ieu pagawean anu diawitan ku Allah teh bakal tumuluy jeung bisa anggeus dina poean Gusti sumping" (Pilipi 1:6).

Harti kaasih kurnia Allah ngawengku:

  1. HUBUNGAN ROHANI NU LANGGENG SARENG AL-MASIH

    Al-Masih lain bae ngan saukur guru nu agung atawa conto nu utama pikeun jalma-jalma percaya, tapi tokoh nu ngawujud dijero jelema-jelema nu boga iman sarta disanjung tur disembah. Diilhaman ku kanyataan ieu, Rasul Paulus ngado'a pikeun jalma-jalma di Epesus.

    "Mugi-mugi hate aranjeun dianggo cicing ku Al-Masih lantaran geus percaya ka Anjeunna. Mugi-mugi hirup aranjeun jembar ku kanyaah anu ngakar kuat dina hate, supaya aranjeun jeung sakumna umat Allah bisa neuleuman legana jeung panjangna, luhurna jeung jerona kaasih Al-Masih" (Epesus 3:17-18).

    Alkitab nyuguhkeun gambaran nu medar hubungan Al-Masih jeung jalma-jalma percaya. Al-Masih digambarkeun saperti tangkal anggur jeung maranehna dahanna (Yohanes 15:1-3). Anjeunna mangrupa batu gede jeung maranehna batu-batu hirup nu diwangun dina batu Al-Masih keur dasarna (1 Petrus 2:5).

    Hal seperti kitu diunggelkeun ku Al-Masih, "Ieu Kami geus ngetrokan panto. Anu malire kana sora Kami jeung muka panto, tungtu ku Kami dicalikan Kami rek milu dahar di imahna babarengan" (Wahyu 3:20). Anjeunna perenah sasauran, "Sabab anu mikanyaah ka Kami jeung nurut kana piwuruk Kami mah bakal di pikaasih ku Rama Kami, jadi Rama Kami jeung Kami bakal sumping terus linggih dimanehna" (Yohanes 14:23).

    Panginten gambaran nu pangendahna nu kaalaman ku Rasul Paulus, "Ayeuna anu hirup di jero diri sim kuring geus lain sim kuring, tapi Al-Masih. Ieu hirup anu keur dilakonan teh, hirup reujeung percaya ka Putra Allah, anu geus ngurbankeun hirup-Na ku anjeun ku tina asih-Na ka sim kuring" (Galata 2:20).

    Leuwih hade lamun urang ngaleungitkeun rasa asa aing hayang meunang sorangan, supaya bisa ngahiji dina pribadi Al-Masih nyaeta urang aya dilebet Al-Masih sarta Al-Masih aya dijero diri urang. Urang kudu sauyun sareng sabda-Na, supaya sabda-Na bisa dipelak tur hirup dina diri urang. Saterusna naon bae nu ku urang dipenta ku karana asma-Na, dibikeun ka urang kaasup meunang na ngelehkeun dosa nu jadi milik pribadi urang.

  2. NGULIK ALKITAB

    Saur Al-Masih, "Aya dawuhan dina Kitab Suci: 'Jelema hirupna lain ku roti bae, perlu deuih ku tiap-tiap sabda anu diandikakeun ku Allah'" (Mateus 4:4).

    Nilik kana kahirupan manusa-manusa Allah anu dihirupna aya dina kabagjaan, diunggelkeun yen maranehna dipakarangan pedang Roh nyaeta Firman Allah, saperti nu diseratkeun dina Epesus 6:17.

    Oge maranehna nu ngalaman keur aya dina kahengkeran jeung ragrag dina jalan dosa, bisa meunangkeun deui kabagjaan ku jalan sabda illahi. Nabi Daud kantos nyerat cariosan nu kieu unggelna:


    Bagja jalma nu hirupna taya celana, sarta ngalampahkeun hukum PANGERAN.
    Bagja jalma anu gumati kana parentah-Na, sarta ta'at ka Mantenna sagemblengna hate.
    Maranehna moal nyieun kajahatan, hirupna nurutkeun jalan PANGERAN.
    Gusti ka abdi-abdi maparin hukum-hukum, nun PANGERAN sangkan diestokeun kalawan satia.
    Mugi abdi sing tiasa tigin satia ngalakonan aturan-aturan Gusti.
    Saupami abdi ngesto kana hukum-hukum Gusti, tangtos moal nandangan kaera.
    Waktos hukum-hukum Gusti nu adil tea dikaji, abdi teh leres-leres muji ka Gusti.
    Abdi sumeja ta'at kana hukum-hukum Gusti, Gusti ulah ngantunkeun.
    Kuma kedahna malar hirupna budak
    ngora tetep beresih? Nya kedah tumut
    kana satimbalan Gusti.
    Hate abdi mantep bade ngabdi ka Gusti, mugi ulah dugi ka teu nurut kana timbalan Gusti.
    Hukum Gusti bade disimpen di jero hate, supados ulah dugi ka dosa ka Gusti.
    (Jabur 119:1-11)

    Waktu Daud nyaksikeun kabagjaanana, Daud nyerat ayat-ayat nu seperti kieu:


    Hukum PANGERAN sampurna, matak seger
    kana jiwa. Parentah PANGERAN beunang dipercaya, mere hikmah ka anu tuna harti.
    Papakon papagan saestu, matak bagja nu mituhu. Parentah PANGERAN teh adil,
    matak lantip budi akal.
    Bakti ka PANGERAN kacida hadena, bakal lumangsung salalawasna. Putusan PANGERAN
    adil kabeh lempeng sarta jujur.
    Leuwih pikabitaeun ti batan emas nu pangalusna, leuwih amis ti batan madu asli.
    Tina eta abdi kenging pangarti, tigin kana kenging ganjaran.
    (Jabur 19:8-12)

    Nu dihandap ieu hiji conto nu digunakeun ku rasul Paulus dina hiji surat nu ditujukeun ka Timoteus:

    "Ti bubudak hidep geus nyaho kana Kitab Suci, anu ka hidep mere pangarti, nungtun kana jalan salamet lantaran percaya ka Al-Masih. Eusi Kitab Suci, sagemblengna Wahyu ti Allah sarta mangpa'at pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener, supaya jelema anu ngabdi ka Allah lengkep sampurna kanyahona kana sagala rupa lampah nu hade" (2 Timoteus 3:15-17)

    Petrus ngagunakeun contoh dawuhan keur ngalukiskeun pangaruh nyata Dawuhan Allah ka manusia:

    "Sanggeus nyaksian kitu, sim kuring beuki percaya bae kana dawuhan Allah anu diwartakeun ku nabi-nabi teh. Aranjeun oge kudu kitu, sabab eta anu diwartakeun teh ibarat lampu anu ngagenclang di nu poek nepi ka bray beurang, ibarat cahaya bentang isuk anu moncorong di jero hate aranjeun. Tapi sanajan kitu aranjeun kudu terang, jelema mah moal aya saurang-urang acan anu ngarti sorangan kana eusi piwejang dina Kitab Suci. Jeung jelema mah moal aya anu bisa sorangan ngawartakeun dawuhan Allah perkara nu bakal pijadieun engke. Nabi-nabi oge ngawejangkeunana teh estu ku karana pangersa Roh Suci" (2 Petrus 1:19-21).

  3. NENEDA

    Waktu iblis nyoba murid-murid, Al-Masih maparin bongbolongan supaya nyanggakeun paneda, ulah nepikeun kameunang cocoba saperti nu kaserat dina Injil Lukas 22:40. Sagala cocoba lamun ku urang teu dijauhan bakal mepende urang kana pangajak nafsu, lamun nurutkeun hawa nafsu geus tangtu bakal asup kana dosa. Kusabab kitu, sakuduna urang ngado'a terus teu kendat-kendat, supaya teu teterusan meunang cocoba nu tungtungna ngajebloskeun urang kajero beungkeutan dosa anu ngajadikeun binasa.

  4. NGALENGKAH KAJERO PERTOBATAN

    Santa Basil nyanggem, "Utamakeun supaya henteu jadi jalma dosa, lamun saderek ragrag kana kumpulan nu sok ngalakonan dosa, poma ulah rek ngaengkekeun tobat ka Allah. Sanggeus tobat omat ulah deui-deui ngalampahkeun dosa. Jeung lamun saderek bener-bener henteu malikan deui nyieun dosa, urang sadar yen kaunggulan teh ku karana pitulung Allah. Waktu ngarasa yen saderek aya dina kaunggulan buru-buru ngucapkeun syukur ka Allah ku karana anugrah-Na. Saterusna neneda supaya salawasna aya dina pitulung-Na, pikeun urang tetep aya dina jalan Allah."

  5. SALIBKEUN RASA IEU AING NU HEUBEUL

    Rasul Paulus nyeratan ka jamaah Epesus, "Aranjeun geus terang tina piwuruk yen Al-Masih mah henteu kitu! Tangtu bae aranjeun geus ngadarenge hal Anjeunna. Ku sabab aranjeun teh para panganut-Na geus diajar oge hal sipat-sipat Allah anu aya di Anjeunna. Ku sabab eta adat kabiasaan heubeul anu geus ruksak ku angen-angen anu sasar teh geura piceun. Ganti kabeh ku hate jeung pikiran anu anyar. Kudu jaradi manusa anyar anu diciptakeunana nurut tuladan Allah, hirup kudu bener, lempeng, suci" (Epesus 4:20-24).

  6. NGIUHAN DILEBET KAASIH AL-MASIH

    Kungsi iblis nyerang Santa Macarius waktu keur neneda, nyoba ngasupkeun rasa adigung, Iblis muji Macarius, "Aya ku sampurna pisan naon nu geus dihasilkeun ku anjeun jalma suci!" Macarius nolak, "Maneh geus mohokeun kana kalemahan kaula jeung nganggap sepi kana kakurangan kaula." Dina kasempatan sejen iblis nyoba moekkan hate Macarius kana kaputusasaan jeung ngaharewoskeun omongan anu kieu, "Maneh teh sagala kurang jeung pinuh ku nu teu bener." Macarius ngajawab, "Enya bener kaula teh loba kakurangan jeung pinuh ku nu teu bener, tapi maneh nyapirakeun kaasih Al-Masih sarta pangurbanana-Na pikeun diri kaula. Ku jalan padamelana-Na anu sampurna parantos merhatikeun sagala kakurangan tur mulihkeun kana kasalametan anu sampurna."

  7. KASATUNGGALAN ROHANI

    Geus ditarima jeung mangrupa kanyataan yen kasatunggalan rohani jadi wadah nu pangalusna nu disadiakeun pikeun jalma-jalma percaya supaya bisa jadi subur tur maju dina kahirupan Kristen. Urang oge disadarkeun dina Kisah Para Rasul, kumaha jamaah-jamaah nu mimiti bisa nanjeur, "Kabeh pada saregep kana piwulang rasul-rasul, kana samiuk kumpul, samiuk dahar, jeung kana samiuk neneda" (Rasul-Rasul 2:42). Kitu deui nu diarahkeun ku rasul: "Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah. Ulah bosen-bosen kumpulan, ulah cara anu lian. Sabalikna anggur sing silih gedekeun hate, sabab Poe pisumpingeunana Gusti geus beuki deukeut" (Ibrani 10:24-25).

PANGHAMPURA

Istilah "panghampura" dina kitab hartina: nutupan dosa, nyumputkeun atawa nebusan. Mimitina istilah eta teh digunakeun dina kitab Kajadian 6:14, dina hal "ngalapis" awak parahu nu dijieun tina kai gafir luar jero, supaya bener-bener teu asup cai. Hartina teh terus narekab dina Kemah Suci aya ruang maha suci nyaeta "tutup perdamaian" dijieun tina emas murni nu nutupan peti nu dijieun tina kai panaga dibungkus ku emas murni dina "tutup perdamaian" dikecretan getih 7 kali (Imamat 16:14). Dina Perjanjian Anyar, omongan kitu teh digunakeun keur ngajentrekeun salah sahiji hal nu ngalambangkeun panebusan, kujalan getih Al-Masih. Jadi, "panghampura" ngandung harti "nutupan dosa urang." Kuayana kitu dosa jeung kawasa dosa teu mangamulia deui, sabab geus dipaehan ku panebusan getih Al-Masih, mangrupa Anak Domba Allah anu kawasa ngakut tur mupus dosa dunya.

Lamun urang nalungtik hal pangampura dina Alkitab bakal jadi eces yen Al-Masih teh nu ngabela urang dina masalah pangampura dosa sabab Anjeunna nebusan kujalan wapat-Na dikai palang. Rasul Yahya nyerat kanyataan ieu dina kasaksianana, waktu mukakeun rusiah Allah "Anaking! Bapa nulis ieu teh rek ngelingan, aranjeun ulah milampah dosa tapi mun nepi ka milampah dosa, bakal dibela ku Al-Masih anu berbudi ka payuneun anu jumeneng Rama. Memang ku karana Al-Masih pisan pangna dosa urang dihampura teh. Tur lain dosa urang bae, dosa sakabeh jelema oge dihampura" (1 Yohanes 2:1-2). Panghampura oge hartina "ngakut atawa mupus" saperti nu digunakeun ku Yohanes Jurubaptis waktu anjeunna nyaksikeun Al-Masih, "Tuh itu Anjeunna, Anak Domba Allah, anu bakal ngaleungitkeun dosa ti alam dunya!" (Yohanes 1:29).

Meureun jadi pananya: Kunaon Allah teu langsung bae ngahampura dosa, teu kudu aya panebusan? Jawaban nu dihandap ieu sugan bae bisa ngabantu.

  1. Allah kagungan tata cara pikeun manusa, kalawan teu pilih kasih. Kaadilana-Na tur bebenerana-Na, ngudukeun supaya ngaagungkeun hukum, hukum nyebutkeun, "Jalma dosa kudu maot!"

  2. Geus jadi harepan sakabeh umat manusa, supaya hukum digunakeun, sabab ku ayana tertib hukum ngajamin kadameyan jeung kataraptian.

  3. Umat manusa bisa bae ngagunakeun hakna pikeun tumanya saperti kitu, asal manusa sorangan kungsi dipenta Allah keur nebus dosana sorangan nu geus tangtu manehna moal mampuh.

Kitu sababna Allah henteu menta manusa supaya nebus maneh atawa mayar hutang dosa nu dilampahkeun.

"Ayeuna geus tetela, yen sakur anu dituliskeun dina Hukum Musa teh pikeun jelema-jelema anu kabawah ku hukum eta. Jadi moal aya jelema anu bisa ekol, saalam dunya pasti dijagragkeun ka pangadilan Allah. Sabab di payuneun Allah mah saurang oge moal aya anu dibenerkeun dumeh geus nedunan Hukum Agama. Sabab eta mah maksudna keur mere terang yen manusa teh geus dosa" (Rum 3:19-20). Leuwih hade urang narima kanyataan yen Allah teh pinuh ku anugrah naon bae nu dilakonan, Mantenna ngalaksanakeun kalawan sampurna tur pinuh ku karelaan. "Jadi pang manusa bisa diangken bener deui ku Allah teh estu ngan ku karana rahmat Mantenna, ku jalan manusa teh dibebaskeun heula ku Al-Masih. Al-Masih ku Allah didamel kurban, supaya ku karana pupus-Na, manusa bisa dinyatakeun bebas tina dosa jeung dihampura, asal percaya ka Anjeunna. Ku jalan kieu Allah teh kersa-Na rek mintonkeun sipat adil-Na. Di jaman-jaman anu geus kaliwat, dosa manusa teh ku Allah disabaran bae henteu dihukum. Tapi ayeuna dosa teh ku Mantenna dibalitungkeun, pikeun netelakeun yen Mantenna adil. Ku jalan kieu Mantenna natelakeun yen Mantenna sipat bener, sarta kersa ngangken bener deui ka sing saha nu percaya ka Al-Masih" (Rum 3:24-26).

Teu aya saurang oge ngabantah kanyataan yen jalma-jalma nu ngarasa beurat ku dosa-dosana, nyoba-nyoba nyandak perhatosan Allah, kusagala rupa cara supaya Allah ngahampura dosa-dosana. Hal-hal nu sarupa kieu teh bakal dipedar dihandap ieu.

  1. PANGHAMPURA ATAWA AMAL HADE

    Pangawean hade atawa amal sigana bisa nyumponan, tapi sabenerna teu mungkin bisa ngahasilkeun ridlo Allah saluyu jeung dosa-dosa nu geus kaliwat. Nabi Yesaya ngabeberkeun sacara jujur anjeunna sasauran kieu, "Ku margi abdi pinuh ku dosa, kalakuan ane sae oge jadi awon saterasna. Ku karana eta dosa, abdi-abdi jadi sapertos daun, perang teras maruragan katebak ku angin" (Yesaya 64:6). Kanyataan ieu jadi leuwih jelas, waktu Rasul Paulus nyebatkeun, "Moal aya jelema salamet ku ihtiarna sorangan, jadi ulah nyombong ku hal eta. Urang teh dadamelan Allah, diwangun dina kasatunggalan jeung Al-Masih pikeun ngalampahkeun kahadean-kahadean anu diparentahkeun ku Allah" (Epesus 2:9-10).

    Saperti nu diebrehkeun ku Paulus diluhur tadi, pangawean hade atawa amal hade teu bisa ngahasilkeun panghampura, sabab manusa mangrupa hamba nu ngalaksanakeun tugas, memang kudu ngalakonan amal mangrupakeun kawajiban lain pikeun mupus dosa-dosana. Al-Masih nyalira dina ajarana-Na ngajelaskeun kieu, "Maraneh oge, ari ngalakonan parentah teh kudu ngarumasakeun kieu, 'Kuring mah badega biasa, digawe teh ngalakonan kawajiban'" (Lukas 17:10).

    Al-Masih salamina ngingetan urang dina hukum mimiti jeung nu utama. "Masing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus nyawa sarta terus jeung budi akal" (Mateus 22:37). Numutkeun pedaran eta hartina kaasih urang ka Allah teh kudu dibarengan ku ngalayanan nu disanggakeun ka Mantenna jeung salawasna urang teh kudu ngalakonan nu hade dipayuneun Allah.

    Salah sahiji conto nu pantes dipedar didieu saperti nu dibikeun ka urang ku Raja Daud, waktu anjeunna sareng para pangiringna masrahkeun emas keur ngabangun Bait Allah. Daud nyarios, "Parandene kitu, abdi sareng rahayat rumaos teu tiasa ngahaturkeun naon-naon ka Gusti, mung tiasa masrahkeun deui anu ku Gusti parantos dipasihkeun, kawantos sagala rupi oge asalna ti Gusti. Gusti langkung uninga, hirup abdi sadaya dipayuneun Gusti teh ibarat numpang ngumbara, sapertos karuhun abdi sadaya. Umur abdi-abdi saibarat kalangkang sakolebatan, teu tiasa sumingkir ti ajal pati. Nun Gusti PANGERAN, abdi sadaya parantos sami-sami nyanggakeun ieu bahan-bahan kanggo ngadamel gedong, kangge ngagungkeun pajenengan Gusti anu suci. Nanging eta sadaya asalna teh paparin ti Gusti, sadayana asal kagungan Gusti" (1 Babad 29:14-16).

    Memang bener kalakuan hade jeung amal hade memang penting, sabab hal eta sapagodos sareng nu aya dina pengemut Allah. Tapi sagala amal hade sakitu lobana oge taya hargana pikeun meuli panghampura Allah. Lamun teu kitu carios "kaasih kurnia" atawa "anugrah" kudu dipupus tina sakabeh kamus.

  2. NENEDA ATAWA SEMBAHYANG

    Neneda maksudna lain keur ngahontal panghampura. Jalma dosa dina hakekatna geus ngalawan Allah jeung moal mungkin ngaleungitkeun ku jalan ngado'a atawa moal bisa ngarayu menta sih piwelas jeung rahmat Allah. Sabab rahmat Allah ngahiji raket pisan jeung kaadilan Allah sacara mutlak jeung sampurna.

    Jalma nu masih keneh ngajiretkeun diri kana dosa tacan meunang panghampura, teu bisa ngarasakeun nikmatna ulubiung Roh Suci Allah anu marengan roh, jiwa tur akal budi manusa dina hubunganana sareng Allah nyarengan panedana sarta nyababkeun panedana teteg tur ditarima.

    Hiji patarosan wajar mun dikecapkeun, "Lamun kitu mah, saha nu bisa neneda?" Jawabna, taya lian ti unggal jalma oge bisa neneda nyaeta maranehna nu geus narima Al-Masih kalawan narima panghampura pikeun sagala dosa-dosana kujalan getih panebusan salib. Sabab paneda ieu teh lain dimaksudkeun keur mupus atawa panghampura dosa. Neneda mangrupa hubungan nu endah jeung wajar nu bisa dirasakeun nikmatna ku manusa sasarengan sareng Allah, sanggeus sagala dosana meunang panghampura.

  3. PUASA

    Puasa teh mangrupa ciri handap asor nu dibarengkan ku rasa hanjakal tina sagala hal dosa nu dipilampah kalawan terus kana hate dilebet roh jeung jiwa. Sanajan kitu teu cukup ku ngaleungitkeun rasa barontakna hate nu kungsi dibeberkeun ka Allah kuayana dosa-dosa nu kungsi di pilampah. Kusabab kitu puasa teh lain hiji panghampura ka jalma-jalma dosa.

    Pangalaman nuduhkeun yen maranehna nu puasa kalawan boga tujuan hayang meunang rahmat Allah, dina hakekatna taya pagawean nu ku urang dipigawe pikeun Allah atawa sasama jelama. Kieu Sabda Allah, "Bejakeun ka jelama-jelama pangeusi ieu nagri jeung ka para imam yen puasa jeung tanda sedihna anu dilalampahkeun saban bulan kalima jeung katujuh salila tujuh puluh taun ieu, lain dumeh hormat ka Kami. Jeung ari dalahar oge ngarinum ngan pikeun kasugemaanana sorangan" (Jakaria 7:5-6)

  4. DO'A SYAPAAT ATAWA DO'A PANGANTARA

    Teu aya ajaran dina alkitab nu ngunggelkeun ayana pangaruh tina samemeh do'a-do'a jalma suci nu hirupna samemeh urang, bisa ngahampura dosa. Ajaran Rasuli nu ngajentrekeun, "Nya eta: Allah teh hiji, jeung ngan hiji bae jalan nu ngahijikeun manusa jeung Allah, nya eta manusa Al-Masih, anu geus ngurbankeun anjeun supaya kabeh manusa bisa disalametkeun. Ku jalan kitu, Allah teh dina mangsana geus ngabuktikeun kahoyongna nyalametkeun sakabeh manusa" (1 Timoteus 2:5-6)

    "Maraneh oge, ari ngalakonan parentah teh kudu ngarumasakeun kieu, 'Kuring mah badega biasa, digawe teh ngalakonan kawajiban'" (Lukas 17:10).

  5. TOBAT

    Tobat teh alus jeung kapuji sarta ngajauhkeun tina pagawean nu kalimpudan dosa. Tapi sakumaha alusna ge tobat, jauh keneh kana meunang panghampura dosa-dosa nu kaliwat, upamana: saurang nu maehan dina waktu disidangkeun ngunggelkeun jangji-jangji nu manis yen manehna moal ngalakonan deui kajahatan-kajahatan. Kumaha hakim bisa boga dasar hukum pikeun ngabebaskeun manehna? moal bisa kitu bae. Hakim geus dipercayakeun pikeun nanjeurkeun kaadilan. Kitu oge nu janten Hakim Maha Suci pikeun Surga jeung Bumi teu tiasa ngalanggar hukum-Na nyalira anu ngunggelkeun, "Nu kudu paeh mah nu biga dosana...." (Yeheskel 18:20).

JADI KUMAHA SANGKAN MEUNANG PANGHAMPURA NU BENER-BENER

Masalah ieu teh biasana ditanyakeun ku jalma-jalma dosa nu kasadaranana geus diangkat tina bius maot sapanjang abad jeung unggal generasi. Jawabanana nyaeta panghampura sumberna ti Allah kujalan panebusan. Urang hartikeun naon eusi surat Paulus ka jamaah di Kolosa, "Mugi tekad dulur-dulur dikuatkeun ku kaagungan kawasa Allah, sanggup jeung sabar tawekal nandangan sagala cocoba, dibarengan ku kabungah jeung pamuji sukur ka Rama, anu mikersa supaya aranjeun meunang bagian ti nu geus disadiakeun pikeun umat-Na di karajaan caang. Urang ku Mantenna geus dijait tina genggeman kawasa poek, salamet dicandak ka karajaan Putra-Na kaasih, anu geus ngabebaskeun urang, tegesna ngahampura dosa-dosa urang" (Kolosa 1:11-14).

Kanyataan eta diwahyukeun ka hamba Allah anu nyaksenan naon nu geus dijentrekeun ka anjeunna. Nabi Yesaya tos nyerat ngeunaan saurang Badega nu jadi Panebus nu dinubuatkeun bakal sumping nyaeta Al-Masih. "Sanggeus leupas tina hirup sangsara, anjeunna bakal senang deui, sarta bakal karaoseun yen sangsarana teh teu gaplah. Eta abdi Kami nu satuhu, anu dipikasuka ku Kami, bakal nanggung kasalahan jalma loba. Sarta ku karana anjeunna, kasalahan jalma-jalma teh ku Kami bakal dihampura. Ku sabab kitu anjeunna rek dipaparin tempat kaajen, di antara anu karawasa jeung aragung. Anjeunna geus ihlas ngorbankeun nyawa nalangan hukuman jalma doraka, jadi gaganti jalma doraka. Sarta mangnedakeun sangkan maranehna bisa dihampura" (Yesaya 53:11-12).

Panghampura dimeunangkeun ku cara cumah-cumah kujalan anugrah atawa kaasih kurnia Allah; saenyana mah Al-Masih nu dimaksud teh pikeun ngawujudkeun panghampura nu ngahijikeun deui manusa sareng Allah sabab dilebet Anjeunna, Bapa tos milih urang sarerea keur meunang kurnia hirup nu langgeng, dilebet Anjeunna urang diangkat jadi anak-anak Allah, jeung dilebet Anjeunna dipasihan berkah ku sagala berkah rohani ti sawarga (Epesus 1:3-5).

Kujalan panebusan nu agung ieu, Al-Masih tos janten pangantara pikeun kadameyan urang sareng Allah. Buah tina panebusan nyaeta panghampura dosa, teu aya watesna panghampura saperti kitu, kusabab memang Allah mah beunghar kusagalana kuayana rahmat nu terus mancar tina kaasih nyakup sagala kaperluan. Hasil tina panghampura diantarana:

  1. Bebendon Allah ka jalma dosa liren, gantina nyaeta kasejahteraan illahi nu sajalan sareng kabeungharan anugrah-Na langsung dikucurkeun ka urang sarerea ku parantaraan nu dipiasih ku Mantenna nyaeta Al-Masih.

  2. Anggeusna rasa pait gahar nu taya gunana, akibat tina rasa salah jeung ayana dina leutak dosa, nu sacara cicing-cicing ahirna barontak nungtut anggeusna dijero hate manusa.

  3. Hal dicabutna hukuman nu sakuduna ditampa ku manusa doraka tur nyageurkeun gering batin tina seureud maot, terus manusa anyar teh robah pikeun ngalayanan Allah nu hirup.

KUNAON KASALAMETAN MUTLAK DIPERLUKEUN?

Allah tos nyiptakeun manusa dina kaayaan beresih, tapi sanggeus ragrag kana dosa, manusa teh kaleungitan kamulyaan Allah nu aya dina dirina. Kapalay Allah nu pinuh ku kawijaksanaana-Na nyaeta maparin berkah ka manusa sarta akal budi pikeun bisa ngarti kana sagala nu disanghareupan kalawan hade, asal manehna mikir kalawan bener. Dina proses pamikiran manusa geus tangtu jadi tanda tanya tina hal hakekat nu aya. Tanda tanya nu pangutamana nu ngagedur dina hate sanggeus manusa rag-rag kana jurang dosa iwal ti kudu kumaha jeung naon nu kudu dipilampah supaya salamet?

Rasul Paulus nyebatkeun kieu: Kumaha bisa salamet mun urang geus teh nolih kana wejangan kasalametan nu diajangkeun ku Allah. Didieu manusa ngaku yen ka salametan teh poko nu penting pisan pikeun kahirupan manusa. Rasul Paulus teu bisa ngabolekerkeun kumaha kaasih Allah nu sakitu agungna, anging Allah nu kawasa nu tos ngutus Putra-Na. "Sanggeus waktuna cunduk, Allah ngutus Putra-Na ka ieu dunya ku jalan dilahirkeun sakumaha urang ku indung, sarta hirup Anjeunna kaereh ku Hukum Agama, pikeun ngaleupaskeun manusa anu dibawah ku Hukum Agama, supaya bisa ditarima jadi putra-putra Allah" (Galata 4:4-5).

Lamun kasalametan penting saperti kitu mah pantes we mun jadi pamikiran oge. Panyerat teu bisa mere gambaran kumaha endahna kasalametan ka para pamaos. Tapi rek ngusahakeun ngarahkeun perhatian nu sakitu gedena, kuayana kasadaran kana hal eta, dina kasempetan ieu urang medar jalma-jalma percaya nu masrahkeun diri maranehna ka Al-Masih Jurusalamet, jeung nyoba kayaktian tea.

  1. Harga nu dibayarkeun ku Al-Masih pikeun panarimaan panghampura nu ngahasilkeun kasalametan keur urang nu sakitu hebatna nepi ka ngawujud pangajaran nu kasohor, sakumaha nu diajarkeun ku Petrus, "Aranjeun ari neneda ka Allah, ka Mantenna nyebut Ama. Mantenna nimbang perkara manusa tara pilih kasih, kabeh satimpal jeung kalakuanana masing-masing. Ku sabab kitu meungpeung keur di dunya, umur teh kudu dipake ngagungkeun ka Mantenna. Aranjeun geus terang, naon anu ku Mantenna dianggo nebus aranjeun supaya bebas tina kalakuan anu taya paedahna tuturunan ti karuhun. Lain ku barang anu sok ruksak saperti upamana perak atawa emas, tapi ku anu kacida mulyana ku anu diibaratkeun 'domba anu taya cacad kuciwana', nya eta Al-Masih anu dikurbankeun ka Allah. Al-Masih ku Allah geus dipilih ti samemeh dunya diadegkeun, sarta ayeuna dina mangsa-mangsa geus rek ahir zaman, Anjeunna sumping ka dunya baris nyalametkeun aranjeun" (I Petrus 1:17-20).

    Tah ieu harga nu pangmahalna anu ku Allah tos dipasihkeun ka urang. Sigana bae padamelan Allah teh langkung seueur ngeunaan kasalametan tibatan waktu nyiptakeun manusa. Ciptaan dilaksanakeun ngaliwatan Dawuhan nu kaluar tina baham-Na sedengkeun kasalametan mah beda. Allah teu ngeukewek Putra-Na tapi masrahkeun Putra-Na pikeun kasalametan urang sarerea. Bener bae kasalametan kuayana luhurna budi nu matak hemeng, Allah Kumanten tunggara pikeun meunangkeun deui manusa nu geus sasab titeuleum dina kabinasaan geus jadi kanyataan nu luar biasa pentingna tur matak hemeng.

  2. Kumaha Anjeunna kersaeun nulungan nyalametkeun urang? Anjeunna nyalametkeun urang tina dosa nu sakitu lobana, tina cengkreman jeung tina kutuk mangrupa maot, pegat tina kamulyaan jeung dijauhkeun ti payuneun Allah keur salamina. Kasaksian Paulus dina hal ieu; cariosan ieu teh bener kalawan pantes ditarima sagemblengna. "Kalimah, 'Al-Masih sumping ka dunya pikeun nyalametkeun jalma dosa,' teh memang wajib dipercaya sabab enya. Geuning bapa, sangkilang pangjahatna ge ti sakur anu doraka" (1 Timoteus 1:15). Injil ngaunggelkeun, "Putra Manusa pang sumping teh rek neangan jeung nyalametkeun jelema nu leungit" (Lukas 19:10).

    Anjeunna nyalametkeun urang tina kawasa si iblis sapertos nu kaserat: "Sareng tangtos aruninga perkawis Al-Masih urang Nasaret anu ku Allah dipaparin Roh Suci sareng dipaparin kakawasaan. Anjeunna nyebarkeun kasaean ka mana-mana, sareng nyageurkeun jalmi-jalmi anu diraksuk ku Iblis, margi Anjeunna disarengan ku Allah" (Rasul-Rasul 10:38).

  3. Naon hasil tina panyalametan? Maranehna nu geus disalametkeun ngarasa loba berkah sarta hak-hak rohani saperti:

    1. Tanduk kasalametan pikeun kakuatan urang (Lukas 1:69).

    2. Gunung batu kasalametan pikeun kapengkuhan urang (Jabur 95:1).

    3. Ketopong kasalametan pikeun panyalindungan urang (Epesus 6:17).

    4. Cawan (cangkir) kasalametan pikeun kabungahan/pangbubungan urang (Jabur 116:13).

    5. Sumber cai kasalametan pikeun kabutuhan dimana halabhab (Yesaya 12:3).

    6. Papakean kasalametan pikeun kaendahan rohani urang (Yesaya 61:10).

Ku kasalametan urang dibenerkeun jeung bisa ngararasakeun nikmatna kadameyan sareng Allah kuayana Al-Masih. Kadameyan nganteur urang kana hirup nu bagja nu dimaksad kapalay Allah pikeun urang sararea, dina nyiapkeun pikeun kabagjaan nu langgeng di Yerusalem anyar, sawarga nu pinuh ku katentreman.

Kasalametan sarupa kitu, ngajamin urang meunang kani'matan dina sagala berkah jeung hak-hak rohani di surga, supados jadi perhatosan nu salawasna diutamakeun.

Para pamaos nu sae manah, panyerat nyuhunkeun widi ngawangsulan deui hal nu dipertaroskeun ku Rasul Paulus: "Kumaha urang bisa disalametkeun, lamun urang nolak kasalametan anu sakitu gedena?" Bakal salamet mun urang nyapirakeun anugrah kasalametan nu sakitu gedena? Salamet urang teh sigana lamun urang nyapirakeun panggeuing Injil tina hal kasalametan nu sakitu gedena, Allah Kumanten ngawujudkeun dirina mangrupa Badega nu keuna ku tunggara supaya penebusan teh ngawujud?

Kasalametan kudu meunang perhatosan nu pangutamana dibandingkeun jeung kagiatan Agama sarta upacara-upacara jeung tata ibadah dina Perjanjian Lawas. Di handap ieu aya sababaraha alesan, kunaon tiasa kitu.

Allah Kumanten ngawitan ngunggelkeun kitu. Ngawitanana Allah ngadawuh yen binih istri (awewe) bakal ngaremukkeun hulu oray (Kajadian 3:15). Saha atuh binih istri nu dimaksud teh? Nu ngalakonana nyaeta Al-Masih nu langkung unggul tibatan malaekat nu ngalakukeun tugas mangrupa pangantara dina Perjangjian Lawas. Jelas pisan kajadian ngaremukkeun hulu oray kolot teh nu ngarahkeun kana pangorbanan Al-Masih Kumanten. Padamelan Allah ieu teh tos jadi batu pangarah pikeun umat Kristiani nu ku Gusti Allah Kumanten tos diturunkeun ka para Rasul, nu ngalengkepan aranjeunna ku Roh-Na tur supaya diwawarkeun ka bangsa-bangsa di dunya.

Kasaksian maranehna negeskeun ka urang yen naon nu ku maranehna dipedar masalah kasalametan anu sakitu pastina, nepi ka bisa dipercaya sacara mutlak. Sabab sadayana sami sareng anu diunggelkeun ku para Nabi nu tipayun, anu maparin wartos kasalametan ka urang ku ayana apingan Roh Suci.

Beja kasalametan teh ku maranehna disaksenan, sabab maranehna saksi-saksi panon nu nempo tur ngadarengekeun, para Rasul nu jadi pangiring sarta murid-murid Al-Masih dina waktos ngawujud-Na kana daging manusa jeung nu narima langsung ti Mantenna cariosan-cariosan bebeneran, Injil kasalametan terus diwawarkeun deui ka ieu dunya, ti mimiti Yerusalem nepikeun ka tungtung dunya.

Allah Kumanten nyarengan sareng netepkeun kasaksian murid-murid-Na sarta rupa-rupa nu dinyatakeun ku kawasa sarta kurnia-kurnia Roh Suci. Kotbah para Rasul masalah Injil kasalametan disarengan mujizat-mujizat nu dipidamel ku Allah ngalangkungan pananganpanangan aranjeunna, saperti nyageurkeun rupa-rupa panyakit, cacarita ku basa letah jeung nubuat-nubuat.

Ayeuna urang tos uninga hartina kalawan pentingna kasalametan nu sakitu gedena, urang bisa nanyakeun, NAON NU KUDU DIPILAMPAH SUPAYA PASTI SALAMET? Patarosan ieu teh tos dibewarakeun ka unggal jalma jeung unggal basa sapanjang taun dihandap panon poe. Tapi taya waleran nu saperti tos disebatkeun ku Rasul Paulus kapala panjara di Pilipi meh 2000 taun katukang. Dina poekna panjara, ngadenge lengisna maot saurang nu rek masrahkeun nyawa ka dewa-dewa ku niatna rek maehan maneh, terus kakuping ku Rasul Paulus. "Paulus ngagero tarik pisan, 'Ulah waka maehan maneh! Kabeh pasakitan araya keneh!' Kapala panjara menta lumpat ka jero, bruk nyuuh kana sampean Paulus jeung Silas, awakna ngadaregdeg. Aranjeunna tuluy di bawa ka luar. Ceuk kapala penjara sanggeus di luar, 'Juragan, kumaha ieu abdi teh malar salamet?' Walonna, 'Kudu percaya ka Isa Al-Masih, Gusti Jungjunan simkuring, saanak bogo tangtu salamet.'" (Rasul-Rasul 16:28-31). Ti saprak kajadian nu matak pikageteun tea, sora kasalametan nu basajan tapi keuna kana sasaran teh terus ngagedur maju ngaliwatan tembok-tembok kota nu lukutan nu leumpang kana jungkrang jeung mumunggang nepi ka abad ayeuna jeung bakal terus kawentar, dina hiji mangsa nungguan saderek nu milu ngawawarkeun kasalametan.

Tarima bae kasalametan ti Allah bari ngucapkeun sukur, tangtu Al-Masih bakal minuhan hate saderek ku suka bungah jeung mere kameunangan nu ahirna makuta kahirupan jadi milik pribadi saderek. Jaga sing hade, kasucian saderek dina kaasih Allah, anugrah Al-Masih pikeun hirup nu langgeng.

Perhatikeun, yen hiji jiwa gede pisan hargana dipayuneun Allah, nepi ka Mantenna rela mayar harga ku pupusna Putra-Na. Ulah nganggep gampang kana kasalametan nu disadiakeun pikeun urang, urang teu kudu neangan cara nu sejen deui nu taya jaminan kapastian.

Dina hiji poe aya jalma nu ngajual sakabeh harta milikna keur meuli hiji permata nu arang langka tur mahal hargana. Saterusna permata nu jadi harepan teh dibawa ku manehna jauh ka nagri semah peuntas. Diluhureun dek kapal manehna salawasna ngan ngawas-ngawas bae kaendahan jeung kaalusanana eta permata harepan nu disinaran ku cahaya panon poe, kitu bae gawena unggal poe. Manehna suka bungah bari nimang-nimang jeung ngapung-ngapung permata tea kana dampal leungeunna, bari teu nolih kana panggeuing baturna sorangan. Terusna, sial nu datang ka dirina ngajadi. Ngalungkeunana rada luhur teuing nepi ka permata teh rag-rag ka laut, leungit teu kahontal deui. Jalma eta ngagorowok bari ceurik. Kuring kaleungitan...! Kuring kaleungitan! Kuring geus kaleungitan...!

Kajadian eta teh bener-bener kajadian jeung jadi panggeuing pikeun unggal jalma nu hirupna untung-untungan. Saderek panginten oge permata nu mahal, nu keur jadi cocoban jeung jiwa saderek...! Lamun saderek nampik merhatikeun tur henteu miara jiwa sarta ngagebruskeun jiwa kana dunya nu pinuh ku hawa nafsu, akibatna beurat pisan, saderek ragrag kana lautan katunggaraan terus titeuleum kana kabinasaan nu langgeng.

MAKUTA KAHIRUPAN

Urang maca dina kitab Wahyu 2:10, Pangersa Al-Masih unggal pangiring-Na supaya tetep satia. "...Sing tetep satia ka Kami sanajan kudu nepi ka ajal, tan wande ku Kami diganjar hirup anu sajati." Parentah Allah ieu nembongkeun yen aya dua bebeneran nu leuwih penting. Kahiji kasatiaan urang ka Al-Masih, mangrupa RUNTUYAN MUTIARA nu gede hargana nu ku urang kudu dijaga sing ati-ati pisan, sanajan bakal aya pangorbanan dina kahirupan urang. Hal anu kadua nyaeta kasatiaan ka Al-Masih kudu saterusna saumur hirup. Lamun ahir kahirupan datang atawa waktu kasumpingan Gusti urang sarerea saperti "dunya barana nu dipiagul" dilebet cepengan Al-Masih.

Kasatiaan nu sarupa kitu moal miley, buruhna nyaeta makuta kahirupan. Makuta ieu tos direbut ku Al-Masih waktos Anjeunna nandangan jeung ngelehkeun kawasa maot. Al-Masih tos nandangan maot, Anjeunna pisan nu bade maparin makuta ka kahirupan ka sing saha bae nu meunang. Makuta-makuta teh sapertos kieu:

  1. Makuta kaagungan:

    Disiapkeun pikeun jalma-jalma percaya (gereja) nu parantos ditebus ku getih Al-Masih (Yesaya 62:3).

  2. Makuta kamuliaan:

    Dipasihkeun ka badega-badega Gusti nu satia ngasuh jamaah Al-Masih (1 Petrus 5:4).

  3. Makuta kayaktian:

    Disadiakeun pikeun maranehna nu hirup dina jalan bener mangrupa hasil iman ka Al-Masih jeung pangharepan ku kasumpingana-Na. Pikeun maranehna nu ngarengsekeun peperangan kalawan hade tur nepi ka rengse (2 Petrus 4:7-8).

  4. Makuta kahirupan:

    Dipasihkeun ka jalma-jalma percaya nu satia, nu ngelehkeun cocoba sarta meunang kalawan mulus. Ieu teh buruh na pikeun para sahid nu dina maotna teu leupas tina kasatiaan ka Al-Masih.

Ringkesna makuta iman nu dijangjikeun ku Al-Masih, ka maranehna nu mikadeudeuh ka Al-Masih kalawan tulus ikhlas. Dina Injil, makuta kahirupan diartikeun hirup nu langgeng, jeung makuta kaunggulan bakal ditarima ku jalma-jalma percaya nu satia, langsung tina panangan Al-Masih. Al-Masih marentah supaya urang kudu tetep kiat sakumaha nu tos disaurkeun ku Anjeunna. "Kami teh tereh datang. Sakur anu geus beunang ku maneh cekel sing pageuh, supaya ganjaran kaunggulan maneh ulah aya anu ngarebut" (Wahyu 3:11). Diilhaman ku parentah eta, rasul Paulus miharep jamaah nu di Kolosa, "Ulah beunang digeretak ku jelema anu ngaku-ngaku luhung dumeh meunang tetenjoan-tetenjoan gaib luar biasa, kitu deui ku jelema anu nyemu-nyemu handap asor jeung nyembah ka malaekat-malaekat. Jelema kitu, niatna ngan rek nyombongkeun maneh ku pikiranana anu duniawi" (Kolosa 2:18).

Sajalan jeung parentah ieu Al-Masih ngingetan jalmi-jalmi percanten supaya ulah sakahayang sorangan saperti Esau neangan berkat teh kujalan ngajual hak kacikalanana keur sapiring sangu. "Ulah aya nu kawas Esau, rucah jeung teu make agama, nepi ka hak cikalna ditukeurkeun kana dahareun sakalieun. Sakumaha aranjeun ge terang, waktos manehna menta berkah, nepi ka ngurihit bari ceurik lantaran kaduhung ku kalakuanana, ku Ishak teu dikabulkeun lantaran hakna geus leungit" (Ibrani 12:16-17).

KUMAHA CARANA URANG BISA DISALAMETKEUN?

Sateuacan munggah ka surga, Al-Masih marentahkeun ka murid-murid-Na "Datangan ku maraneh ka sakuliah dunya, wawarkeun Injil Kasalametan ka sakabeh manusa. Salamet anu percaya kana eta wawaran sarta dibaptis. Sabalikna cilaka anu arembung percaya" (Markus 16:15-16). Urang ngarti carana rasul nerangkeun eusi Dawuhan Gusti yen sakabeh umat manusa geus disupataan, tapi kusabab percaya ka Al-Masih, dosa nu geus kaliwat jeung dosa naon bae dihampura, oge disalametkeun tur dibebaskeun tina hukuman dosa.

Nyata, lamun ku urang dilenyepan pangajaran Alkitab masalah iman nu nyalametkeun, yen Allah tos nyiapkeun kasalametan pikeun urang ku rarancang nu asak balas ridho ku kersaning Mantenna. Iman nu nyalametkeun teh ngandung unsur-unsur sapertos:

  1. Kasadaran ku ayana dawuhan Gusti dina kitab Suci tur percaya eusina ngawujudkeun kasalametan nu disadiakeun pikeun urang dilebet Al-Masih, narima kanyataan nu dinyatakeun Alkitab dina masalah kaayaan umat manusa nu prihatin kusabab ragrag jeung kajiret kana dosa, sarta kaperluan maranehna nu hakiki ka Al-Masih kadorong ku geteran hate jeung pangabutuh kana kasalametan, tapi mangrupa pamuka jalan kana iman jeung kasalametan.

  2. Kayakinan sorangan bisa bae aya kuayana kaperluan salah saurang nu geus ngarasa ragrag kana jungkrang dosa nu sakitu jerona. Kayakinan eta saterusna mawa urang kana kasadaran pikeun muji syukur tur nganuhunkeun ka Allah. Tungtunana-Na kana kasalametan dilebet Al-Masih nu disadiakeun pikeun nebusan dosa urang, warisan ti karuhun jeung supata-supata dosa, oge dosa nu dipilampah ku urang sorangan.

  3. Kagumantungan urang anu leres tina manah ka Al-Masih, Gusti tur juru salamet urang. Ieu teh nyakup pangangkenan dosa jeung kasadaran kana kakurangan amal hade urang. Tobat nu mawa kana kakurangan amal hade urang. Pertobatan nu nyandak kana kakuatan kasalametan Al-Masih mangrupa kasadiaan urang sewang-sewang narima Al-Masih panyalamet pribadi jeung nyekel pageuh ka Anjeunna, nu jadi panghampura dosa, panebus tur sumber kahirupan rohani. Hal ieu didasarkan tina lobana ayat Alkitab nu ngajelaskeun kumaha carana urang datang ka payuneun Al-Masih pikeun narima kasalametan nu pasti.

"Tapi loba oge nu narima jeung palercaya ka Anjeunna teh; jelema-jelema anu kitu ku Anjeunna dipaparin hak jadi putra-putra Allah" (Yohanes 1:12).

"Hiap datang ka Kami, sakur nu maropo jeung kalempohan sarta nu ngarasa beurat ku momotan, ku Kami rek direureuhkeun. Turut parentah Kami sarta diajar ka Kami. Kami teh lemah lembut tur rendah hate, sarta maraneh bakal ngarasa reureuh" (Matius 11:28-29).

"Sabalikna anu nginum cai anu rek dibikeun ku Kami mah moal halabhab deui, sabab eta cai bakal jadi cinyusu di jero hatena, anu salawasna ngabijilkeun cai anu matak hirup langgeng" (Yohanes 4:14).

"Waler Al-Masih, 'Kami teh anu ngahudangkeun jeung anu ngahirupkeun. Anu percaya ka Kami tangtu bakal hirup sanajan geus maot; jeung sing saha anu hirup sarta percaya ka Kami salalawasna moal paeh. Kumaha, maneh percaya kana hal ieu?'" (Yohanes 11:25-26).

"Al-Masih ka murid-murid-Na nembongkeun rupa-rupa deui kaajaiban anu henteu ditulis dina ieu Kitab. Tapi sakabeh anu geus dituliskeun maksudna netelakeun yen Isa teh Al-Masih Juru salamet, Putra Allah, supaya dulur-dulur percaya. Sabab lamun dulur-dulur percaya ka Anjeunna tangtu meunangkeun hirup" (Yohanes 20:31).

"Kudu percaya ka Isa Al-Masih, Gusti Jungjunan simkuring, saanak bojo tangtu salamet" (Rasul-Rasul 16:31).

Ayeuna urang bisa nambahkeun yen iman nu nyalametkeun teh ngabogaan dua sisi, segi umum jeung segi pribadi. Anu umum aya dina dawuhan Illahi jeung nu pribadi nyaeta Al-Masih sarta naon nu geus dilakukeun mangrupa panebusan. Iman nu nyalametkeun bisa disebutkeun gumantung kana jangji Allah kana kasalametan dilebet Al-Masih. Pedaran tadi ngagambarkeun yen Al-Masih teh batu pangarah pikeun kasalametan urang.

  1. KASAKSIAN AL-MASIH

    Al-Masih sering ngulem supaya jalma teh percaya ka Anjeunna sacara pribadi. Anjeunna nyaurkeun, lamun maranehna teu percaya, bakal dihukum. "Supaya saha bae anu percaya ka Anjeunna bisa meunangkeun hirup langgeng. Saha bae nu percaya ka nu jadi Putra, moal meunang hukuman. Sabalikna anu henteu percaya ka Anjeunna mah geus aya dina hukuman Allah, lantaran henteu percaya ka Putra tunggal Allah. Saha bae anu percaya ka Putra-Na bakal meunang hirup langgeng; tapi anu teu anut ka Putra-Na, moal boga hirup, sabalikna bakal tetep aya dina hukuman Allah" (Yohanes 3:15,18,36).

  2. PERELUNA NARIMA AL-MASIH

    Ayat-ayat nu ngajelaskeun urang salamet kujalan narima Al-Masih cukup loba di antarana: "Lamun urang percaya kana panyaksian ti manusa, panyaksian ti Allah mah tina hal Putra-Na teh leuwih ngayakinkeun. Ku sabab kitu, jelema anu percaya ka Putra Allah, hatena narima kana panyaksian ti Allah. Sabalikna, anu hanteu percaya kana panyaksian ti Allah tina hal Putra-Na, eta jelema teh nyaruakeun Allah jeung tukang bohong. Eusi panyaksiana-Na nya eta: Allah ka urang maparin hirup langgeng; ari hirup langgeng sumberna di Putra-Na. Sing saha anu meunangkeun Putra-Na, meunangkeun hirup langgeng. Sing saha anu henteu meunangkeun Putra-Na, moal meunangkeun hirup langgeng" (1 Yohanes 5:9-12).

    "Anu percaya yen Isa teh Al-Masih, eta Putra Allah. Anu nyaah ka hiji bapa tangtu nyaah oge ka anakna" (1 Yohanes 5:1).

    Cukup rupina tina kutipan diluhur yen sagala hal nu perlu dilakukeun pikeun kasalametan nyaeta narima Al-Masih, sarta kasaksenan Allah nu dipasihkeun ku karana Putra-Na, percaya yen Al-Masih teh Putra Allah nu hirup. Al-Masih Kumanten mangrupikeun sasaran tina iman nu nyalametkeun, iman hartina mayunan Al-Masih, neundeun kapercantenan ka Mantenna, mercayakeun diri sagemblengna ka Anjeunna.

  3. AJARAN PARA RASUL

    Paulus ngajelaskeun yen urang teh dibenerkeun ku karana iman ka Al-Masih. Iman didieu lain bae sacara bathin jeung umum ka Allah, dina pernyataan Illahi atawa abadi, tapi Al-Masih nu jadi tujuan. Paulus cumarios kieu, "Allah kersa ngangken manusa bener deui teh lamun manusa anut ka Al-Masih. Allah kersaeun kitu teh pikeun sakabeh anu percaya ka Al-Masih, lantaran manusa mah teu aya bedana" (Rum 3:22).

    Ka jamaah di Galilea anjeunna ngaamanatan, "Tapi sanajan kitu ge sim kuring terang, yen jelema bisa diangken bener ku Allah teh lain pedah ngalaksanakeun Hukum Agama Yahudi, tapi ku lantaran percaya ka Al-Masih. Bangsa sim kuring oge kitu, supaya bisa diangken bener ku Allah teh kudu ku jalan percaya ka Al-Masih, lain ku jalan ngalakonan Hukum Agama Yahudi. Jadi saurang ge moal aya anu diangken bener ku Allah pedah netepan eta Hukum" (Galata 2:16). "Tapi samemeh nepi kana waktu urang percaya ka Al-Masih, urang teh dikerem rapet ku aturan-aturan eta Hukum Agama lir dipanjara, nepi ka datang mangsana urang percaya" (Galata 3:23). "Ayeuna anu hirup dijero sim kuring, geus lain sim kuring, tapi Al-Masih. leu hirup anu keur dilakonan teh, hirup reujeung percaya ka Putra Allah anu geus ngurbankeun hirup-Na ku anjeun ku tina asih-Na ka sim kuring" (Galata 2:20).

  4. AL-MASIH MASRAHKEUN DIRINA JANTEN PANEBUS URANG

    Urang baca dina Alkitab yen Al-Masih ngorbankeun jiwa raga-Na pikeun nebus jalma rea Anjeunna masrahkeun Roh-Na ka Allah balas taat. Urang ngartos yen kasalametan teh ngan ku kasaeana-Na nu pinuh ku kayaktian tea, tur pupus-Na pikeun korban panebusan.

    Kusabab Anjeunna teh Juru Salamet, ngalunasan harga panebusan pikeun sakabeh dosa urang, kukituna sanggeus ditetepkeun iman dilebet Al-Masih, urang nu didameykeun sareng Allah, urang sakedahna narima Anjeunna sareng gaduh kayakinan ka Anjeunna. Injil disadiakeun pikeun ngebrehkeun kayaktian, yen Al-Masih dilebet diri-Na kalawan naon nu dilakukeun, janten tujuan iman jeung dasar kayakinan ka nu parantos nyalametkeun.

  5. HIRUP URANG DILEBET AL-MASIH KUSABAB IMAN

    Hal ieu dibuktikeun ku lobana ayat nu ngahijikeun jalma-jalma ariman sareng Al-Masih. Alkitab nyebatkeun, "Urang aya dilebet Anjeunna, ku sabab iman." "Anjeunna aya dina diri urang." "Anjeunna mastaka jeung urang teh bagian tina raga-Na." "Hirup urang asal ti Anjeunna." "Anjeunna teh tangkal anggur, urang teh regang-regang-Na." Sarta, "Anjeunna teh nu maparin iman kalawan nyampurnakeun iman." Sakabeh babasan jeung ayat-ayat sauni jeung bebeneran nu disebutkeun di luhur, yen mibanda iman nyakup sacara umum atawa kana Alkitab geus ngajamin kasalametan urang. Ayat-ayat eta oge mastikeun yen "iman nu nyalametkeun" nu ahirna Al-Masih nu jadi Gusti jeung juru salamet urang sacara pribadi.

    Urang maca dina Alkitab yen Allah ngaanugerahkeun Putra-Na ka dunya pikeun nyalametkeun umat manusa. Pikeun ngawujudkeunana, Al-Masih kedah pupus keur nebus dosa-dosa urang, gugah deui ti nu maraot, pikeun ngabenerkeun urang. Mantenna anu dimaksad Allah hikmat, bener, kasucian sareng panebus urang sararea. Maranehna nu daek narima Panebus sareng Panyalamet ieu, sabenerna masrahkeun diri maranehna kalawan sagemblengna ka Anjeunna sarta jadi badega Anjeunna, anu ihlas, nyaeta jalma-jalma nu iman kalawan murni saperti nu dipiharep dina Alkitab. Maranehna nu kitu teh nyaeta hasil panyalametan ku jalan anugrah Allah.

    Teu kedah ham-ham deui unggal jalma nu iman narima Al-Masih sarta ngangken Anjeunna hiji panyalamet. Kitu pedaran Alkitab ngeunaan Juru Salamet pikeun jalma nu percanten. Al-Masih teh nyaeta Nabi, Imam Agung tur Maharaja. Disebatkeun oge yen Anjeunna sumber kahirupan, caang sareng kabagjaan sarta tujuan sembahan sareng kaasihan.

    Lamun kasalametan eta penting keur hirup nu aya hartina jeung hakekat hirup langgeng, aya rasa panasaran pikeun nanyakeun naon sabenerna kasalametan teh?

    Saleresna tema poko kakristenan ti mimiti nepi ka pamungkas, nyaeta hiji-hijina jalan kasalametan. Nu ngayakeun tur nu ngawangunna Sabda Allah dina wuwujudna-Na nyaeta sumping ka dunya sareng jenengana-Na Al-Masih nu hartina Allah nu nyalametkeun. Kasalametan digambarkeun ku wartos Al-Masih jeung kakristenan nyangking kasalametan manusa tina dosa jeung ngaluputkeun tina bebendon Allah. Malaekat ngadugikeun wartos ka parawan Mariam, "Mariam bakal ngalahirkeun anak lalaki, ku maneh kudu dijenengan Al-Masih - sabab bakal ngabebaskeun umat-Na tina dosa-dosana" (Mateus 1:21). "Putra Manusa pang sumping teh rek neangan jeung nyalametkeun jelema nu leungit" (Lukas 19:10).

    Ayeuna sigana parantos jentre yen saurang nu tobat moal bisa narima kasalametan ku pipilueunana imam nu nyoba-nyoba ngabebaskeun manehna tina cangkereman dosa-dosana. Moal aya saurang imam, kiai, jalma suci, saha bae manehna, kitu deui malaekat nu ngabogaan kawasa keur ngabebaskeun sing saha bae tina dosa. Ngan saurang nu ngabogaan kawasa ieu. Nyaeta Al-Masih. "Anjeunna, sareng mung Anjeunna bae anu tiasa nyalametkeun manusa teh. Di saalam dunya teu aya deui manusa anu ku Allah dipaparin kawasa nyalametkeun, mung Al-Masih" (Rasul-Rasul 4:12).

Appendix A. UJIAN

Saderek anu kaasih, manusa mung tiasa ngabukakeun naon nu kahartos ku akal manusa. Aos buku ieu sing taliti, teras cobi waler patarosan nu aya dihandap ieu.

  1. Naon kasalametan teh?

  2. Ayat atawa bagian mana dina Alkitab anu nyeratkeun nyarioskeun "naon anu kudu dipilampah, supaya sim kuring salamet?"

  3. Kumaha saderek tiasa ngagambarkeun nurutkeun Alkitab, yen dosa mangrupakeun hiji hutang?

  4. Naon nu jadi jalan kasalametan?

  5. Tuliskeun tujuh ayat ngeunaan jalan kasalametan.

  6. Hakekat naon nu nyababkeun jalma iman bisa meunang atawa bisa mereskeun dosa-dosana?

  7. Naon harti "panghampura" dina Alkitab?

  8. Kumaha urang bisa meunangkeun panghampura ku jalan milampah pagawean nu hade?

  9. Naha tata cara ibadah atawa cara neneda aya gunana pikeun kasalametan?

  10. Naha bisa paneda safaat jalma suci ngahasilkeun panghampura pikeun urang?

  11. Kumaha pertobatan bisa mupus dosa-dosa urang nu katukang?

  12. Sabaraha harga nu dilunasan Al-Masih pikeun dosa-dosa urang?

  13. Tina hal naon Al-Masih nyalametkeun urang?

  14. Naon makuta kahirupan teh?

  15. Kumaha Alkitab nyebut-nyebut makuta nu sejenna?

  16. Al-Masih marentahkeun ka murid-murid-Na kanggo ngawawarkeun naon?

  17. Naon mangpa'at "iman nu nyalametkeun"?

  18. Hiji ayat nu nandeskeun yen iman dilebet Al-Masih ngahasilkeun hirup nu langgeng? Seratkeun

  19. Seratkeun sabaraha ayat nu bisa nyandak jalma narima Al-Masih!

  20. Jawaban naon nu diwulangkeun ku Paulus sareng Silas ka kapala panjara di kota Pilipi?