Buku Buku
numutkeun
Iskander Jadeed
Panulis ngajelaskeun dina lebet patarosan sareng jawaban anu sederhana perkawis jalan kasalametan bebas tina dosa, sareng kumaha carana ngalakonan kahirupan anu leres sareng suci. Kasalametan tina dosa tea, ”tos aya dina emutan Allah ti awalna”. Oge kanggo alesan ieu, Anjeuna 'Gusti' maparin Putrana nu tunggal”. Isa Almasih, kanggo nebus dosa urang sadaya. Panulis ngajelaskeunnana seueur nganggo ayat ayat Kitab suci.
Iskander Jadeed
Buku alit ieu ngawaler patarosan-patarosan anu paling sering di sodorkeun,nyaeta masalah paneda tina pamadegan Kristen, panulis nyarioskeun nuaya patula patalina sareng paneda. Intina, kumaha carana neneda, sikap, syarat syarat,tempat, rahasia neneda anu aya hasilna, pangarahan, tuntunan, waktos anu tepat, sareng unsur unsur paneda anu sanesna.
Abd Ul-Masih
Saha Kangjeng Isa teh saur pamadegan salira? Ku Abd al-Masih Panulis ngajelaskeun dina hiji lebet patarosan anu singgkat, anu di sodorkeun kanu maos, sababaraha hal utami anu aya patula patalina sareng Kristus, nyaeta, mujijat kalahirannana, kaayaannana anu tampa dosa, pawulang-pawulangna, kawasana, kasangsaraannana, kaunggulannana tina tilarna, munggahna kasawarga, kasumpingannana anu kadua, sareng namina, gelar gelarna. Panulis tumaros kanu maos kumaha pamadegannana perkawis gelar atanapi julukan anu ditujukeun ka Kangjeng Isa.