Back to the item overview
SAHA AL-MASIH TEH SALERESNA NUMUTKEUN SADEREK?

SAHA AL-MASIH TEH SALERESNA NUMUTKEUN SADEREK?

Abd Ul-Masih


Pamuka Catur

Saha Al-Masih Teh Numutkeun Saderek?

Alam dunya teh ayeuna keur maju kaalam panganggeusan, tur gancang pisan. Sakur jalma nu soleh kalawan nyekel agama jeung maranehna teh getol ibadah, nyarahoeun yen Al-Masih pasti bakal sumping deui. Dina waktu sumping-Na jalma-jalma nu teu nolih jeung apilain geus tangtu bakal rareuwaseun pisan, sabab maranehna geus ngapilainkeun kana pribadi Al-Masih sarta kana kakawasaana-Na nu nyata tur leres.

Saderek oge bakal ngalaman/nyorang, hirup nu ayeuna keur dipaju jeung hirup nu engke nyaeta hirup nu langgeng, dina hakekatna mah mutlak gumantung tina waleran urang keneh bae tina patarosan anu kieu unggelna: Kumaha hubungan pribadi saderek sareng Al-Masih? Saupami saderek nampi Al-Masih sacara pribadi, tangtuna oge saderek nembrakeun hate kanggo Al-Masih, supados Al-Masih teh lebet dina hate sanubari kalawan pinuh ku kabagjaan, sagala masalah kahirupan saderek bakal katingal kuayana caang nu anyar, kusabab dilebet Al-Masih aya hikmat jeung kayaktian. Al-Masih nu bakal sumping dina sagala kamulyaan teh bakal naros nu kieu unggelna. Naon jeung kumaha anggapan maneh ka Kami teh? Mangga urang sasarengan ngalenyepan sing asak-asak teras tilikan sagala perihal Al-Masih nu jumeneng teh.

Meungpeung masih keneh aya waktu mugi saderek sing kenging panglipur nu sajati kalawan tiasa mereskeun sagala rupa masalah kahirupan utamana mah anu hakiki, nu dilantarankeun anugrah sareng welas asih kalayan kurnia ti Anjeunna.

Anjeuna Mijalma Kulantaran Waktos Dibabarkeuna-Na Nu Ajaib

Mustahil mun aya jalma dibabarkeunana sapertos Al-Masih. Al-Masih disebat Isa putra Mariam, ku jenengan ibu-Na. Sedengkeun Ismail putra pameget Ibrahim disebat Ismail bin Ibrahim, oge Yahya bin Zakaria sareng Muhammad bin Abdullah. Anak lalaki boga waris ngaran bapa, ngaran marga atawa ngaran fam maranehna. Nanging ari Al-Masih mah hiji-hijina nu di luar kabiasaan. Anjeunna dina Al-Qur'an kawentar kalawan diangkat tokoh disebatna Isa putra Mariam, oge diangken Nabi, Imam kalawan disebat Isa Almasih, anu hartosna Juru Salamet nu diurapan. Kunaon Al-Masih dipaparin jenengan numutkeun ibuNa? Margi Anjeunna teu kagungan rama sapertos jalma rea sejenna. Isa putra Mariam dibabarkeun ku hiji parawan nu jenenganana Mariam, teu karana bibit lalaki. Dibabarkeuna-Na mutlak ngan ku kersaning Allah bae. Hal ieu teh tos dinubuatkeun ti samemehna pikeun ngawujudkeun rarancang Allah nu langgeng.

Tujuh ratus taun samemeh dibabarkeuna-Na, aya ilham Illahi ka Nabi Yesaya, nganubuatkeun kajadian nu gede ieu teh, kieu sabda Nabi Yesaya: "Kieu; Hiji lanjang bakal bobot, seug ngowokeun putra pameget, dijenenganan Imanuel" (Yesaya 7:14). Dina waktos nu tos ditangtukeun Allah nohonan jangji-Na, sabab Anjeunna satia sarta leres nu saestuna kalawan taya nu mustahil.

Kumaha saderek uninga yen Al-Masih teh Dawuhan Gusti? Langkung sae maos Injil nu diilhamkeun ku Allah; dilebetna aya nu disebat leres nu saestuna kalawan diproklamirkeun. Injil Yohanes ngajentrekeun: "Ari nu disebut Pangandika teh geus jumeneng ti memeh ieu dunya dijadikeun; Pangandika sasarengan jeung Allah, Pangandika sarua jeung Allah. Pangandika teh terus mijalma, jadi manusa, hirup di kalangan urang, jembar kurnia jeung saestu sipat-Na tur mulya kaayaana-Na, sarta kamulyaana-Na teh tembong ka urang, kamulyaan ti nu jadi Rama ka Putra tunggal" (Yohanes 1:1,14). Kulantaran Anjeunna, urang tiasa ningal Allah nu welas asih ka urang sadaya. Sadayana kawasa nu tos diciptakeun ku Allah kalawan sabda-Na tos ngahiji dilebet Al-Masih nu nyaeta Dawuhan tea. Upami saderek nalungtik sarta meunteun kajadian dibabarkeuna-Na anu benten ti nu sanes, saderek bakal reueus, sabab teu aya saurang ge jalma nu dibabarkeun sapertos putra bin Mariam. Al-Masih moal tiasa dibandingkeun sareng saha oge, Anjeunna benten tinu sanes dina dibabarkeuna-Na.

Saderek emut yen Allah tos nyiptakeun Adam, jelema nu mimiti dijieun tina taneuh. Urang sarerea anak-anak Adam sarta para Nabi oge lain nanaon ngan saukur nu diciptakeun tina taneuh liat, urang mah kabeh ge sifatna duniawi alamiah ti handap. Nanging ari Al-Masih mah ti luhur, sabab Anjeunna lungsur ti sawargi. Anjeunna murni taya cacad tur suci, beresih bodas leuwih bodas tibatan salju. Ari urang mah sadayana oge seueur nusarakah, cemar jeung loba dosa, sabab urang mah ti dunya, sanes nu dibabarkeun tina Roh Allah.

Dina kitab Suci, urang manggihan hiji patarosan nu muka rasiah, nyaeta: Al-Masih sumping kadunya teh pikeun nyalametkeun jalma-jalma nu dosa. Moal aya saurang oge nu bisa ngagentoskeun tugas Al-Masih, sabab urang mah dibabarkeun tina taneuh, nanging Anjeunna dibabarkeun langsung ti Allah. Anjeunna henteu nampik ka urang nu pinuh ku masalah, Anjeunna kagungan sasaran ti samemehna pikeun nyalametkeun urang sarerea. Anjeunna sumping ka dunya, nu keur awut-awutan, Anjeunna ngaluarkeun urang tina soal nu poko, nyucikeun urang kalawan rengse. Sapantesna urang teh ngamulyakeun Allah kusabab dibabarkeunana Al-Masih nu benten ti nu sanes tur ajaib.

Anjeunna Teu Kagungan Dosa

Al-Masih teh dibabarkeun tina Roh Allah. Ti ngawitan dibabarkeun oge Anjeunna mah tetep teu aya dosa, kalawan murni. Anjeunna teu midamel dosa, sakali oge teu kungsi salah. Anjeunna teu acan kantos nyuhunkeun dihampura dosa ka Allah sapertos nu wajib dilakonan ku jalma. Urang mah kudu ngaku dosa-dosa, lamun tea mah henteu, atuh leres teh ngan saukur bobohongan sarta nipu diri urang sorangan. Nabi Daud oge nyuhunkeun dihampura dosa bari jeung ngalengis ngaku kana dosa-dosana. Kitu deui Ibrahim nu meunang sebutan sobat Allah. Lamun bae saderek nalungtik Al-Qur'an atawa Alkitab, saderek moal mendakan ayat nu ngebrehkeun Al-Masih nyuhunkeun dihampura dosa sanajan sakali oge.

Kusabab Al-Masih mah teu kagungan kasalahan, Anjeunna teu meryogikeun disucikeun atawa dilereskeun. Anjeunna sasauran ka maranehna nu ngabantah sacara terang-terangan: "Cik ti maranehna, saha anu bisa ngabuktikeun yen Kami boga dosa? Anu diomongkeun ku Kami kabeh saestuna, ku naon teu percaya?" (Yohanes 8:46). "'Naon kaestuan teh?' Pilatus mariksa. Ti dinya Pilatus kaluar, tuluy ngalahir ka urang Yahudi, 'Kami teu manggih lantaran pikeun ngahukum eta jalma'" (Yohanes 18:38-39). "Pilatus kaluar deui ngalahir ka urang Yahudi, 'Tarenjokeun! Eta jelema ku kami rek dibawa ka hareupeun maraneh. Kami rek ngabuktikeun yen kami teu manggih sabab pikeun ngahukum Manehna'" (Yohanes 19:4).

"Imam-imam kapala jeung para pangawal Bait Allah narenjo ka Anjeunna, tuluy tinggorowok, 'Salibkeun! Salibkeun!' Saur Pilatus, 'Pek bae kumaraneh salibkeun. Kami mah teu manggih sabab pikeun ngahukum'" (Yohanes 19:6).

Leuwih ti kitu, salah sahiji tina roh jahat nu ngaraksuk salah saurang ti Gadara jadi reuwas kasumpingan Al-Masih terus gogorowokan: "Arek naon datang ka urang, Al-Masih urang Nasaret? Rek ngabinasa? Kuring nyaho Anjeun teh utusan anu suci ti Allah!" (Markus 1:24). Roh jahat ge nyahoeun saha Al-Masih teh. Jadi Al-Masih teh tos dikenal di ieu dunya, jeung dina poe pangadilan yen Al-Masih murni, sampurna, suci, tur ihlas dilebet salira-Na. Taya saurang ge sapertos Anjeunna, sabab kabeh ge loba dosa iwal ti Anjeunna.

Anjeunna Sumber Ajaran Sareng Hikmat Illahi Nu Diamalkeun

Saha wae nu nyumebarkeun Dawuhan Gusti sareng Nabi diilhaman ku Dawuhan Gusti nu langgeng. Nanging ari Al-Masih mah pusat sareng sumber Dawuhan Gusti Kuanjeun. Anjeunna teh nyaeta hiji buktos nu ngawujud tina daya cipta sareng welas asihNa Allah. Sanes bae mung sabda-Na, nanging Anjeunna jumeneng sami sareng ajarana-Na. Salami jumeneng-Na teu pisan-pisan aya hal anu nyeleweng atanapi tojaiah dina salira-Na. Kawasa Allah katingal jelas pisan dina cariosan sareng ngiatkeun.

Tina seueurna kajadian urang aos ngeunaan pribadi Anjeunna sapertos kieu: "Al-Masih liren nyariosna. Jalma-jalma mani harookeun ku carana Anjeunna ngawulang. Beda ti guru-guru agama maranehna, Anjeunna mah ngajarna teh pinuh wibawa" (Mateus 7:28-29).

Dina hiji waktos salah saurang diantara maranehanana arek newak Anjeunna, nanging ku maranehanana teh kapikir sagala kasaurana-Na jeung pikiran maranehanana hamham anu tungtungna mah saurang ge euweuh nu wani antel ka Anjeunna. Maranehna baralik deui ka dununganana kalawan nyarita kieu: "'Jalmi biasa mah moal tiasa ngalahir kitu sapertos Anjeunna,' walonna" (Yohanes 7:46).

Mangga lenyepan sababaraha cariosan Al-Masih nu disaurkeun kalawan sae manah: "Ka maraneh, anu ayeuna ngaderengekeun piwuruk Kami, Kami meupeujeuhan: Kudu nyaah ka musuh, kudu nyieun kahadean ka nu mikageuleuh" (Lukas 6:27). "Al-Masih sasauran deui ka urang Parisi, saur-Na, 'Kaula teh caangna dunya. Anu anut ka Kaula moal nyorang anu poek, sabab ngabogaan caang kahirupan'" (Yohanes 8:12).

"Ulah ngahukuman batur, supaya maraneh ulah dihukuman ku Allah. Sabab sakumaha maraneh ngahukuman ka batur, nya kitu keneh, maraneh ge bakal dihukumanana ku Allah. Lamun maraneh ngukur kitu ka batur, maraneh ge bakal diukur kitu ku Allah. Ku naon nelek-nelek tatal dina panon dulur, ari balok dina panon sorangan diantep? Kumaha rek wani ngomong ka dulur maraneh, 'Cing, eta tatal dina panon urang pangnyabutkeun ku kuring,' padahal dina panon sorangan aya balok? Eh nu marunapek! Piceun heula balok tina panon sorangan, kakara bisa awas mangnyabutkeun tatal tina panon dulur maraneh" (Mateus 7:1-5).

Lamun leres-leres saderek ngalenyepan nu leuwih jero sabda-Na nu di luhur tadi, tangtu bakal kahartos ku saderek yen Al-Masih teh caangna dunya, nu masihan damai sareng hirup nu saleresna keur sing saha bae anu taat kana Dawuhana-Na.

Sadaya Nabi nu sanesna oge sumpingna teh mung moncorongkeun sawareh cahya Illahi ka dunya nu poek mongkleng, lir ibarat bulan purnama anu caangna lembut, terus jadi bulan sapasi, ngeleutikan, redup-redup les, bae ngaleungit. Nanging ari Al-Masih mah lir ibarat cahya panon poe nu caang ngempray, masihan kahirupan ku kakuatan cahya-Na nu beunghar tur aheng. Kumaha bisa urang nuturkeun bulan sedengkeun panon poe masih keneh caang ngempray? Al-Masih teh cahya nu saleresna sabab Anjeunna nu nyumponan sadaya nubuat sareng mroklamirkeun Hukum anyar, nyaeta 'Welas asih'. Anjeunna nyalira teh nyaeta welas asih tea nu jadi jalmi, kukituna Anjeunna tiasa nganyatakeun: "Kami jalanna, Kami kayaktian, Kami sumberna hirup. Ku sabab eta lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama" (Yohanes 14:6).

Anjeunna Kagungan Kawasa Sareng Kawenangan Nu Sapinuhna

Sing saha nu merhatikeun padamelan Al-Masih bakal meunang kanyataan yen Al-Masih kagungan kamampuhan nu teu aya watesna, sabab sakabeh kawasa di sawarga jeung di dunya kawenangan Illahi sapinuhna dipasrahkeun ka Anjeunna. Anjeunna ngalaksanakeun padamelan Allah nu disaksikeun ku Anjeunna ka balarea jeung teu aya saurang oge bisa ngalakonan sapertos nu ku Anjeunna lakonan.

Anjeunna ngadamangkeun jalma nu gering lepra ku sakecap, nyageurkeun panon sina awas nu tadina lolong tibarang lahir kukersaning Anjeunna. Anjeunna ngeureunkeun angin topan nu ngagelebug ku sapa wungkul. Ngusir roh jahat ku disentak jeung ngusir setan-setan. Anjeunna ngawaregkeun 5000 jalma lalaki nu kalaparan (can kaitung awewe jeung barudak) masihan dahar sawaregna, nu asalna tina 5 potong roti jeung 2 lauk menang ngagoreng nu dibagi-bagikeun ku Anjeunna saparantos nganuhunkeun sarta diobah jadi loba pisan sacara ajaib. Tacan pernah aya jalma nu ngalakonan sapertos kitu. Padamelan Al-Masih memang teu aya babandinganana. Salian ti ajaib teh salawasna dipinuhan ku leres jeung ajaran nu langgeng.

Sababaraha Nabi ngalakukeun mujizat nu aya watesna, aranjeunna ngalakukeunana ku asmana Allah. Nanging Al-Masih midamel sagala rupi mujizat ku asma-Na kumanten, margi kawasa-Na nu aheng.

Aya saurang nu ngaranna Lazarus geus maot kalawan dikurebkeun. Saderekna nu keur sararedih datang ka Al-Masih nyuhunkeun pitulung-Na. Waktu Anjeunna dugi ka kampung maranehna, Lazarus geus dikuburkeun 4 poe lilana. Al-Masih nyaketan kuburan, teras Anjeunna miwarang ngagulingkeun batu panutupna. Saterusna Anjeunna ngagero tarik pisan "Lazarus kaluar!" Jalma nu geus maot teh kaluar. Manehna hirup deui.

Saderek oge, lamun saderek sadia ngupingkeun Dawuhan Allah nu jadi sumber kahirupan sajati, saderek oge bakal digugahkeun deui ayeuna pisan tina paeh rohani akibat dosa. Kusabab Al-Masih sasauran: "Kami teh anu ngahudangkeun jeung anu ngahirupkeun" (Yohanes 11:25). "Kaula ngomong saenyana: Sing saha anu ngaregepkeun omongan Kaula jeung percaya ka anu ngutus Kaula, tinangtu hirup langgeng, moal dihukum, malah ucul tina paeh sarta asup kana hirup" (Yohanes 5:24).

Poe eta bakal datang. Dina poe eta sakabeh nu maot bakal ngadenge soanten-Na jeung bakal digugahkeun, jalma nu hirupna sareng Allah atawa nu nuju leumpang kana hukuman nu kacida nu pinuh ku katalangsaraan taya tandinganana. Mun saderek nembrakeun hate kanggo Al-Masih, saderek bakal meunang kabagjaan nu dianugrahan ku hirup nu langgeng.

Anjeunna Rido Nandangan Katalangsaraan Ngagantikeun Hukuman Urang

Al-Masih pupus teh leres jeung nyata. Al-Masih disalibkeun, jeung pupus-Na binasa sacara keji. Sajarah jeung Alkitab nyatetna sacara pasti tur nyata. Anjeunna nandangan peurih batin nu taya bandinganana. Lir ibarat cai susu dibales ku cai racun kalawan katunggaraan disiksa jeung disalibkeun. Anjeunna nganubuatkeun pupusna kumanten sacara terang-terangan kalawan jentre.

Kumaha saderek terang, dimana saderek teh bade maotna? Naha di kota tempat saderek bumen-bumen. Kumaha saderek maotna? Kusabab tiktikbrek, atawa maot nu sawajarna, atawa ku jalan kacilakaan lalu lintas di jalan, atawa di tempat sare? Naha kusabab panyakit atawa kusabab geus kolot pisan? Dina tanggal bulan jeung tahun sabaraha?

Komo deui mun ditanyakeun nasib kulawarga jeung baraya nu ditinggalkeun ku saderek. Kabeh ge ngan ukur duka teuing kumaha. Nu sawajarna, urang moal bisa nyaho iraha jeung cara kumaha urang maot. Kitu deui para Nabi teu uningaeun waktosna pupus nu ditangtoskeun kanggo aranjeunna. Nanging ari Al-Masih mah uninga sareng nganubuatkeun yen Anjeunna bade pupus di Yerusalem saparantos diadili ku para pamuka Yahudi sarta pamarentah Romawi tur nandangan kasangsaraan. Ku kapalay Anjeunna oge milih poe kanggo pupus-Na.

Kuayana hianat Yudas Iskariot salah saurang murid Al-Masih, ngagampangkeun pamuka-pamuka bangsa Yahudi jeung pasukan Roma pikeun nangkep Al-Masih nu keur ngadoa di taman Getsemani. Kusabab kacurangan jeung kadelekana pamuka-pamuka Yahudi nu memang geus dirarancang ti samemehna pikeun maehan, maranehna ngamangpaatkeun pangaruh Herodes nu sarakah.

Nepikeun ka muka jalan hukuman anu kumaha aing. Mahkamah kapaksa narima fitnahan jeung tuduhan palsu. Pontius Pilatus ngabatalkeun tanggung jawab hukumna, balas ngumbah leungeun, tilu kali nyebutkeun yen teu aya kasalahan nu dilakonan ku Al-Masih ti Nazareth nu disebut Al-Masih.

Para pamuka Yahudi ngasud kabalarea nu keur karumpul di Yerusalem pesta paskah, nu keur pasedek-sedek teh beuki teu puguh waktu digorowokkeun salibkeun!, leupaskeun Barnabas! Salibkeun! Al-Masih teh lain raja maraneh? Lain! Ngan Kaisar raja mah! Paehan! Salibkeun! Ku desekan jalma rea nu geus teu beunang dijejeran deui, kusabab kitu kakejeman teh diantep karepna pinuh ku amarah nu geus ngalimpudan.

Dina Waktos Paskah Inti Rasiah Kajantenan Ngaluarkeun Getih Ieu Teh Kaungkab

Anjeunna tos mutuskeun dina poe naon nu pangalusna pupus (wafat). Poe nu dipilih ku Anjeunna teh nyaeta poe raya Paskah. Dina poe eta jalma-jalma di Yerusalem geus biasa ngurbankeun domba nu mulus pikeun nyegah bebendon Allah. Sabab bebendon Allah teh bisa dipegat kuayana kucuran getih domba tea.

Tah kitu pihartieunnana Al-Masih pupus lir anak domba Allah nu dikorbankeun pikeun miceun dosa umat manusa di dunya, nanggung kasalahan urang sarerea nu kotor supados bebendon Allah teh ngan saliwat. Hartina ngabebaskeun jalma nu percanten ka Anjeuna tina kabinasaan kana hirup nu langgeng.

Sing saha nu percanten ka Al-Masih bakal dibersihkeun tina dosa kalawan dilereskeun pikeun hirup nu langgeng. Al-Masih lain ngan saukur nganubuatkeun piwafateuna-Na, nanging harti jeung hakekat pupus-Na samemeh boh saatosna disalibkeun.

Anjeunna ngajamin sakabeh murid-murid-Na ku kapastian yen Anjeunna bakal gugah (bangkit) deui, tina pupus saparantos tilu poe. Kawasa jeung kanyaah Allah ngarobah hate maranehna jadi sadar, maranehna jadi saksi nu tulus tur gede wawanen. Bagja tur bagja urang teh ayeuna anu narima kasaksian murid-murid Al-Masih jeung narima Al-Masih sacara pribadi.

Moal aya kawasa naon oge nu bisa ngahalangan atawa nu bisa ngunggulan kawasa gugah-Na. Memang leres geus jadi kanyataan sajarah, Al-Masih kuanjeun sasauran: "Saenyana moal aya anu bisa ngarebut nyawa Kami. Dikorbankeun oge ku karana kaiklasan Kami; Kami kawasa nyerenkeun, kawasa nyokotna deui. Kitu pangersana Ama Kami" (Yohanes 10:18).

Taya saurang ge jalma nu nganyahoankeun waktosna maot teh iraha, komo deui ngabogaan kamampuhan gugah deui (hirup deui) sanggeus maot. Al-Masih pupus kulantaran Anjeunna kersa pupus pikeun nanggung dosa-dosa dunya supados sarerea bebas tina bebendon hukum Allah.

Di ieu dunya mustahil lamun aya jalma nu maot, gugah (hirup) deui sapertos Al-Masih nu ngahasilkeun kamulyaan nu abadi pikeun sakabeh jalma. Pupus-Na Al-Masih mah mung karana Allah bae nu Maha Kawasa nu dipasrahkeun pikeun kasalametan umat manusa.

Anjeunna Iasa Maparin Kawasa Gugahna Nepi Ka Jadi Milik Urang Sarerea

Al-Masih teh leres tos pupus disalibkeun. Teras dikuburkeun dina kuburan anyar dikali, di hiji tempat gugunungan batu nurek dipake ku kulawarga Yusuf ti Arimatea, jalma nu beunghar tur berehan, masrahkeun kubur eta seja ngahormat ka Al-Masih.

Panutup kubur teh dijieun tina batu nu gede, tuluy ku maranehna nu ngamusuhan teh dibere tanda ku tanda ti kakaisaran Roma nu paling kawasa waktos harita. Kulantaran maranehna curiga bisi murid-murid Al-Masih maling layon tipeuting. Nanging sanggeus katilu poena Al-Masih teh gugah (hirup) teras kaluar ti kuburan nu disegel jeung di jaga tea. Hiji Malaikat Allah nu turun ti langit ngajugjug ka kuburan terus ngagulingkeun batu sarta calik di luhureunana pameunteuna lir kilat anggoanana saperti salju.

Anu jaraga teh ngadaregdeg sieuneun, terus bae ninggalkeun posna. Beungeut maranehna teh pada sepa kulantaran manggih kareuwas nu sakitu gedena. Bari ngadaregdeg jeung arap-ap-eureup-eup maranehna nyaksikeun kajadian tea ka imam-imam. Al-Masih gugah deui... teu bisa dielehkeun. Sanggeus rurundingan jeung para pamuka maranehna mutuskeun rek nyuap para prajurit nu ngawal kuburan. Terus mere duit ka para prajurit tea supados maranehna teu nyaritakeun deui kajadian tea sanajan ka saha-saha oge.

Poe minggu subuh-subuh sababaraha urang awewe, Maria Magdalena sabatur batur daratang ka kuburan rek murulukeun rupa-rupa ramuan ka layon Al-Masih bari dituturkeun ku murid-murid Al-Masih anu sejenna. Barang maranehna nempo kuburan geus aya nu muka jeung batuna geus digolerkeun dina taneuh. Jeung deui aya dua hal nu ajaib nyaeta aya dua malaikat keur ngajaga kuburan nu geus kosong, nu saurang di palebah sampean nu saurang deui di palebah mastaka tempat Al-Masih dikuburkeun.

Kadua malaikat teh sasauran: "Tong sarieun! Nyai tangtu rek ngalayad Al-Masih urang Nasaret anu dihukum salib tea. Anjeunna geus teu di dieu, geus digugahkeun! Tuh, kari urut ebog-Na! Geura pupulihkeun bae ayeuna mah ka murid-murid-Na, ka Petrus oge. Bejakeun, 'Anjeunna geus angkat ti heula ka Galilea sakumaha saur-Na tea, engke tangtu kapanggih ku aranjeun di ditu'" (Markus 16:6,7).

Nanging ari parasaan anu teu puguh mah tetep bae ngeusian hate maranehna heran pacampur jeung sieun, malah mah nganggap jurig sagala ka Al-Masih teh. Al-Masih teh teras bae naros ka maranehna bari pinuh kudeudeuh sarta nyaurkeun salam sajahtra. Anjeunna ningalikeun tilas dipaku dina panangan sareng sampean. Malah teras barangtuang kalawan masihan kasempetan ka maranehna supados ngarampa, maksadna supados yakin yen Anjeunna teh leres-leres tos gugah kalawan raga nu nyata ngawujud.

Murid-murid-Na baralik deui ka Galilea daerah asal maranehna sapertos nu diharepkeun. Disangka Al-Masih tos ngantos. Anjeunna ngarepkeun supados murid-murid-Na ngamimitian deui. Kahirupan maranehna ku dasar nu anyar, nyaeta kawasa gugah-Na. Kujalan gugahna ieu maranehna baralik deui ka Yerusalem. Lima puluh poe sanggeus kajantenan gugahna, maranehna narima Roh Suci poe Pentakosta sanggeus ngadoa lilana sapuluh poe.

Sakabeh Nabi jeung utusan Allah pupus. Layonna dikuburkeun, jasadna ancur ngahiji jadi taneuh. Nanging ari Al-Masih mah tetep jumeneng jasadna robah jadi raga rohani nu henteu keuna ku maot deui. Anjeunna kagungan raga kamulyaan.

Naha saderek parantos ngartos hakekat jeung harti gugahna Al-Masih? Padamelan Allah diterapkeun dina panggung sajarah. Allah miasih Al-Masih nu disalib kalawan nampi panyembahana-Na nu seungit dina kayu salib pikeun kasalametan saeusi dunya.

Anjeunna Naek Ka Tempat Rama Di Sawarga

Saderek tos terang, yen Al-Masih nembongkeun salirana salami 40 poe pikeun ngabuktikeun gugahna jeung nganyatakeun kamulyaana-Na? Sanggeus kitu Anjeunna naek ka sawarga calik dipalih tengeneun Allah. Ngan Al-Masih nu ngabogaan pasamoan (sifat ngahiji) nu leuwih deukeut sareng Allah. Moal aya saurang oge nu nyaruakeun Anjeunna.

Sakumaha Anjeunna lungsur ti sawarga janten manusa, kitu deui Anjeunna mulih ka sawarga saparantos ngelehkeun dosa, seureudna maot sarta ngabinasakeun kawasa iblis kujalan pupus-Na di kai palang.

Al-Masih teh pangantara nu boga wewenang sagemblengna keur jalma nu datang nyembah Allah kusabab jenenganna-Na. Sing saha nu masrahkeun diri kusabab perantaraana-Na bakal ngalaman pinuhna bathin anu dipidamel ku Roh Suci. Maranehna bakal narima pikiran nu anyar nu pinuh ku kahirupan Illahi anu bakal kataji dina laku lampahna nu tulus ihlas tur beresih hate jeung handap asor.

Lamun bae saderek hoyong ngalaman kasumpingan Al-Masih anu jumeneng salalamina kalawan berekah-Na sarta panebusana-Na, jalan anu kudu dilaksanakeun ku urang teh nyaeta; mukakeun (nembrakeun) manah saderek kalawan ngarido kawasa Roh-Na midamel, nepi ka antara iman jeung niat bisa nalaah tur ngalenyepkeun Anjeunna nu maparin kahirupan anu sajalan sareng rarancang Anjeunna kalawan kersaning Gusti Allah nu Kawasa.

Sing saha bae nu nampik Al-Masih sarua bae jeung nampik ka Allah, sabab Allah teh tos masrahkeun Al-Masih jadi harga tebusan pikeun dunya. Kaanehan Al-Masih ieu teh tos diwahyukeun Allah ka Nabi Daud 950 taun saeuncana, mangrupakeun nubuat pikeun Al-Masih: "Geura calik katuhueun Kami, nepi ka musuh-musuh hidep, ku Kami dijieun titincakan hidep" (Jabur 110:1).

Ungaal jalma nu nampik kaasih Allah nu diproklamasikeun dina diri Al-Masih, sarua bae jeung ngahukum dirina sorangan. Sing saha bae kalawan ngahaja nampik kasalametan hiji-hijina paparin Allah, tangtu bakal binasa.

Ti saprak manusa ancrub kana dosa nepikeun ka gugahna Al-Masih, maot teh mangrupa hiji musuh manusa nu pangdipikasieuneunana. Nanging Al-Masih teh tos ngelehkeun maot tur masihan hirup. Anjeunna moal keuna ku maot nu langgeng. Sing saha nu percanten ka Al-Masih bakal meunang bagian dina kawasa jeung kakuatan Anjeunna nu ngelehkeun kajahatan. Saderek parantos nampi berkah kawasa gugahna Al-Masih? Upami teu acan mah langkung sae geura tampi enggal-enggal.

Anjeunna Bakal Sumping Deui Ka Dunya

Al-Masih teh welas asih. Anjeunna hakekat tina welas asih tea, nu mikadeudeuh ka sakabeh jalma. Utamana mah keur maranehna anu hirup dina Roh kaasih-Na nu ngakibatkeun jalma-jalma pinuh welas asih jeung gede hampura ka sasama. Sami sapertos Allah nu tos ngahampura maranehna nu aya dilebet Al-Masih. Kapalay Al-Masih teh urang sarerea salawasna aya dina jalan ridho Allah. Anjeunna sasauran nu kieu unggelna: "Sanggeus nyadiakeun pitempateun maraneh, Kami ti ditu tangtu bakal datang deui nyokot maraneh, supaya maraneh oge aya di tempat Kami" (Yohanes 14:3).

Anjeunna sacara gamblang nganubuatkeun kasumpingana-Na kadua kali, sami bae sapertos waktos Anjeunna nyebatkeun piwafateuna-Na sareng kagugahana-Na. Pikeun nu arif tur wijaksana geus tangtu bakal nyiapkeun dirina pikeun mapag kasumpingan Anjeunna kusabab terang yen Anjeunna teh bakal sumping deui kalawan dina kamulyaan. Anjeunna bakal misahkeun antara nu geus narima panebusan jeung nu bedegong, gede hulu tur teu daek ngaku yen maranehna teh jalma nu loba dosa ngabutuhkeun panghampura Allah.

Saderek nu dipideudeuh!

Enggal geura tampi Al-Masih teh nu dipiGusti sareng Juru Salamet supados saderek teh teu kaasup jalma nu bakal dihukum di jaman ahir. Kusabab saderek tos narima panghampura jeung kasalametan, ngan Anjeunna nu tiasa ngabebaskeun tina bebendon Allah. Sakabeh jalma percanten satia ngantos kasumpingan Al-Masih sarta ngarasa sono kacida. Urang Yahudi atawa Muslimin/ muslimat sarua bae pada tarerangeun yen Al-Masih teh pasti bakal sumping deui.

Aya oge nu ngira-ngira yen Al-Masih bakal marentah lamina 40 taun, aya deui nu nyebatkeun 100 taun, malah aya nu yakin 1000 taun. Tapi Alkitab ngajamin yen Al-Masih teh Raja di saluhureun raja, oge Gusti di saluhureun tuan. Karajaan Anjeunna mah nu teu aya ahirna, nyaeta pikeun salawasna. Anjeunna sasauran kieu; "Saur juragan, Kaula teh raja. Tujuan Kaula medal sareng dongkap ka ieu dunya seja ngawurukkeun hal kaestuan. Jalmi anu dipimilik ku kaestuan tangtos daekeun ngupingkeun ka Kaula" (Yohanes 18:37).

Anjeunna Nganggo Jenengan Sareng Gelar Nu Tos Ditangtukeun

Sababaraha Nabi kagungan gelar nu husus. Ibrahim disebat sobat Allah, Musa juru carios Allah, ari Al-Masih mah nyaeta Dawuhan Allah sareng Rohullah (Roh Allah). Dina Injil disebatkeun, aya wahyu nu langsung ti sawarga nu kieu dawuhana-Na: "Tah ieu teh Putra Kami, kaasih Kami, anu kamanah ku Kami. Masing ngagugu ka Anjeunna!" (Mat. 17:5).

Naon harti cariosan "Putra Allah?" Biasana lamun anak sok ngagambarkeun sifat bapana, kugambaran kitu urang bisa oge ningal sifat-sifat Allah kuayana Al-Masih. Anjeunna teh mangrupa hiji gambaran nyata Allah nu teu katingal. Hal ieu teh ditegeskeun ku Al-Masih di harepeun murid-murid-Na: "Anu geus nenjo Kami tangtu nenjo ka Rama" (Yohanes 14:9). Bisa jadi aya nu nyarita kieu: Punten bae, Al-Masih teh hiji Nabi nu teu leuwih ti kitu.

Mangga urang ngamimitian nalungtik. Lamun bae Anjeunna teh mung saukur Nabi, kunaon sababna teu daek taat kana parentah-parentahNa? Saderek teh tos dihakiman upami saderek teu leres-leres tobat.

Kumargi kitu ulah ngahehese urang sorangan teu daek narima kaasih Allah. Anu langkung sae mah nyandak jalan pintas bae, nyaeta nampi Al-Masih pikeun kasalametan diri urang pribadi. Upamina saderek tos nampi Al-Masih jadi juru salamet, saderek bakal pependak sareng kahirupan nu anyar tur langgeng pikeun salawasna.

Mangrupa hiji Nabi Al-Masih kagungan sasaran anu nyata nyaeta; nganyatakeun rancangan karana Allah ngorbankeun diri-Na pikeun nebus dosa-dosa umat manusa, nu ngelehkeun maot jeung kawasa setan ku jalan gugah-Na jadi imam jeung juru safaat. Anjeunna teh bakal sumping deui pikeun jadi hakim, oge Raja. Memang hiji rasiah nu gede pisan malah teu kajudi ku pikir.

Al-Masih nembongkeun salira-Na mangrupa abdi Allah keur ngabebaskeun urang sarerea tina badega-badega dosa. Anjeunna sumping ka dunya mangrupi insan nu handap asor (ngarendahkeun salira-Na), ngawujudkeun naon nu disebat manusa sajati. Saderek, sanes harta banda atawa pangkat atanapi jabatan nu bisa nyalametkeun urang manusa teh, tapi ngan kaasih Al-Masih nu tiasa nyalametkeun.

Cobi tingal jelema nu ngabar-ngabar bedog (gobang) katembongna gagah, tapi maranehna nu bisa ngawasaan dirina, leuwih kuat ti eta. Nu leuwih unggul ti sakabeh manusa nyaeta Anjeunna Al-Masih nu masrahkeun hirupna (nyawana) pikeun nebus dosa-dosa jalma rea. Kusabab kitu rasul Yohanes nyebatkeun: "Pangandika teh terus mijalma, jadi manusa, hirup dikalangan urang, jembar kurnia jeung saestu sipat-Na tur mulya kaayaana-Na, sarta kamulyaana-Na teh tembong ka urang, kamulyaan ti nu jadi Rama ka Putra tunggal" (Yohanes 1:14).

Al-Masih teh mijalma dina wadah jeung kapribadian manusa supados urang bisa ngarti yen Allah teh Rama nu pinuh ku welas asih tur panghampura. Allah mah sanes tukang naklukkeun nu ngaruksak atawa pribadi nu ngambang. Al-Masih ngawawarkeun ka urang pangarti nu anyar supaya jalma-jalma teh nyaho saha saenyana Allah teh.

Anjeunna sanes wae ngawurukeun sifat-sifat Allah nanging oge hirup-Na teh ku dasar welas asih Allah ka urang sarerea, supados urang ngarti kana tujuan hirup anyar kaasih nu abadi.

Kumaha Waleran Saderek Kuayana Tawaran Al-Masih?

Putra Allah sasauran ka saderek kukasauran nu lemah lembut: "Hiap datang ka Kami, sakur nu maropo jeung nu kalempohan sarta nu ngarasa beurat ku momotan, ku Kami rek direureuhkeun. Turut parentah ka Kami sarta diajar ka Kami. Kami teh lemah lembut jeung rendah hate, sarta maraneh bakal ngarasa reureuh. Sabab parentah-parentah Kami mah gampang, sarta momotan ti Kami hampang" (Mateus 11:28-30).

Waktos Al-Masih nyauran murid-murid-Na kukasauran tadi, maranehna gancang narima, teras maranehna ninggalkeun imahna, bapana, pagaweanana jeung teras marilu ka Al-Masih tur mercayakeun dirina ka Anjeunna. Waktos maranehna jadi pangiring Al-Masih, maranehna leuwih percanten masrahkeun hirupna ka Anjeunna, nepika maranehna pinuh ku kakuatan Roh Suci-Na.

Al-Masih dugi ka ayeuna oge jumeneng sarta ngantos waleran-waleran saderek nu sami sareng waleran-waleran murid-murid Al-Masih. Anjeunna ngagentraan saderek sacara pribadi supados ninggalkeun sagala hahalangan nu aya, terus ngiring ka Anjeunna. Saterusna saderek bakal terang ka Anjeunna nu leuwih jero, jeung bakal masrahkeun diri saderek dina rahmat-Na.

Anjeunna nangtayungan saderek ku Roh-Na nu suci, saderek dirobah tina hal kapribadian, cariosan, tingkah laku sareng nu sanesna. Saterusna bakal dipinuhan ku kaestuanna-Na, handap asor, tur bakal pinuh kaasih. Damai sareng sejahtra Allah miara pikiran nu saterusna langkung murni dugi ka Al-Masih sumping kadua kali, nu tos caket pisan waktosna.

Appendix A. Bahan Nu Dikaji

Saderek anu kaasih, manusa mung tiasa ngabukakeun naon nu kahartos ku akal manusa. Aos buku ieu sing taliti, teras cobi waler patarosan nu aya dihandap ieu.

  1. Naon kaajaiban dibabarkeuna-Na Al-Masih?

  2. Kunaon margina Al-Masih mah tetep teu kagungan dosa?

  3. Naon rusiah cariosan Al-Masih?

  4. Padamelan Al-Masih teh naon nu paling matak helok saderek?

  5. Naon nu nyababkeun pupus-Na Al-Masih benten sareng nu sanes?

  6. Naon harti/makna tina gugah-Na Al-Masih ti nu maot?

  7. Di mana Al-Masih ayeuna? Naon tugasNa?

  8. Naon pangertosan saderek kuayana kasumpingan deui Al-Masih nu kadua kalina?

  9. Kunaon Allah nyebat Al-Masih putra-Na?

  10. Saha Al-Masih teh numutkeun saderek?